Empal Gentong: Salah sahiji katuangan ti Indonésia

Empal gentong nyaéta salah sahiji kadaharan has ti Cirebon, Jawa Kulon.

Empal gentong téh ampir sarua jeung gulé, nu ngabédakeunna mah cara masakna, empal gentong diasakan di handapeun hawu nu maké suluh, jeung diasakanna dina gentong nu dijieun tina taneuh liat. Eusina téh biasana mah daging sapi, peujit jeung babat.

Empal Gentong: Salah sahiji katuangan ti Indonésia
Empal Gentong

Sajarah empal gentong

Empal gentong asalna ti Desa Battembat Kecamatan Tengah Tani, Kabupatén Cirebon. Diaranan empal gentong téh ku sabab saluyu jeung hartina, empal nu ngandung harti daging sapi nu loba lemakna jeung gentong nyaéta tempat ngasakanana.

Istilah empal di Cirebon ngandung harti gulé, lain gepuk atawa kéré. Disebut kitu téh ku sabab ngasakana paling sakeudeung 5 jam dinu jero gentong ku suluh tangkal asem, nu nyababkeun kacida hipu dagingna téh jeung miboga rasa nu has. Gentong taneuh liat nu geus dipaké mangtaun-taun ngajadikeun empal gentong miboga seungit jeung rasa nu has.

Cara nyieunna

Empal gentong miboga bahan dasar daging sapi jeung jeroan, bungbu séjénna kayaning cipati, séréh, salam, jahé, cengkéh jsb. Pikeun nyieun empal gentong téh, kudu dihawu nu maké suluh. kabéh bahan diabuskeun ka jero gentong nu tuluy diantepkeun salila kurang leuwih 5 jam. Biasana empal gentong dipidangkeun maké daun kucai nu geus dirajang ipis, empal gentong didahar maké lontong atawa sangu. Ditambahan ku cabé garing nu geus digiling jeung biasana dipidangkeun maké kurupuk rambak ( kurupuk kulit munding).

Rujukan

Empal Gentong: Salah sahiji katuangan ti Indonésia 

Tags:

CirebonGuléHawuJawa KulonPeujitSuluh

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Dita KarangLoka Warisan DunyaEmma PoeradiredjaManggahKakawihanBidara2007NangkaMantraPancakakiGugununganBalakbakLaut TengahFolklorNovel27 MaretAjaran Jati BuhunBinary numeral systemSénégalParayAsép Sunandar SunaryaKarédokArkéologiGosaliLaut Tiongkok KidulKaloTolokNadaBenedict CumberbatchCakalangCaiDoel SumbangGatrikAgum GumelarCampursari1949Sylvester StalloneGeutahYouTubeLodongIsraélBébénténganMétabolismePerang Dunya IHak ciptaRépublik Rahayat TiongkokRarangkén ka--anTélékomunikasiTatakrama basa SundaSiksikan congcotTIndependent components analysisKrisanBatubara24 AprilKecap kantétan (basa Sunda)HéndarsoBandéraBayawakGondéwaMencekNyiruStockholmMuammar KhadafiLeuncangeunWiki CommonsLasminingratMaudy AyundaOto Iskandar di NataAustraliaKalimah🡆 More