Batubara

Batubara

Batubara
Batubara Bituminus

Batubara nyaéta sédimén/daglegan endapan senyawa organik karbonan anu ngawujud sacara alamiah tina sésa-sésa tutuwuhan . Pertambangan batubara nyaéta pertambangan daglegan karbon anu aya dina jero bumi, kaasup bitumen padet, gambut, jeung batuan aspal. Mineral jeung batubara salaku sumber daya alam anu teu bisa dianyarkeun mangrupa kakayaan nasional anu aya dina kakawasaan nagara pikeun sahadé-hadéna karaharjaan rahayat.

Prosés ngawujudna batubara tina tutuwuhan ngaliwatan dua tahap, :

  1. Tahap ngawangun gambut (péat) tina tutuwuhan sering disebut prosés péatification.
  2. Tahap ngawangun batubara tina gambut, sering disebut prosés coalification.

Tutuwuhan anu rungkad atawa paéh, umumna bakal buruk jeung ancur nepi ka sanggeus sababaraha waktu lilana teu katingali deui wangun aslina. Dina enas-enasna mah prosés jadi burukna téh mangrupa oksidasi anu dilantarankeun ku ayana oksigén jeung aktivitas baktéri atawa jasad renik lianna.

Matéri Pangwangun Batubara

Ampir kabéh matéri anu ngawangun batubara nyaéta tutuwuhan.:

  1. Alga, ti jaman Pre-kambrium nepi ka Ordovisium kalawan sélna tunggal. Endapan batubara tina ieu périodeuu saeutik.
  2. Silofita, ti jaman Silur nepi ka Devon Tengah, mangrupa rundayan tina alga. Endapan batubara tina périodeuu ieu saeutik.
  3. Pteridofita, ti jaman Devon Luhur nepi ka Karbon Luhur. Matéri utama anu ngawangun batubara saumur Karbon Luhur aya di Éropah jeung Amérika Kalér. Pteridofita téh tutuwuhan tan kembang, tan siki. Ngarundayna ku cara nyebarkeun spora, tur tumuwuh dina iklim haneut.
  4. Gimnospermae, ti jaman Permian nepi ka Kapur Tengah. Ieu tutuwuhan téh hétéroséksual, sikina dibungkus dina jero buah (saperti pineus) jeung ngandung kadar geutah (résin) anu loba.
  5. Angiospermae, ti jaman Kapur Luhur nepi ka ayeuna. Ieu mangrupa jenis tutuwuhan modéren, buahna nutupan siki, jalu jeung bikang aya dina hiji kembang, kadar geutahna kurang upama dibandingkeun jeung Gimnospermae, tur umumna kurang bisa diawétkeun.


Rupa-rupa Batubara

Dumasar kualitasna, batubara dibagi jadi 5, nya éta:

  1. Veen atanapi turf, nyaéta batubara anu ngandung karbon kirang ti 50%. Batubara nu kieu umurna paling ngora dibandingkeun sareng jinis batubara sanés. Perenahna masih diitung dina beungeut bumi.
  2. Bruinkool atawa batubara coklat, nyaéta batubara anu ngandung kira-kira 75% arang. Tempatna di lapisan tersiér bumi.
  3. Steenkol atawa batubara hideung, nyaéta batubara ngandung kira-kira 75-90% karbon. Tempatna aya dina lapisan karbon sareng tersiér bumi.
  4. Antrasit, nyaéta batubara anu ngandung karbon leuwih ti 90%.
  5. Graphiet, nyaéta batubara anu ngandung 96% areng.

Rujukan

Batubara 

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

2010Oto Iskandar di NataMuhammad TohaKaduTarumanagaraRarakitanKritik sastra SundaKodam III/SiliwangiMingguBaratayudaSuku (biologi)Blog1862RohangNgaran urang SundaPilipinaKecap (basa Sunda)ComroSeblakNgojayAbdullah MustappaBayawakIranRusiaWahdi SumantaBodasKawihSeni PintonanCareuh bulanSwakarya, Suradé, SukabumiPasantrénAl-AnfalLaosHanaangPatempatanSawalaItilKleponCika-cikaPanata acaraAbdul Halim SyatariGuatémalaKampung DukuhKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarGalenganYura YunitaJamparingRarangkén pi--eunTurkiJerseyHiperténsiGamelanKabayaMantra SundaWikiSiddhartha GautamaKampung NagaPapanggalanIndonésiaTongo2005DimensiWawancaraAngeunTipografiBangbaraKota DépokHawu🡆 More