Bams Samson

Bambang Reguna Bukit atawa biasa dipikawanoh Bams Samson nyaéta salah saurang personel grup musik Samson.

Samson sorangan diwangun ku lima urang personel di antarana nyaéta, Bams, Aldri, Erik, Konde jeung Irfan, anu album kahijina nyaéta NALURI LELAKI anu medal taun 2005.

Bams mangrupa putra kahiji ti pasangan Johan Begin Bukit jeung Desiree Tarigan. Sababaraha taun sanggeus Bams lahir, kadua sepuhna cerai. Desiree nikah deui jeung pengacara Hotman Sitompul. Bam anu lahir di Ottawa, 16 Juni 1983 saméméh sukses salaku panyanyi, kungsi diajar musik di Elfa Secioria, TSB (Tarik Suara Bertha), sarta kursus gitar Yamaha Musik.

Karir maén musik Bams dimimitian ku gabungna jeung Infinity Band. Acan kungsi rékaman, band ieu bubar. Ti dinya, Bam jeung Irfan (gitar), Erik (gitar), Adjie (drum), Aldri (bass), jeung Ucil (vokal), nyieun band nu ngaranna The Equal. Grup musik anu maké dua vokalis ieu teu kuat lila sanggeus Ucil jeung Addjie ngundurkeun diri. Posisi Adjie digantikeun Konde. Ngaran maranéna ogé robah jadi Samsons.

Bams ngaidolakeun Radiohead, Led Zeppelin, Queen, jeung Foo Fighters nu ngabalukarkeun lagu-lagu Bams kainspirasi ti para idolana.

Sumber


Bams Samson 

Tags:

2005

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

IndiaPortugal3Hadiah Nobel KimiaSora24Adat ngurus orokBit error ratioGiziKartiniWalirangNutrisiSayangPupuh8 Oktober27UnicodeNangkaMonarki konstitusionalAmbalika1911200SMAS Kanaan Global SchoolViceroyDiego MaradonaAdat ngariksa nu kakandunganSeniDékadeRépublik Rahayat Tiongkok.gmItō HirobumiKalénder Grégori.guSistem Geodesi DunyaGuratmangsa Sastra SundaJumaah.yeKalénder1977SatelitJaguarKaulinan budak SundaHardiskAbonNobuyuki AbeBacang (kadaharan)Abad ka-22RaksukanKecap Kantétan (Basa Sunda)PaculVitaminAl-AnfalBasa Spanyol59Kecap barangLayung.bwKecap (basa Sunda)BoluPakasabanVatikan.roKalimah1963Aluvial1900ImahSudanAbad ka-20Nyeri huntuGénusÉnergiAnonimSistem Hijian Internasional🡆 More