Amplop Virus

Virus (contona HIV jeung loba virus sato) boga amplop virus salaku bungkus luarna dina hambalan daur hirup di antara sél inang.

Di antara nu boga amplop éta aya ogé anu boga lapisan protéin anu katelah kapsid antara amplop jeung génomna . Amplopna biasana diturunkeun tina mémbran sél inang (fosfolipid jeung protéin) anu diselapan glikoprotéin virus anu gunana pikeun nyingkahansistem imun inang. Glikoprotéin dina beungeut amplop gunana pikeun mikawanoh sarta muntang kana loka reséptor dina mémbran inang. Amplop viral lajeng ngahiji jeung mémbran inang, sahingga kapsid jeung génom virus bisa asup jeung nginpéksi inangna.

Amplop Virus
Skéma Cytomegalovirus

Sél anu kaeunteupan virus ilaharna bakal paéh atawa jadi teu walakaya sarta ngawadahan leuwih loba partikel virus. Amplop lipid lapis ganda ieu virus sénsitip kana désikasi, panas, jeung deterjén, ku kituna leuwih gampang distérilkeun batan virus tan-amplop, teu pati kuat lamun aya di luar lingkungan inang, sarta kudu patalépa langsung ti hiji inang ka inang anu séjénna. Virus amplopan leuwih bisa adaptasi sarta gancang bisa robah pikeun ngungkulan sistem imun sarta bisa ngabalukarkeun inpéksi pesistén.

Kelas virus amplopan anu ngandung patogén manusa:

Virus DNA

  • Herpesviruses
  • Poxviruses
  • Hepadnaviruses
  • Asfarviridae

Virus RNA

  • Flavivirus
  • Alphavirus
  • Togavirus
  • Coronavirus
  • Hepatitis D
  • Orthomyxovirus
  • Paramyxovirus
  • Rhabdovirus
  • Bunyavirus
  • Filovirus

Retroviruses

  • Retroviruses

Tingali ogé

  • Kapsul bakteri
  • Amplop sél

Rujukan

Tutumbu kaluar

Tags:

Amplop Virus Virus DNAAmplop Virus Virus RNAAmplop Virus RetrovirusesAmplop Virus Tingali ogéAmplop Virus RujukanAmplop Virus Tutumbu kaluarAmplop VirusImunisasiMémbran sélProtéinVirus

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

1326FinlandiaSistim alamat JepangDaptar nagara dumasar populasiWikiGegetuk.do13 Maret.sbWaduk SagulingTokyo1922TatambaVatikanRarangkén barung8 OktoberViceroy4AustriaGottfried Wilhelm LeibnizDaptar nagara kalawan pangakuan kawatesCareuh bulanCandi BorobudurFC BarcelonaPicasaYokohamaKubaFurigana193436Bandung TV1846Penca SilatTuri.gn1833BabasanÉropaPrancis64Rampak SekarPanama699STitimplikDiego MaradonaKecap sulurSalak998VGatot MangkoepradjaAbad ka-1Buah1893Gatot SoebrotoKamerunRisolesWijayakusumahSMAS Kanaan Global School.me63Domain undak luhurBubur béasUcing sumput26 MaretBulan (satelit)Kalimah (Basa Sunda)PhiladelphiaKota Surabaya2003Suuk🡆 More