Psikoterapi

Psikoterapi mangrupa salah sahiji layanan psikologis anu dilaksanakeun ku para ahli ka pasien anu butuh ubar diri sacara psikologis.

Ahli dina widang psikoterapi nyaéta psikolog jeung konselor atawa pangaping. Psikoterapi kaasup wangun intervensi klinis. Wanda panyakit anu bisa diubaran ku psikoterapi nyaéta gangguan jiwa. Ubar dina psikoterapi aya patalina jeung pikiran, rasa jeung paripolah. Psikoterapi kaasup salah sahiji metode rumawat sacara klinis utamana pikeun jalma anu ngalaman déprési atawa setrés alatan pasualan beurat anu kaalaman.

Psikoterapi
Prosés Psikoterapi.
Psikoterapi
Conto Sési Psikoterapi.

Wangenan

Istilah psikoterapi asalna tina basa Yunani Kuna, nyaéta psyche (jiwa) jeung therapeia (rumawat, ngubaran jeung nyageurkeun). Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia, psikoterapi dihartikeun salaku cara ngubaran ngagunakeun kakuatan batin dokter kana jiwa (spiritual) pasien kalawan teu ngagunakeun narkoba, tapi makét metode sugésti, papatah, hiburan, hipnotis jeung sajabana.

Dina udaganana, psikoterapi béda jeung konseling. Udagab konseling leuwih heureut upama dibandingkeun jeung psikoterapi. Konseling ukur boga tujuan pikeun mangaruhan kamekaran hiji jalma kalayan ngalibatkeun diri pribadi. Hasil anu dihontal tina konseling nyaéta mulangkeun fungsi hiji jalma luyu jeung kalungguhanana. Psikoterapi miboga udagan anu leuwih loba sabab bisa ngahasilkeun parobahan dasar dina struktur kapribadianana sacara aktual ogé keur mangsa datang. Jadi, psikoterapi miboga tilu udagan, nyaéta terapi, kasaluyuan jeung rémédiasi.

Psikoterapi, pangaping jeung konseling mangrupa metode intervénsi. Bédana antara Psikoterapi jeung konseling nyaéta tina segi tingkat pasualan pasien anu disanghareupanana. Psikoterapi lolobana ukur ngubaran pasualan anu parna. Psikoterapi jeung konseling dilaksanakeun lamun aya pamétnta sacara husus ti pasién. Ari bimbingan mah bisa dilakukeun sanajan euweuh pamétnta ti pasién.

Ngahijina konseling jeung psikoterapi dimimitian ku Federasi Konseling jeung Psikoterapi Federation Australia dina taun 1998. Ngan, Féderasi Konseling jeung Psikoterapi Australia masih aya bédana antara konseling jeung psikoterapi. Tuluy di Inggris aya anggapan ti konselor yén maranéhna ogé kaasup psychotherapists. Ku alatan éta, dina taun 2000, British Association for Counseling ngaganti ngaran organisasina jadi British Association for Counseling and Psychotherapy.

Wanda

Psikoterapi 
Konsep Psikoterapi Positif.

Psikoterapi jiwa

Psikoterapi jiwa kaasup wanda terapi holistik anu udaganana pikeun mulangkeun kapercayaan pasien. Udagan séjén tina psikoterapi psikiatri nyaéta pikeun ngaronjatkeun fungsi égo pasien.

Psikoterapi transpersonal

Psikoterapi transpersonal boga udagan pikeun ngaronjatkeun transendensi kasadaran pikiran sangkan bisa ngajajah kasadaran. Hasil anu dihontal tina psikoterapi transpersonal nyaéta kasadaran transpersonal anu nyababkeun sikep diri anu bener. Téhnik psikoterapi transpersonal téh méditasi jeung du'a.

Rujukan

Tags:

Psikoterapi WangenanPsikoterapi WandaPsikoterapi RujukanPsikoterapiJiwaPsikologPsikologi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Laut Tiongkok KidulJoko Widodo.idVincent van GoghJoe BidenAdonan (masak)KanjutSiritTurkiGliserol6 MaretOperaMeuncit Sato BélaAl Ma'unStatistika183827 MaretIndonésiaAam AmiliaArgéntinaUgaRarangkén sang-GadaSolatBasa JawaRandegan1272LeungeunAjianSédong, Cirebonᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarHajiUkrainaTukang (profési)SindanganBora BoraMéterBasorahHéndarsoTumbungFolklorJeddahArkéologiAl A'laIsraélBerita bohongJaiponganKampung NagaLotékUpacara inisiasiAtlasAustraliaBandung TVOlimpiadeJam témbokAntonimCongklakWiki CommonsTéhnologiBabak (téater)Hak ciptaBugis (kadaharan)Led ZeppelinRukun Iman25 Januari🡆 More