Psikolinguistik (ᮕ᮪ᮞᮤᮊᮧᮜᮤᮍᮥᮄᮞ᮪ᮒᮤᮊ᮪) nyaéta gabungan tina dua kecap 'psikologi' jeung 'linguistik'.
Psikolinguistik nyaéta salah sahiji cabang kaélmuan kabasaan anu ngulik jeung nalungtik faktor-faktor psikologis jeung neurobiologis anu ngamungkinkeun manusa meunang, maké jeung maham kana hiji basa. Awalna mah kajian psikolinguistik téh sifatna leuwih filosofis, sabab can réa pamahaman kana fungsi uteuk manusa. Kiwari geus aya panalungitkan modérn anu maké métode biologi, neurologi, élmu kognitif, jeung téori informasi pikeun nalungtik jeung ngulik cara gawé uteuk mausa dina ngolah basa.
Mimitina mah istilah anu dipaké pikeun psikolinguistik téh nyaéta linguistic psychology (psikologi linguistik) jeung aya ogé anu nyebutkeun minangka psychology of language (psikologi basa). Tuluy minangka hasil gawe bareng anu leuwih sistematis, mangka lahir hiji kaelmuan anyar anu saterusna disebut minangka psikolinguistik (psycholinguistic).
Psikolinguistik ngawengku prosés kognitif anu bisa ngahasilkeun kalimah anu boga harti jeung bener sacara tata basa tina kandaga kecap jeung struktur tata basa, kaasup ogé prosés anu ngabalukarkeun bisa dipahamna ungkapan, kecap, tulisan, jsb.
Psikolinguistik sifatna interdisiplinér jeung ditalungtik ku ahli dina rupa-rupa widang, kayaning psikologi, élmu kognitif, jeung linguistik. Aya sababaraha sub divisi dina psikolinguistik anu dumasar kana komponén-komponanu ngawangun basa manusa.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Psikolinguistik, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.