Kaca

Kaca nyaéta geblégan gelas atawa beling nu gedé gunana di antarana sok dipaké jandéla, panto eunteung, jeung sajabana.

Kaca
Gelas Kaca

Sajarah Kaca

Salila rébuan taun, kaca dianggap minangka hiji hal pikeun ditempokeun. Kaca kapaké pikeun dekorasi sarta pikeun nyieun barang-barang berharga. Kaca jadi bener-bener kapaké lamun dianggap minangka hiji hal anu tembus pandang.

Taya anu bener-bener nyaho iraha atawa di mana rusiah nyieun kaca nu mimiti, sanajan urang weruh kaca geus dipaké saprak jaman mimiti pisan. Bahan-bahan utama pikeun nyieun kaca nyaéta keusik, lebu soda, atawa garam lebu (kalsium karbonat) sarta kapur, anu dilééhkeun babarengan kalayan suhu anu tinggi. Saprak bahan-bahan ieu kapanggih réa di sagala rupa bagian dunya, rusiah nyieun gelas geus kapanggih di loba nagara.

Nurutkeun hiji carita, jalma-jalma Phoenix kuna meujeuhna meunang pangajén pikeun penemuan ieu. Saurang awak kapal istirahat di hiji walungan di Syria. Sabot maranéhanana siap pikeun masak kadaharan pikeun dahar peuting, maranéhanana henteu manggihan batu pikeun ngaganjel ceret maranéhanana. Jadi maranéhanana ngagunakeun bongkahan-bongkahan ‘niter’ (sanyawa sodium) ti muatan kapal. Panas seuneu ngalééhkeun niter, anu pacampur jeung keusik anu aya disakurilingna sarta nyérélék kaluar minangka aliran kaca éncér.

Carita ieu meureun bener, meureun henteu bener, tapi, Syria nyaéta salah sahiji ti tempat-tempat asal nyieun kaca. Sarta para padagang bangsa Phoenix kuna ngajual barang-barang pecah belah di sakumna nagara-nagara Mediterania. Mesir nyaéta nagara séjén anu geus mikawanoh pembuatan kaca saprak jaman mimiti. Manik-manik sarta kurabu ti kaca geus kapanggih di pusara-pusara anu asalna ti taun 7000 saméméh masehi, tapi, barang-barang ti kaca ieu kamungkinan asalna ti Syria. Kira -kira taun 1000 saméméh masehi, jalma-jalma Mesir nyieun kaca maranéhanana sorangan.

Jalma-jalma Mesir nyampurkeun batu kerikil kwarsa anu geus diancurkeun jeung keusik pikeun ngarobah kelir kaca. Maranéhanana ogé nyaho, yén upamana nambahan kobalt, tambaga, atawa mangan dina campuran éta, maranéhanana bisa ngahasilkeun kaca anu miboga rupa-rupa kelir bulao, héjo, atawa ungu.

Rujukan

Kaca 

Tags:

Jandéla

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Sultan Ageng TirtayasaDiponegoroNagara daulatSunamiBasa LaténWartaBasa InggrisSamsoediAli agremDokterTénjo, BogorBedogAreuy kidangBabasan jeung paribasaMantraCandi CangkuangBuraholPanganténan SundaSuguMitosUcing sumputDéwi SartikaAyip RosidiMumuncanganLodayaR.E. MartadinataRépublik Démokratik KongoJuwarISO 4217DulangSunan Kali JagaSuhuHunyurSajarah SundaLambakTiara AndiniKamenterian kesehatan republik indonesiaRarangkén pada-Baruang ka Nu NgaroraMohammad HattaKendangAstronomiAntropologiOncomRampak SekarKi UmbaraJaiponganDiabétes mélitusKabupatén Kulon ProgoBurak SilumanCandi BorobudurAtikanGoréng endogGéografiEmpét-empétanPuisi sundaSatoLuncat taliRakitan lantipSão Tomé jeung PríncipeWarnaBelukRadiasi éléktromagnétikRarangkén pa-SangrayWancahanRisolesNigerSawalaCacandranKaduCakung🡆 More