Frékuénsi

Frékuénsi nyaéta ukuran anu ngagambarkeun jumlah lumangsungna kajadian anu kaulang-ulang, bulak-balik, per unit waktu nu tangtu.

Frékuénsi ogé didefinisikeun minangka laju parobahan fase gelombang sinusoidal.

Frékuénsi
Gelombang sinus tina frékuénsi nu béda-béda; gelombang nu leuwih pondok miboga frékuénsi nu leuwih luhur tinimbang gelombang nu leuwih panjang.

Pangukuran

Keur ngitung frékuénsi sahiji kajadian, itung heula jumlah lumangsungna kajadian salila interval waktu nu ditangtukeun, terus bagi ku lilana interval waktu.

Dina sistem Internasional (SI), hasil pangukuran kasebut dinyatakeun dina unit hertz (Hz), ngaran anu dicokot tina ngaran ahli fisika Jerman Heinrich Rudolf Hertz. 1 Hz boga harti yén sahiji kajadian lumangsung sakali per detik, 2 Hz hartina lumangsung 2 kali per detik. Unit ieu asalna dingaranan puteran per detik, anu kadang-kadang masih digunakeun. Unit-unit lain anu digunakeun pikeun ngukur frékuénsi di antarana révolusi per menit (rpm) jeung radian per detik (rad/det). Laju detak jantung jeung tempo musik diukur maké unit beats (ketukan) per menit (BPM).

Métoda lain pikeun ngitung frékuénsi nyaéta ku cara ngukur waktu antara dua kajadian anu lumangsungna padeukeut (disebut periode) sarta ngitung frékuénsi f sabagé kabalikan tina periode:

    Frékuénsi 

di mana T nyaéta periode. Pangukuran anu leuwih taliti merlukeun siklus kajadian anu loba sarta ngitung rata-rata periodena.

Frékuénsi gelombang

Frékuénsi boga hubungan anu tibalik jeung konsép panjang gelombang. Frékuénsi f sarua jeung laju gelombang vdibagi ku panjang gelombang λ (lambda) tina éta gelombang:

    Frékuénsi 

Dina kasus husus, gelombang éléktromagnétik anu ngarambat ngaliwatan sahiji rohangan kosong, mangka v = c, di mana c mangrupa laju cahaya di rohangan hampa, sarta rumusna jadi:

    Frékuénsi 

Mangsa gelombang ngarambat ti hiji midiyeum ka midiyeum lianna, frékuénsina tetep sarua — ngan panjang gelombang jeung laju anu robah.

Salian ku efek Doppler, frekuensi henteu bisa dirobah ku prosés fisis naon bae. Hal ieu beda jeung laju rambatan sarta panjang gelombang anu bisa dirorobah.

Tempo ogé

  • Frékuénsi négatif
  • Konvérter frékuénsi

Tumbu kaluar

Tags:

Frékuénsi PangukuranFrékuénsi gelombangFrékuénsi Tempo ogéFrékuénsi Tumbu kaluarFrékuénsi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Upacara inisiasiArdhito PramonoKuningan, KuninganBasisir LangitTuriIslamMuharomLeuncangeunÉlmu bahanKacapiKawih kaulinanBrasilKompas TVÉlmuHak asasi manusaCacandranCampursariKota BogorNaruto (manga)TarumanagaraCarita PantunGotong royong1838KélorJoko WidodoBatu RosettaFotoJampéSinga depaJeddahYouTubeBelukVincent van GoghWindows VistaYunaniHaji Abdul Malik Karim AmrullahAustralia2000Pandémi koronavirus 2019 di JepangRusiaWawancaraRarangkén ting-27 DésémberSajarahWawacanᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓSirit55 SMDongéngBabak (téater)JalanganGénéalogiPandawaBatagorGodi SuwarnaSapfoHadiah Sastra RancagéWayangProsaWikiNyiruSantikaTopéng banjétKulawargaInternétGambangSisi genep🡆 More