Erok

Erok nyaéta papakéan awéwé anu bajuna jeung ka handapna ngahiji, sok disebut ogé rok.

Erok mangrupa potongan Sianghai ti gigirna maké cowak nepi ka saluhureun tuur nepi ka lamun dipaké ngaléngkah téh pingping katémbong ngolépat. Erok téh rupa-rupa aya anu dicowak ti tukang atawa ti gigir.

Erok
Erok dina gantungan baju
The Evoltion of the skirt, Harry Julius, 1916

Sajarah

Mimitina diwanohkeun ku Mary Quant, awéwé katurunan Inggris. Manéhna salah saurang fashion desainer. Dina taun 1955, Mary Quant jeung salakina Alexander Plunkett Grene muka toko husus raksukan anu ngarana Bazaar. Ayana rok mini sabenerna modifikasi tina rok biasa, dina taun 1958 loba awéwé maraké rok. Dina taun 1960, trend maraké erok anu dimodifikasi ku sabab loba ngarasa teu merenah dina naraék beus jadi diciptakeun erok anu mini atawa sentut. Tuluy taun 1960, lahirna ngaran mini alatan Mary Quant bakat ku bogoh pisan kana mobilna jadi rok ciptaana dingaranan mini sarua jeung pabrik anu nyieun éta mobil karesepna. Dina ahir taun 1960an, Mary Quant salah sahiji anu manggihan tren fashion hot pants. Kaén erok gumantung kana musim. Lamun maké erok di musim panas, jadi anu cocog maké erok anu tina kaén popelin, kaén terpal, atawa denim. Salain ti éta erok anu dipaké bahan na kudu anu ipis saperti kapas katun jeung kaén voile atawa poliester saperti georgettes, sifon atawa jaring.

Catetan

Tags:

AwéwéBajuPapakéanPingping

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Al BaqorohKomputerPupujianWawacan Purnama AlamLionel MessiSisingaanSangu timbelBincarungRidwan KamilWawangsalanKecap rajékan (basa Sunda)Bandpass filterCai tawarIwan FalsBandar Udara Internasional Soekarno–HattaUcing sumputUni ÉropaKamarangKecap rundayan (basa Sunda)TipungGawirTatarucinganIndung leungeunKomédiKonvérter analog ka digital1710WartawanLasminingratSamagaha panonpoéApong HérlinaSidekahSisindiranRebabBobokoBabasan jeung paribasaWalotWikisourceBatagor1778PasantrénBasa AzerbaijanPerang Dunya IIMijalmaBeusNgalamarDian SastrowardoyoRusia11 OktoberAseuk640ParahuKritik sastra SundaKihkirTepasBébénténganKujangGula beureumKecap barangSaptu.knLésothoSri LangkaBeutiBasa SpanyolPakakas Tatanén Tradisional🡆 More