Donat

Donat nyaéta kueh anu dijieun tina adonan tipung anu dicitak buleud anu dibéré liang di tengahna.

Sajarah

Sajarah kueh donat aya dua nyaéta :

  • Vérsi Kaptén Hanson Gregory di luhur kapal, Carita ieu dimimitian dina abad ka 19 sabot aya saurang kaptén kapal anu ngaranna Hanson Gregory.

Hiji poé, sabot kapalna balayar, manéhna diuk di luhur dek kapal bari ngadahar kueh buleud, tapi di waktu keur ngadahar kuehna, ujug-ujug aya ombak anu badag . Minangka kaptén, manéhna kudu ngadalikeun kapalna sangkan tetep stabil kakeunaan ombak. Manéhna maké kadua leungeunna pikeun ngadalikeun kemudia kapal, tapi tétéla manéhna teu daék miceun kuehna, ku kituna manéhna mancegkeun kuehna di salah sahiji cecekelan kamudi, ku kituna kueh anu manéhna dahar jadi kueh anu aya liangan tengahna. Ieu pisan anu saterusna jadi mimiti cikal-bakal dijieunna kueh anu aya liangan di tengahna anu jaga dibéré ngaran Donat.

  • Vérsi Hanson Gregory di luhur Pawon

Carita ieu dimimitian Hanson Gregory leutik kénéh. Manéhna marengan indungna anu keur ngagoréng adonan kueh ngawangun Buleud. Waktu éta, manéhna nanya ka indungna " Bu, naha asakna lila pisan?". Sarta indungna ogé némbalan "soalna bagian tengahna hésé asak, jadi kudu lila". Gregory saterusna miceun saban bagian tengah ti kueh anu tacan digoréng tuluy ngomong ka indungna "bu, goreng kueh anu geus diliangan ieu, pasti asakna gancang". Indungna ogé ngagoréng kueh anu geus diliangan di tengahna éta, saprak éta pisan saterusna mecenghul ideu pikeun nyieun kueh anu bolong tengahna nyaéta Donat.

Cara Nyieunna

Campur tipung tarigu sarta ragi, aduk rata. Tuluy tambahkan endog sarta mantéga nepi ka rata. eurihkeun susu saeutik - saeutik bari uleni nepi ka kalis bener, tuluy jieun adonan dina wangun buleud, simpen di tempat haneut salila 45 menit nepi ka ngembang dua kali mimitina. Ipiskeun adonan, pikeun jadi 12 bagian. Tuluy dijieun wangun buleud nepi ka bolong tengahna. Teundeun dina loyang anu geus dibéré minyak sarta ingkeun salila 10 menit nepi ka mengembang. Panaskeun minyak ku seuneu leutik. Goréng donat nepi ka warnana coklat sarta asak.

Rujukan

Donat 

Tags:

Tipung

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ArguméntasiPapuaSénégalSpam (éléktronik)Kota BandungÉlmu ukurUni ÉropaLionel MessiHaruki MurakamiKabupatén PangandaranCékoKeuyeupReungitPuisi sundaMuhammad AliKangguruKritik sastra SundaSamagahaCandi MendutBaladaPeuyeumMachjar Angga KoesoemadinataKota New YorkKakawihanGangguan bipolarEngangTémaGolodogAgum Gumelar9 OktoberSimeutKatolikSulawesi KulonKanyéré2000Meghan Trainor381Perjangjian internasionalGajahJoko WidodoCarita pondokBisnisAstinapuraOray-OrayanAbad 20Sistim tulis JepangJamparingPerang Dunya IRamatlokaAreaKampung adat CireundeuCarangkaBangbaraDramaWawacan Layang Muslimin MuslimatKairoAl BaqorohWajitAmorphophallus titanumPéruBabad Panjaluᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓAnwar TjokroaminotoBenedict Cumberbatch🡆 More