Demi Pasukan nyaéta buku antologi nu ngamuat carita pondok ti sawatara pangarang, boh pangarang Sunda, boh pangarang deungeun anu karyana geus ditarjamahkeun kana basa Sunda.
Kumpulan carita pondok nu aya dina ieu antologi mangrupa pilihan redaksi SES anu kadua tina tilu buku nu diterbitkeun, nyaéta anu kahijina Anting Perak ari anu katiluna Carecet Sulam. Diterbitkeun ku Penerbit Sargani & Co. Redaksi nu milih jeung nangtukeun carita pondok nyaéta tiluan: Saini KM, Enoch Atmadibrata, jeung Djadja Sargani, nu matak bukuna maké seri SES singgetan tina tilu urang nu ngaredaksian (Saini,Enoh,Sargani). Dina ieu buku dimuatkeun 3 carita pondok asli jeung 3 carita pondok tarjamahan, boh anu tina basa Indonésia, boh anu tina basa asing. Dina “Pangjajap” redaksi nembrakkeun yén nu jadi udagan jeung kritéria milihan carita, henteu dumasar kana ajén inajen sastra, tapi dumasar pangaresep atawa seléra masing-masing. Redaksi neundeun harepan,muga-muga buku seri SES ieu bakal ngadeudeul kamekaran masarakat dina rohaniah spiritual, ku bacaan-bacaan panglipur nu aya mangpaatna. Ukuran buku 17 cm x 13 cm, ngagunakeun keretas koran, kandelna 94 kaca. Gambar jilid jeung ilustrasi di jero digambaran ku Dedy Suardi jeung Sukmara W.N. Ngeunaan judul Demi Pasukan, taya katerangan nu ngajéntrékeun naha maké éta judul, sabab lain salah sahiji judul tina genep judul carpon anu dimuat. Dina jilid luar maké sub judul ‘genep carita pondok pilihan’, tapi ari dina bagian jero mah maké sub judul ‘Kumpulan carita pondok pilihan’.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Demi Pasukan (carpon), which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.