Carita Parahiyangan (aksara Sunda: ᮎᮛᮤᮒᮕᮛᮠᮡᮀᮍᮔ᮪) mangrupa ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda.
Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun "ndéh nihan carita parahiyangan". Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.
Ieu naskah téh sabagian ti naskah nu aya dina koropak nomer 406 nu disimpen di Perpustakaan Nasional, Jakarta. Lobana 47 lambar ukuran 21 x 3 cm, nu dina unggal lambarna dieusi tulisan 4 jajar (bulak-balik). Aksara nu dipaké nyaéta aksara Sunda kuna, sedeng basana Sunda kuna.
Ieu naskah munggaran ditalungtik ku K.F. Holle, lajéng ku C.M. Pleyte, nu duanana mémang loba nalungtik sastra Sunda-Buhun. Lajéng ieu naskah dialihaksarakeun ku Purbacaraka, salaku tambahan pikeun laporan anjeunna ngeunaan Batu Tulis di Bogor. Tarékah ieu diteruskeun ku H. ten Dam (taun 1957) jeung J. Noorduyn (laporan panalungtikan taun 1962 jeung 1965). Salajéngna, ieu naskah ogé ditalungtik ku sababaraha sarjana Sunda, di antarana Ma'mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, sarta Édi S. Ékajati jeung Undang A. Darsa.
Ieu naskah nyaritakeun sajarah Sunda, ti awal karajaan Galuh jaman Wretikandayun nepi ka runtagna Pakuan Pajajaran alatan kadéséh ku pangaruh Islam ti Demak jeung Cirebon (katut Banten).
Ieu naskah loba pisan nyaritakeun Rahiyang Sanjaya, anu méméh jeneng di Galuh boga ngaran Rakéyan Jambri, padahal jeneng rajana téh ukur salapan taun. Rakéyan Jambri téh putrana Sang Séna, sedengkeun Sang Séna téh anak Mandiminyak ti Pwah Rababu (istrina Sempakwaja, kungsi di-'keudeu-keudeu' ku Mandiminyak).
Dina ieu naskah, Sanjaya kacaritakeun jago perang. Lian ti nu di pulo Jawa, Sanjaya ogé kungsi narajang wilayah-wilayah di Sumatra, kayaning Malayu, Sriwijaya, jeung Barus, malah nepi ka wewengkon kakawasaan Cina.
Dina lebah nyaritakeun Prabu Maharaja, anakna Aki Kolot, disebutkeun kieu
Mun dina basa Sunda kiwari, alihbasana kurang leuwih kieu,
Prabu Surawisésa, putrana Ratu Jayadéwata, kawarisan kakawasaan Sunda dina mangsa anu henteu nguntungkeun, sabab wilayah-wilayahna loba nu baruntak, éléh pangaruh, atawa direbut ku karajaan Cirebon anu dibantuan ku Demak. Dina mangsa kakawasaanana anu 14 taun, Prabu Surawisésa mingpin bala saréwu dina 15 kali perang.
Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa ieu katelah Mundinglaya Dikusumah.
Naskah Carita Parahiyangan loba pisan nyebut patempatan/wilayah nu, tangtuna, kaasup wilayah kakawasaan Sunda. Éta patempatan, aya nu nepi ka kiwari tetep kitu ngaranna, aya ogé nu geus euweuh di kieuna:
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Daptar Naskah Sunda Kuno | |
---|---|
Amanat Galunggung - Bujangga Manik - Carita Parahiyangan - Carita Purnawijaya - Kawih Pangeuyeukan - Carita Ratu Pakuan - Carita Waruga Guru - Kawih Paningkes - Pantun Ramayana - Sanghyang Hayu - Sanghyang Raga Déwata - Sanghyang Sasana Maha Guru - Sanghyang Siksa Kandang Karesian - Séwaka Darma - Sri Ajnyana - Tutur Bwana - Warugan Lemah |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Carita Parahiyangan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.