Bobonténgan

Sinonim =

Bryonia
Bobonténgan
Bobonéngan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Ordo:
Cucurbitales
Kulawarga:
Cucurbitaceae
Génus:
Bryonia
Sinonim

Bobonténgan; Bryonia; nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Cucurbitaceae. Buahna beureum, buleud laleutik, rasana sarua kawas bonténg.


Ékologi

Bobonténgan ilaharna hirup liar, arang langka ngahaja dipelak. Sababaraha spésiés dimangpaatkeun pikeun bahan ubar hérbal. Sanajan kitu sacara umum, ieu tutuwuhan téh matak weureu/racunan, malahan sababaraha spésiés bisa ngabalukarkeun weureu lamun didahar. Tayalian ayana kandungan glikosida cucurbitacin anu ngabalukarkeun sebel, pait, jeung matak utah-utahan. Baheula nalika abad ka -18, sababaraha varian tina ieu tutuwuhan dipaké pikeun ngaran budak awéwé : seperti Briony, Bryonie jeung Bryony.


Ciri mandiri

Tangkalna ngawujud areuy anu ngarambat, ngarayap naék tangkal atawa tutuwuhan séjén anu jadi rambatanna. Panjang areuy bisa nepika 5 m, kalayan mibanda areuy laleutik paranti muntang kana rambatanna.

Daun bijil paselang-seling, cupat daun panjangna 1,5-14,0 cm, rubak daunna 7,5–12,0 × 6,5–12,0 cm, remen katempo kawas daun écéng nyengklod ka jero 3 nepik 5 lobus. Pareng wujudna lobus, anu palebah tengah leuwih panjang tur méncos ka tungtung. Daun palebah luhuna lésang kalayan pustula hérang nepika semu bodas, sakapeung baruluan bodas. Daun palebah handapna leuwih pias sarta baruluan bodas.

Spésiés

Dua belas spésiés ayeuna dicatet ku USDA: Sapuluh tina ieu dirojong dina analisis molekular-filogénetik: Hiji-hijina spésiés di Inggris , B. dioica (white bryony), hirup di hedgerows dugi ka kalér Yorkshire.

  • Bryonia acuta Desf. (formerly sometimes included in B. cretica)
  • Bryonia alba L. – white bryony
  • Bryonia aspera Steven ex Ledeb.
  • Bryonia cretica L. – Cretan bryony
  • Bryonia dioica Jacq. – white or red bryony (formerly sometimes included in B. cretica)
  • Bryonia lappifolia Vassilcz.
  • Bryonia marmorata E.M.A.Petit
  • Bryonia melanocarpa Nabiev
  • Bryonia monoica Aitch. & Hemsl.
  • Bryonia multiflora Boiss. & Heldr.
  • Bryonia syriaca Boiss.
  • Bryonia verrucosa Aiton



Dicutat tina

Tempo ogé

  • United States Department of Agriculture (USDA) (2009): Germplasm Resources Information Network – Bryonia. Version of 2009-MAY-15. Retrieved 2010-APR-15.
  • Volz, S. M., and S. S. Renner (Volz and Renner) 2009. Phylogeography of the ancient Eurasian medicinal plant genus Bryonia (Cucurbitaceae) inferred from nuclear and chloroplast sequences. Taxon 58(2): 550-560.
  • Renner S. S., Scarborough J., Schaefer H., Paris H.S., and J. Janick. (Renner et al. (2008) Dioscorides's Bruonia melaina is Bryonia alba, not Tamus communis, and an illustration labeled Bruonia melaina in the Codex Vindobonensis is Humulus lupulus not Bryonia dioica. pp. 273–280. In: Pitrat, M., ed., Cucurbitaceae 2008, https://w3.avignon.inra.fr/dspace/handle/2174/218 Archived 2012-03-28 di Wayback Machine
  • Bryonopsis (meaning "looks like bryony"), a now-invalid genus currently assigned to close (Diplocyclos) and somewhat more distant (Kedrostis) relatives of Bryonia

Tutumbu ka luar

Tags:

Bobonténgan ÉkologiBobonténgan Ciri mandiriBobonténgan SpésiésBobonténgan Dicutat tinaBobonténgan Tempo ogéBobonténgan Tutumbu ka luarBobonténgan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SungkemNgokolakeun runtahThe SimpsonsBinary numeral systemYouTube27 DésémberNarjiEdwin HubbleJaiponganOray-OrayanPamrogram.idKecap kantétan (basa Sunda)Kecap bilangan (basa Sunda)World Trade OrganizationJatayu1630-anJubungSistim panomeran binérGaris datarKairoRaffi AhmadGedoganRakitRandeganCakalangKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarKabupatén CianjurLucy HawkingPuisi sundaMaéhan manéhPangaweruhAmérika Sarikat1272Kota TasikmalayaBandrékSafinatun NajahTarumanagaraWawancaraWartaTabel lambang matematisNikaraguaJangjawokanNarkobaGuguritanWalirang dioksidaRandamidangBenedict CumberbatchTaucoFox Broadcasting CompanyCaturanggaAnwar TjokroaminotoNanangkaanLeif ErikssonInstitut Teknologi BandungMuhammad SangiduKecap Rajékan (Basa Sunda)Tahu gejrotWikikamusAbad ka-2 SMSuis216 SMKafirMuhammadGondéwa🡆 More