Aisyah

Siti Khodijah binti Khuwailid

Bagian tina serial Islam
Aisyah
Ummahatul Mu'minin
Garwa-garwa Nabi Muhammad

Saudah binti Zam'ah

Aisyah binti Abu Bakar

Hafshoh binti Umar

Zaénab binti Khuzaémah

Hindun binti Abi Umayyah

Zaénab binti Jahsy

Juwaériyah binti al-Harits

Romlah binti Abu Sufyan

Shofiyah binti Huyay

Maémunah binti al-Harits

Maria binti Syama’un

Kotak ieu: temposawalaédit


Aisyah binti Abu Bakar atanapi Siti Aisyah (bahasa Arab: عائشة, transliterasi: `ā'isha, Turki Ayşe, Turki Utsmani Âişe) (sekitar 613/614-678 Masehi) ngarupikeun garwa atanapi istri  Nabi Islam  Muhammad s.a.w.

Dina agama Islam, geus ilahar gelar "Indung jalma-jalma Mu'min" (Arab: أمّ المؤمنين ummul-mu'minīn), ngarupikeun para garwa Nabi Muhammad s.a.w. minangka "Indung jalma-jalma nu ariman" dina Al-Qur'an. anjeunna dicutat tina rupa-rupa sumber anu loba hadits, di mana kahirupan pribadi Nabi Muhammad s.s.w. jadi paguneman catur.

Etimologi

Siti ‘Aisyah atanapi 'Aisyah dina Basa Arab ngandung harti "Hirup jeung Séhat". Variasi ngarana ti ‘Aisyah di antarana 'Aisha, A'ishah, Ayesha, A'isha, Aishat, atau Aisya anu ngabogaan harti nu sarua.

Biografi

Genealogi

‘Aisyah ngarupikeun putri dari Abu Bakar (khalifah pertama), tina pernikahan jeung isteri keduana nyaéta Ummi Ruman gaduh anak dua, Abd al Rahman dan Aisyah.

Rumah Tangga

Numutkeun At-Tobari (ogé numutkeun riwayat Hisyam bin `Urwah, Ahmad bin Hanbal jeung Ibnu Sa'ad), Aisyah dilamar yuswa 7 taun jeung rumah tangga dina yuswa 9 taun, Siti Aisyah janten istri ketilu Nabi Muhammad s.a.w. saparantos Siti Khodijah jeung Saudah binti Zam'ah. Aya beda pamadegan nalika Nabi Muhammad s.a.w. nikah jeung Siti Aisyah? Sebagian gedé referensi (termasuk sohih Bukhori jeung sohih Muslim) ngajéntrékeun yén kajadian perkawinan téh dina umur 6 taun, jeung rumah tangga Nabi Muhammad s.a.w. mimiti umur 9 taun.

Sedengkeun numutkeun panalitian Ghulam Nabi Muslim Sahib, dumasar referensi tina Kitab Ikmal fi Asma’ al-Rijjal karangan al-Khatib al-Tibrizi di mana dina kitab kasebut, sahanteuna Siti Aisyah r.r. umur 19 taun nalika nikah..

Siti Aisyah mangrupa figur kontroversial saperti digambarkeun ku Syi'ah pakait jeung Khalifah Ali bin Abi Tholib dina Perang Jamal.

Pandangan Sunni dan Syi'ah

Sunni

Sajarawan Sunni mandang Siti Aisyah salaku wanita anu pinter, buktina loba hadis anu ngaguar kahirupan Nabi Muhammad s.a.w., diperkirakeun saparapat Hukum Islam asalna tina riwayat Siti Aisyah r.a. Siti Aisyah r.a. mangrupa istri utami Nabi Muhammad s.a.w. anu bisa janten conto kaum wanita.

Anapon numutkeun sebagian riwayat Sunni, perang antara Kholifah Ali bin Abi Tholib r.a. jeung Siti 'Aisyah r.a. dina Perang Jamal mangrupa berita bohong, anu dihaja disebarkan kaum nu hiri dengki ka Islam. Siti Aisyah r.a. ménta penjelasan ka Kholifah Ali r.a. naha nu maténi Kholifah Utsman r.a. teu geuwat dihukum. Jawaban Kholifah Ali r.a. nyaéta alesanana rék ngendalikeun heula nu belapati ka Kholifah Utsman r.a., kakara sanggeus kondisi kondusif hukuman dijalankeun, karana lamun hukum dilaksanakeun gurunggusuh bisa nimbulkeun dendam nu euweuh tungtungna. Tapi peutingna, nu maténi Kholifah Utsman r.a. & gorombolan Ibnu Sauda (Abdulloh bin Saba) anu sieun di qishosh sabada babadamian, nyerang ka kelompok Kholifah Ali r.a. jeung kelompok anu ngajaga Siti Aisyah r.a. nalika keur istirohat peuting sahingga masing-masing ngarasa diserang.

Syi'ah

Sajarawan Syi'ah yakin saéstuna Kholifah Ali r.a. anu berhak jadi kholifah mimiti, sedengkeun tilu kholifah sateu acana geus ngarampas kakholifahan. Siti Aisyah r.a. geus ngadukung Umar, Utsman r.a. jeung bapana Abu Bakar r.a., ogé nyieun pasukan tur merangan Kholifah Ali, minantu-téréna. Syi'ah negeskeun inyana salah nalika ngalawan Ali r.a..

Dugi ka kiwari Suni jeung Syi'ah pagétréng.

Referensi

Bacaan Saterusna

  • Guillaume, A. -- The Life of Muhammad, Oxford University Press, 1955
  • Rodinson, Maxime -- Muhammad, 1980 Random House reprint of English translation
  • Spellberg, D.A. -- Politics, Gender, and the Islamic Past: the Legacy of A'isha bint Abi Bakr, Columbia University Press, 1994
  • Aisha bint Abi Bakr, The Concise Oxford Dictionary of World Religions, Oxford University Press, 2000
  • Rizvi, Syed Saeed Akhtar. -- The Life of Muhammad The Prophet, Darul Tabligh North America, 1971.

Pranala luar

Tags:

Aisyah EtimologiAisyah BiografiAisyah Pandangan Sunni dan SyiahAisyah ReferensiAisyah Bacaan SaterusnaAisyah Pranala luarAisyahSiti Khodijah binti Khuwailid

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

MantraMachjar Angga KoesoemadinataRakitArgéntinaTélékomunikasiSasakChrisyeGegeremet292Babak (téater)Julung-julungSapfoBasa IndonésiaDonald TrumpRamatlokaStar WarsKirataKiaraHadi AKSWikikamusPandémi koronavirus 2019 di JepangBintinuAntonimSuku (biologi)Adi HidayatEngangSafinatun NajahMaéhan manéhRépublik Rahayat TiongkokKuningan, KuninganJoko WidodoMencekMétabolismeDita KarangNgaruwatRandamidang9 OktoberAtlasAbah AndadinataMundinglaya DikusumahBabadIdulfitriBabasan jeung paribasaBorondongArie WibowoGorilaIqroTahu gejrotAnggelKota BogorBabakanWacanaDoel SumbangUTCJepangKluster (linguistik)MuhammadHadiah Sastra RancagéKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarPerang Dunya IWaktuEmma PoeradiredjaPanerusan Kulon, Susukan, BanjarnegaraKekebKabudayaan SundaKLM Royal Dutch AirlinesTauco🡆 More