Randu atawa kapuk (Ceiba pentandra) nyaéta tuwuhan tropis anu kagolongkeun kana ordo Malvales sarta famili Malvaceae (saméméhna digolongkeun kana famili séjén nyaéta Bombacaceae), asalna ti bagian kalér Amérika Kidul, Amérika Tengah sarta Karibia, sarta (pikeun varitas C.
Kapuk | |
---|---|
Tanaman Kapuk di Honolulu, Hawaii | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plant |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Malvales |
Kulawarga: | Malvaceae (Bombacaceae) |
Génus: | Ceiba |
Spésiés: | C. pentandra |
Ngaran binomial | |
Ceiba pentandra (L.) Gaertn. |
pentandra var. guineensis) asalna ti palebah kulon Afrika. Kecap "kapuk" ogé dipaké pikeun nyebutkeun serat anu dihasilkeun tina sikina. Tangkal ieu ogé dipikawanoh minangka Ceiba, ngaran genusnya, anu mangrupa lambang suci dina mitologi bangsa Maya.
Tangkal ieu tumuwuh nepi ka saluhur 60–70 m sarta bisa mibanda tangkal anu cukup badag nepi ka ngahontal garis panjang 3 m.
Tangkal ieu réa dipelak di Asia, utamana di pulo Jawa, Indonésia, di Malaysia, Filipina sarta Amérika Kidul. Di Bogor aya jalan anu di sapanjang sisina diiuhan ku tangkal kapuk. Dina waktu buahna beukah, kaayaan di jalan nyarupaan hujan salju alatan serat kapuk anu bodas ngarapung.
Wiki Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Ceiba pentandra. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Randu, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.