Kendi

Kendi (lemesna: Caratan) nyaéta wadah paranti nendeun air minum, asalna tina taneuh liat anu wangunna buleud, beuheungna panjang.

Kendi téh mangrupa barang gagarabahan pikeun wadah cai, biasana lamun cai ditendeun dina kendi osok jadi tiis. Biasana kendi osok ditendeun dina luhureun méja paranti dahar.

Kendi
kendi

Étimologi

Sebutan kendi ilaharna dipikawanoh di Asia Tenggara. Kecap kendi asalna tina basa Sanskrit India nyaéta kundika anu hartina wadah cai nginum. Dina ikonografi Hindu kundika mangrupa rarangkén ti Dewa Brahma jeung Dewa Siwa. Sedengkeun dina agama Budha kundika kendi téh mangrupa Awalokisteswara jeung peziarah Bhuda anu mawa kendi, dianggap salah sahiji tina dalapan welas wadah cai anu dianggap jadi Rahib Suci Bhuda dina lalampahan néangan Kitab Suci.

Pungsi Kendi

Pungsi utamana kendi nyaéta pikeun wadah cai nginum, sangkan cai téh jadi tiis jeung seger. Kendi ogé bisa jadi wadah pikeun ubar saperti ramuan (obat-obatan tradisional). Salain ti éta kendi ogé dipaké pikeun acara-acara nu tangtu, saperti dina kawinan di mana kendi téh jadi lambang kawin, cai anu aya dina éta kendi dianggap suci, murni jeung tiis, anu ngagambarkeun simbol kawin (nikah) anu sampurna. Di Jawa Barat aya upacara kawin, anu dina prakprakanana pangantén awéwé ngumbah suku pangantén lalaki ku cai kendi. Kendi ogé dipaké dina acara sakral nalika upacara saméméh ngurebkeun mayit, saencan dikurebkeun osok aya tradisi meupeuskeun kendi anu eusina cai. Kendi dipaké pikeun penobatan atawa pengukuhan, saperti acara ékspor perdana, kontainer dibanjur ku cai kendi anu geus dipeupeuskeun, atawa nalika méré ngaran hiji pausahaan.

Kendi 
Kendi

Kendi di Unggal Wewengkon

Di Jawa Barat kendi dipaké pikeun upacara adat ngawinkeun, Di Jawa Tengah kendi dipaké nalika upacara ngurebkeun mayit. Di Bali kendi dipaké dina acara-acara kaagamaan, jeung dipaké barang kaulinan budak.

catetan

Tags:

Kendi ÉtimologiKendi Pungsi Kendi di Unggal WewengkonKendi catetanKendiCaiTatakrama basa Sunda

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ParayDiséntriBeutiIsyana SarasvatiGedong MerdékaIketKaduKeusikRarangkén pi--eunSangrayAsparaginKirataFebri HaryadiJaiponganBabasan jeung paribasaInumanAnakronismeuSelat SundaCépotDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)Lutung KasarungKonéng (warna)Raffi AhmadKomputerSuku (biologi)NgojaySitus Gunung PadangDaptar inohong bangsa IndonesiaKoranParanjéLCDSonya PandarmawanCilokTatangkalanUgaPaparikanMatoaAs-SajdahMalukuFatmawatiGawirAksara GedéSutradara2015 XJ1WikiIndustriWarnaPanganténan SundaAn-Nisa' (Surat)KawihGoogleBabasanApip MustapaRépublik VénésiaBoy-boyanDaptar istilah pakarang satoKecap (basa Sunda)Sato SundaÉngkléKaranganLatarParahuluDrum🡆 More