Jotang

Jotang (Spilanthes acinella; Spilanthes oleracea) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina spesies Acmella oleracea kulawarga Asteraceae hirupna ngan sausum.

Jotang
Jotang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Eudicots
(unranked):
Asterids
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Asteroideae
Tribus:
Heliantheae
Génus:
Spilanthes

Jacq.
Type species
Spilanthes urens
Jacq.
Sinonim
  • Spilanthus L., alternate spelling
  • Ceruchis Gaertn. ex Schreb.
  • Spilanthes sect. Salivaria DC.
  • Ceratocephalus Kuntze

Jotang mibanda ngaran daérah/vernakular : Gatong (Minang); gletang/legetan (Jawa); kirat cerat (Madura); baga (Ternate).

Pedaran

Jotang kaasup kana herba, tangkalna ajeg tapi kalan-kalan aya ogé anu ngampar luhureun taneuh. Daun salambar bijil sapasang pahareup-hareup, wujudna lonyod méncos ka tungtung aya ogé anu semu buleud. Kembangna mejemuk/ngéntép dina pendul kelirna konéng, buahna laleutik tur hideung mibanda panjang 1–2 mm. Jotang dina basa Inggris disebutna spilanthes, bagéan kembang jeung akarna geus ti baheula dipikawanoh mibanda rupa-rupa mangpaat utamana pikeun ubar nyeuri huntu. Numutkeun laporan hasil panalungtikan anu dikaluarkeun ku CCHA : Chicago College of Healing Arts, bédana kandungan zat anu dipibanda ku tangkal jotang baseuh jeung garing :

  • % Baseuh kénéh: 1:2, 75% W/25% ACV (Chech)
  • % Geus Garing  : 1:5, 75% w/25% ACV (Chech)

Ciri Mandiri

Tangkal

Tangkal jotang ajeg ka luhur (decumbent) jangkung kurang leuwih 10–30 cm, kelirna héjo, sakapeung katempo semu beureum gandaria, glabrous; lemes henteu mibanda bulu (pilose) nepi ka cukup déwasa.

Daun

Daun mibanda cupat daun (Petioles) Panjang 5–37 mm bijil sapasang kénca katuhu, kelir daunna héjo, wujudna rada lonyod 1,8-10 × 0,8-6Cm méncos ka tungtung, daun anu kakara melentis/pucuk (apeks) kelirna héjo ngora. Tungtung daun rérégéan kawas ragaji.

Kembang

Kembangna konéng soliter, kerucut, panjang 6,3–13 mm kaluar tina sela-sela tangkal jeung cupat daun, upama digégél pendulna baris ngaluarkeun bau seungit tur rasana lada semu kesed (pahang), di mana digayem daun atawa kembangna nimbulkeun rasa baal kana baham jeung gugusi .

Siki/buah

Sikina leutik pisan tur mibanda bulu panjangna 0.5-1.1 mm aya ogé anu pondok 0,3–1 mm. Kelirna hideung.

Kagunaan

Daun Jotang mibanda zat anu disebut saponin, Flavonoid, jeung polifenol, kembangna mibanda zat spilanthol. Bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun ubar, salah sahijina ekstrak Arialaceae dina jumlah 0,15 sampai 0,75% bisa nimbulkeun rasa baal/kebas dina baham jeung gugusi. Ku lantaran sipat ieu, tangkal jotang dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional utamana nyeri huntu, gararing biwir, jeung infeksi dina gugusi. Malahan urang Inggris mah ngalandih kana tangkal jotang téh ku sebutan Tanaman sakit gigi/toothache plant. Pucuk daun jotang geus heubeul dimangpaatkeun pikeun lalab sarua baé jeung antanan, surawung,jeung anu lianna.

Daftar pustaka

Dicutat tina

Jotang 

Tags:

Jotang PedaranJotang Ciri MandiriJotang KagunaanJotang Dicutat tinaJotangAsteraceaeJawaMaduraMinangSpesiesTeraté, Kramatwatu, Sérang

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BangbalikanMuhammad Ali1865Adly FairuzPangéran Kornél (Pangeran Kusumadinata )Rarangkén ting-10 HygieaPenca SilatPanalungtikanKanjut Kundang (antologi sajak Sunda)ISO 4217Abéng SunaryaAngeunPipitiPaus (mamalia)AnggurLentongRohangHirisBisnis1878PeupeundeuyanDoel SumbangBacharuddin Jusuf HabibieKomengLayungApple Inc.PeurahTalenanUcingKabupatén TasikmalayaHawuBaruang ka Nu NgaroraAbadUkrainaMNCTVBasisirAseupanBaledogNgawulukuDita KarangNyeri huntuReboCelegengPapanggalanDjoeanda KartawidjajaCilokRanginangBiografiGegetukAyu UtamiHertzOray-OrayanLuncat tinggi (Olahraga)AsmarandanaKabayaPutu mayangMijalmaRaheutDomain undak luhurMonologKila-kilaBolu1998Daptar kode telepon nagara di dunyaMoch. AmbriPurwakantiMangandeuhBandrosRobiul akhirMéga kumulonimbus🡆 More