Iwung

Iwung kaasup sélér awi, bitung, gombong jsté, anu kakara nongtot tina taneuh.

Tumuwuhna iwung dibagian rungkun awi jeung biasana dipinuhan ku glugut anu matak ateul. Iwung bentukna kurucut, unggal sisina miboga bagian saperti congo daun awi tapi warna coklat. Di musim hujan mangrupa panéna iwung, antara bulan Désémber nepi ka Pébruari. Biasana iwung dipanén nalika jangkungna geus 20 cm tina permukaan taneuh, dengan diameter batang sekitar 7 cm. Lamun elat panén dina 2 nepi ka 4 bulan, iwung bakal jadi tangkal awi. Biasana iwung anu dialak téh nyaéta iwung anu ngora (awi ngorana). Henteu sakabéh iwung anu jadi bisa jadi awi. Ilaharna iwung anu karék saminggu jadina osok teu tumuwuh deui nu tungtuna maot.

Iwung

Iwung

Setunas rebung.
Nama Tionghoa
Hanzi tradisional:
Hanzi basajan:
Ngaran Jepang
Kanji: 竹の子 or 筍
Kana: タケノコ
Ngaran Koréa
Hangul: 죽순, 대나무싹
Ngaran Nepali
Nepali: तामा (Tama)

Rupa-rupa Iwung

Teu sakabéh jinis iwung ngeunah didahar. Aya sababaraha jinis iwung anu rasana pait, jeung teu sakabéh iwung bisa diolah jadi pasakeun. Awi jinis apus mangrupa salah sahiji jinis awi anu teu bisa diolah jadi pasakeun, alatan rasana pait. Jinis iwung anu ngeunah rasana nyaéta iwung konéng, rampal atawa suling, ori, jeung ater. Iwung bitung miboga rasa anu paling ngeunah. Iwung ieu warnana coklat jeung subang (sisina kelopak) dina congona warna bungur.

Kandungan giji dina Iwung

Iwung 
Iwung didagangkeun di toko

Senyawa utama di jero iwung nyaéta cai, kira-kira 91 persén. Salain ti éta iwung ogé miboga kandungan protéin, karbohidrat, lemak, vitamin A, thiamin, riboflavin, vitamin C, sarta mineral séjéna saperti kalsium, fosfor, beusi, jeung kalium. lamun dibandingkeun jeung sayuran nu laina kandungan protéin, lemak, jeung karbohidrat dina iwung henteu jauh béda. Iwung miboga kandungan kalium anu loba. Kadar kalium per 100 gram iwung nyaéta 533 mg. Kadaharan anu sarat Makanan kalium, nyaéta minimal 400 mg, bisa nyingkahan résiko ''stroke''. Kandungan serat pangan dina iwung nyaéta 2,56 persen, leuwih loba ti batan sayuran seperti kadelé (1,27 persen), pécay (1,58 persen), bonténg (0,61 persen), jeung sawi (1,01 persen). Serat pangan (dietary fiber) osok dibongbolérkeun pikeun paktor penting dina giji manusa ku sabab henteu ngahasilkeun énérgi. Salain ti éta, kakurangan serat moal ngabalukarkeun spesifik, saperti kakurangan zat-zat giji.

Catetan

Tags:

AwiCoklatDésémberPébruariTaneuh

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PuloRiyal Saudi ArabiaBéntang LapangKampung NagaKarajaan Ngahiji91Rarangkén sang-14 SéptémberZayn Malik2013Basa SundaMociHéndarsoTatakrama pamingpin SundaKi asahanMali.yeGaruViceroy2023MoldovaTérong20066SeniKirataHNetflix193915 MéiNano SuratnoIncuingMomen (matematika)Aksara Sunda BakuLayungRarangkén -anNyi Pohaci Sanghyang AsriAbonQ10 MéiLaosIntegralLancah maung159013 DésémberArkéologiAl-IkhlasSajak sunda1560-anCakungVPolandiaÉlmu komputerSerat KanayaganJoko WidodoKecap barangSpanyolPakasabanGatot SoebrotoArcaMaudy AyundaKalimahGoongJazzSuungAmérika SarikatSoraÉkonomiUgaAl Mulk18801946SayangKecap kantétan (basa Sunda)Alun-alun Bandung🡆 More