E=Mc²

E = mc2 dina élmu fisika nyaéta hiji rumus anu penting sarta dipikawanoh, anu ngécéskeun persamaan harga antara énergi (E) jeung massa (m), anu disatarakan sacara langsung ngaliwatan luadrat tina hiji konstanta nyaéta laju cahaya dina rohangan hapa (c2):

,

anu mana:

Faktor c2 boga harga 89.88 PJ/kg = 21.48 Mt TNT pér kg = 149.3 pj/u = 931.5 Mev/u.

Lamun énergi anu dimaksud dina persamaan di luhur nyaéta énergi cicing, mangka massa anu patali nyaéta massa cicing ogé atawa massa invarian.

Sajarah sarta konsékuensina

Albert Einstein nurunkeun rumus ieu dumasar kana pengimeutan manéhna dina taun 1905 kana lampah obyék anu usik kalawan laju nu ngadeukeutan laju cahaya. Kacindekan kawéntar anu dijieun hasil tina pangameutan ieu téh yén massa hiji barang sabenerna nyaéta hiji ukuran tina kandungan énergi barang kasebut. Sabalikna, persamaan anu dimaksud nandakeun yén kabéh énergi anu aya dina sistem katutup mangaruhan massa cicing dina sistem éta.

Nurutkeun persamaan ieu, jumlah énergi maksimum anu "bisa dibeunangkeun" tina hiji obyék pikeun ngalakonan gawé aktif nyaéta massa obyék dikalikeun kuadrat tina laju cahaya.

Rumus ieu ogé dipaké pikeun ngukur badagna énergi anu dihasilkeun dina réaksi nuklir. Parobahan massa isotop saméméh sarta saenggeus réaksi nuklir diitung. Di mana jumlah massa anu leungit saenggeus réaksi nuklir (Δm) dikalikeun jeung kuadrat laju cahaya, hasilna sarua jeung énergi anu dileupaskeun dina réaksi nuklir kasebut.

Tempo ogé

  • Réaksi nuklir

Rujukan

  • Bodanis, David (2001). E=mc²: A Biography of the World's Most Famous Equation. Berkley Trade. ISBN 0-425-18164-2. 
  • Tipler, Paul; Llewellyn, Ralph (2002). Modern Physics (4th ed.). W. H. Freeman. ISBN 0-7167-4345-0. 

Tumbu kaluar

Tags:

E=Mc² Sajarah sarta konsékuensinaE=Mc² Tempo ogéE=Mc² RujukanE=Mc² Tumbu kaluarE=Mc²FisikaLaju cahayaMassaRohangan hapaRumusÉnergi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Nagara kahijianÉnsiklopédiSamagaha panonpoéNyiruanBarusuhBeutiAdat NikahKonéng gedéRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto Mangunkusumo(439437) 2013 NK4Kumis ucingKecap AsalKritik sastra SundaBalakbakSajak SundaCau ambonKomengRarangkén -naDaptar tempat di One PieceKila-kilaRarangkén barungHéjoDramaTémpéHihidKecap Rajékan (Basa Sunda)Karna YudibrataSireumParabelPandanGoogleKentang mustofaLos AngelesBala-balaKembang GoyangAlkésahBangkong korodokSusi PudjiastutiSotoRandeganPrabu Geusan UlunPendopoDodolCut Nyak DhienPuyuhPilipinaPakakas Tatanén TradisionalListrikFeni FitriyantiRarangkén ka--anRarangkén pi--eunNomer Buku Standar InternasionalKampung Adat Sirna ResmiDaptar istilah pakarang satoGatot MangkoepradjaSurachman R.M.Ramatloka.baSuratSeserahanMuhammadiyahAl LailRumpaka🡆 More