Argumén Periapsis

Argumén periapsis (ogé disebut argumén perifokus atawa argumén perisénter), disimbulkeun minangka ω, nyaéta salah sahiji élemén orbit ti hiji banda nu ngorbit.

Upama diwincik mah, ω mangrupa juru antara periapsis orbit (titik deudeukeutan pangdeukeutna ka titik puseurna) sarta nodeu naék orbit (titik tempat banda langit ngaliwatan widang référénsi ti Kidul ka Kalér). Ieu judu diukur dina widang orbit sarta arah gerakanna. Pikeun jenis-jenis orbit tinangtu, kekecapan kawas "perihélion" (pikeun orbit nu museur ka Panonpoé), "perigéa" (pikeun orbit nu museur ka Marcapada), "periastron" (pikeun orbit ngurlingan béntang) sarta lianna bisa ngagantikeun kecap "periapsis". Tingal apsis pikeun dadaran leuwi jero.

Argumén periapsis 0° hartina yén banda nu ngorbit bakal aya dina deudeukan pangdeukeutna kalawan banda puseur dina waktu nu sarua nalika ngaliwatan widang référénsi ti Kidul ka Kalér. Argumén periapsis 90° hartina yén banda nu ngorbit bakal nepi ka periapsis dina jarak pangkalérna ti widang référénsi.

Nambahkeun argumén periapsis ka bujur nodeu naék bakal ngasilkeun bujur periapsis. Ngan, hususna dina sawala béntang binér jeung éksoplanét mah istilah "bujur periapsis" atawa "bujur periastron" sok dipaké sarua kawas "argumén periapsis".

Argumén Periapsis
Gbr. 1: Diagram élemén orbit, kaasup argumén periapsis (ω).

Iitungan

Dina astrodinamika, argumén periapsis ω bisa diitung siga kieu:

    Argumén Periapsis 
    (jika Argumén Periapsis  maka Argumén Periapsis )

nu mana:

  • Argumén Periapsis  nyaéta véktor nu nyanghareup ka nodeu naék (hartina komponén -z Argumén Periapsis  miajén nol),
  • Argumén Periapsis  nyaéta véktor ékséntrisitas (véktor nyanghareup ka periapsis).

Dina perkara orbit katulistiwa, sanajan arguménna can ditangtukeun, sok diasumsikeun yén:

    Argumén Periapsis 

nu mana:

  • Argumén Periapsis  nyaéta komponén-x ékséntrisitas véktor Argumén Periapsis 

Dina perkara orbit bunderan sok diasumsikeun yén periapsis ditempatkeun di nodeu naék sarta hasilna ω=0.

Tempo ogé

  • Orbit Képler
  • Nodeu orbit
  • Mékanika orbit

Rujukan

Tags:

ApsisMarcapadaOrbitPanonpoé

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Adolf HitlerIbing KusmayatnaPattimuraBasisir Jayanti1869Kritik sastra SundaJepangMawarCilokAtikanWaktu jeung usum-usumanIsmail MarzukiTénjolaya, Cicaléngka, BandungNadom alam mahsyarWawangsalanParaguayLentongKila-kilaMuammar KhadafiAdonan (masak)25 JanuariUkar BratakusumahAparteménCucungukSamagaha panonpoéCai1725Feni FitriyantiOpat kalima pancerSistem Geodesi DunyaAyakanGatot MangkoepradjaKihkirKarajaan SriwijayaCihcirKuwaitAs ShoffKawihRampak SekarBalakbakMotorKadalonBabad CirebonTepasWalunganLalandakanMobilRokét caiCuhcurCianjur, CianjurJalmaNagara kahijianBubur béasNgaran urang SundaWikisourceSurabiCarita pantunÉkonomiSolatWikiKampung NagaKecap Rundayan (Basa Sunda)RarakitanAseukSangrayParanjéRarangkén barungSyifa Hadju🡆 More