Al-Mawardi

Abu al-Hasan Ali bin Muhammad bin Habib al-Mawardi (Arab: أبو الحسن علي بن محمد بن حبيب الماوردي), anu nelah disebat Imam Al-Mawardi (Bashrah, k.

364 H/974 M - Baghdad, 450 H/1058 M) nyaéta hiji ulama jenius sarwa tiasa (polimatik) kalahiran Bashrah (ayeuna di nagara Irak).

Saprak mangsa anomna, Al-Mawardi geus guguru macem-macem élmu ageman ti para guruna di Bashrah sarta Baghdad. Ti Bashrah, anjeunna diajar élmu fiqih Syafi'i ka Abul Qasim Abdul Wahid ash-Shimari, sarta élmu hadis ka Hasan bin Ali al-Jayli, Muhammad bin Ma'ali al-Azdi, jeung Muhammad bin 'Adi al-Munqari. Saterusna dituluykeun ti Baghdad diajar élmu-élmu hukum, sastra, sarta basa Arab ka Abdullah al-Baqi jeung Abdul Hamid al-Isfarayni.

Al-Mawardi mangrupa panganut mazhab Syafi'i. Anjeunna diaku minangka ahli hukum, sarta berkali-kali nyekel kalungguhan minangka kadi (hakim) di mangsa pamaréntahan Bani Abbasiyah. Sajaba ti éta, anjeunna ogé ngabogaan tugas minangka utusan dina perundingan antawis para khalifah Bani Abbasiyah sarta para sultan Bani Buwaihiyah. Di widang élmu kauninga, Al-Mawardi saéstuna ngahasilkeun seueur karya serat, nanging anu tiasa kénéh kapanggih ngan kira-kira 12 kitab waé. Karya-karya kasebat nyaéta:

  • An-Nukat wa al-'Uyun fi Tafsir al-Qur'an al-Karim (tapsir)
  • Al-Hawi al-Kabir (énsiklopédi fiqih Syafi'i, 20 jilid)
  • Al-Iqna (ringkasan ti Al-Hawi)
  • Adab al-Qadhi
  • A'lam al-Nubuwwah
  • Adab ad-Dunya wa ad-Din
  • Al-Ahkam as-Sulthaniyyah wa al-Wilayah ad-Dinniyyah (pulitik pamaréntahan)
  • Nasihah al-Mulk
  • Tashil an-Nadzar wa Ta'jil adz-Dzafar
  • Qawanin al-Wazarah wa Siyasah al-Malik
  • Fi an-Nahwu
  • Al-Amtsal wa al-Hikam

Al-Mawardi tilar dunya dina ping 30 Rabi'ul Awwal 450 H, dina yuswa 86 taun. Anjeunna dimakamkeun di pasaréan Bab Harb di Baghdad.

Rujukan

Tags:

Basa ArabIrak

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ParaguayKomunikasiNgawuluku.ieTambagaGosaliGedoganIrakDunyaCaah déngdéngJungkookMalariaLionel MessiSurachman R.M.Opak1869Basa SundaWirangrongDéwi SartikaJamaikaUgaSuung1859És CingcauGénétikaHumaBulan purnamaJukutRarangkén pi--eunGamelan DegungHihidKampung PuloKampung KutaUcing sumputSamsoediSeserahanJackie ChanPuisi sundaDongéngDongeng-Dongeng SasakalaKarajaan SundaRarangkén -keunRakitan lantipIwa Kusuma SumantriBabad Cirebon.auBabasan jeung paribasaKudaKleponHiperténsiKendang.thCipatiTurkménistanGereja Katolik RomaMijalmaRarangkén ka--anChairil AnwarGotong royongAksara GedéWikikamusSosiologiBudak TimuPancakaki.atTahu Sumedang🡆 More