2 Nopémber

2 Nopémber nyaéta poé ka-306 dina sataun (ka-307 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 59 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1899 – Kaum Boer ngamimitian ngepung Kota Ladysmith nu ditempatan ku Inggris nu lumangsung salila 118 poé dina Perang Boer Kadua.
  • 1912Bulgaria ngéléhkeun Kasultanan Turki Ustmani dina Patempuran Lule Burgas sarta muka jalan pikeun asup ka Konstantinopel.
  • 1914 – Karajaan Rusia nyatakeun perang ka Kasultanan Turki dina Perang Dunia I ngabalukarkeun ditutupna Selat Dardanella.
  • 1917 – Déklarasi Balfour ngaproklamirkeun dukungan Inggris pikeun “diwangunna hiji padumukan nasional di Palestina pikeun urang-urang Yahudi,” ku pamahaman nu atra yén “teu kudu milampah naon-naon pikeun kamungkinan karugian hak-hak agama jeung sipil pikeun komunitas non-Yahudi nu geus ngeusian ti heula.”
  • 1920 – Di Amérika Sarikat, KDKA Pittsburg mimiti siaran minangka stasiun radio komérsil munggaran.
  • 1936The British Broadcasting Corporation nyieun Layanan Télévisi BBC, minangka layanan “high definition" nu munggaran di dunia. Taun ’64 ganti jadi BBC1, tur masih kénéh jalan nepi ka kiwari.
  • 1949 – Konferénsi Méja Bunder Indonésia – Walanda di Den Haag, di mana Walanda satuju pikeun nyérénkeun kakawasaan ka Indonésia Sarikat.
  • 1951 – Genep rébu tentara Inggris miang ka Mesir pikeun mareman kakacoan di zona Terusan Suéz.
  • 1951 – Dina Perang Koréa, sapeleton Résimén Kanada mertahankeun hiji area vital ngalawan sabatalion pinuh pasukan Cina dina Patempuran Song-gok Spur. Campuh lumangsung semet ka isuk-isuk poé isukna.
  • 1956Israél ngarebut Jalur Gaza.
  • 1963 – Présidén Viétnam Kidul Ngô Đình Diệm dipaténi dina hiji kudéta militer.
  • 1964 – Raja Saud ti Arab Saudi diléngsérkeun dina hiji kudéta kulawarga, sarta digantikeun ku dulur sabapana, Faisal.
  • 1984 – Velma Barfield, palaku panelasan noron jadi awéwé munggaran nu diéksékusi mati di AS ti saprak taun 1962.
  • 1986 – Sandera AS, David Jacobsen, dibébaskeun di Béirut sabada 17 bulan ditawan.
  • 1999 – Rajapati Xerox, Bryan Koji Uyesugi nembak dalapan jalma, maténi genep batur gawé jeung pangawasna. Mangrupakeun kajadian panelasan masal pangparahna dina sajarah Hawaii.

Nu babar

  • 682 – Umar bin Abdul Aziz, Khalifah Dinasti Umayyah (td. 720)
  • 971 – Mahmud Ghaznawi, Sultan kahiji Dinasti Ghaznawiyah (td. 1030)
  • 1755 – Marie Antoinette, ratu Perancis (td. 1793)
  • 1795 – James K. Polk, présidén ka-11 AS (td. 1849)
  • 1929 – Muhammad Rafiq Tarar, présidén Pakistan ka-9
  • 1938 – Pat Buchanan, jurnalis jeung politisi Amérika
  • 1957 – Carter Beauford, pamaén dram Amérika (Dave Matthews Band)
  • 1963 – Bobby Dall, pamaén bass Amérika (Poison)
  • 1963 – Borut Pahor, présidén ka-4 Slovénia
  • 1965 – Shahrukh Khan, béntang pilem India
  • 1966 – David Schwimmer, aktor Amérika
  • 1969 – Reginald Arvizu, musisi Amérika (basis Korn; gitaris StillWell)
  • 1972 – Darío Silva, pamaén bola Uruguay
  • 1980 – Kim So-yeon, artis Koréa Kidul
  • 1981 – Katharine Isabelle, artis Kanada

Nu pupus

  • 1963 – Ngô Đình Diệm, présidén kahiji Républik Viétnam (l. 1901)
  • 2009 – Ellya Khadam, artis taun 70-an (l. 1928)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

2 Nopémber 

Tags:

2 Nopémber Kajadian2 Nopémber Nu babar2 Nopémber Nu pupus2 Nopémber Poé peré poé panginget-nginget2 Nopémber Tumbu luar2 NopémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

LampingGolodogJungkook1725Alun-alunWajitAseukKecap Rundayan (Basa Sunda)Kampung adat CireundeuAmis mataBubur béasHak ciptaProsaElon MuskEmma PoeradiredjaParahuluCahyaSahadat buhunParabelKecap asalLionel MessiSyifa HadjuDunyaPelita Bandung RayaRumpakaSajarah basa SundaKuda rénggongMata uangMotorPusdikpassusHendri SaputraGaya basa (Sunda)Nagara kahijianAdonan (masak)Daptar kode telepon di IndonésiaLondokPrabowo SubiantoPerang Dunya IIKulawargaJackie ChanAparteménJatayuSunan Gunung JatiAntartikaWaditraNyi Pohaci Sanghyang AsriBasa SundaEuis KomariahPanyajakWareguSisindiranBasa PolandiaOpat kalima pancer.smKritik sastra SundaKecap AsalEmih kocokKudaDaptar tempat di One PieceKampung DukuhPotosintésisSéroLeuncangeunKarédokSulingBatagor🡆 More