18 Nopémber

18 Nopémber nyaéta poé ka-322 dina sataun (ka-323 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 43 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1095 – Déwan Clermont dimimitian, diluluguan ku Paus Urban II, nungtun kana pangiriman Pasukan Salib Munggaran ka Tanah Suci.
  • 1421 – Témbok tanggul laut di Zuiderzee di Walanda pejah, ngabanjiran 72 désa sarta nelasan kurang leuwih 10.000 jalma. Kajadian ieu tuluy nelah minangka banjir Santa Elisabéth.
  • 1493Christopher Columbus mimiti manggihan Puérto Riko.
  • 1494 – Raja Perancis Charles VIII ngarebut Florens, Itali.
  • 1601 – Tiryaki Hasan Pasha, gupernur propinsi Turki Ustmani, ngancurkeun pasukan Habsburg nu dipingpin ku Ferdinand ti Archduke Austria nalika pangepungan Nagykanizsa.
  • 1626 – Basilika St. Peter nu anyar diresmikeun.
  • 1809 – Kapal perang Perancis ngéléhkeun kapal India Wétan Inggris di Basisir Bengal, dina Perang Napoleon.
  • 1812 – Perang Napoleon: Patempuran Krasnoi réngsé dina kasoranna Perancis, tapi Marsekal Perancis Michel Ney jadi kawentar ku sebutan “pangwanianna di antara nu waranian”.
  • 1863 – Raja Christian IX ti Dénmark néken konstitusi Nopémber nu nyatakeun Schleswig minangka bagéan ti Dénmark. Hal ieu ditempo ku Konfederasi Jérman minangka palanggaran kana Protokol London sarta tuluy nungtun kan perang Jérman – Dénmark taun 1864.
  • 1901 – Inggris jeung Amérika Sarikat néken Pasini Hay–Pauncefote, nu ngabatalkeun Pasini Clayton–Bulwer sarta narik kabeuratan Inggris kana kontrol Amérika di Terusan Panama.
  • 1903 – Pasini Hay–Bunau-Varilla ditanda tangan ku AS jeung Panama, mikeun ka AS hak-hak éklusif kana Zona Terusan Panama.
  • 1909 – Dua kapal perang AS dikirim ka Nikaragua sabada 500 révolusionér (kaasup dua urang Amérika) diéksékusi ku paréntah José Santos Zelaya.
  • 1912 - Muhammadiyah ngadeg di Yogyakarta ku K.H. Ahmad Dahlan.
  • 1918Latvia nyatakeun merdéka ti Rusia.
  • 1928 – Dipedalkeunna filem pondok Steamboat Willie, filem kartun munggaran nu boga sora nu sapinuhna sinkron, nu disutradaraan ku Walt Disney jeung Ub Iwerks, mintonkeun pamintonan karakter Mickey Mouse jeung Minnie Mouse katilu kalina. Hal ieu dianggap ku pausahaan Disney minangka poé wetonna Mickey.
  • 1943Perang Dunia II: Patempuran Bérlin: 440 pasawat Angkatan Udara Inggris ngabom Bérlin, ngabalukarkeun ngan saeutik karusakan sarta maténi 131 jalma. Angkatan Udara kaleungitan 53 kru udarana.
  • 1949 – Panémbakan Landeuh Iva lumangsung sabada para panambang Enugu di Nigeria nuluykeun protés ngeunaan pangbayaran; 21 ditémbak mati sarta 51 urang tatu ku pulisi dina pangawasan administrasi kolonial Inggris di Nigeria.
  • 1963 – Telepon tombol pencet mimiti disadiaan.
  • 1978 – Di Jonestown, Guyana, Jim Jones mimpin Kuil Masyarakat pikeun ngalakukeun bunuh diri / silih paéhan massal – nu korbanna 918 jiwa, 909 di Jonastown, kaasup leuwih ti 270 barudak. Anggota kongrés Leo Ryan geus ditelasan ku anggota-anggota Kuil Masyarakat sababaraha jam saméméhna.
  • 1993 – NAFTA disatujuan ku Déwan Pangwakilan AS.
  • 1993 – Di Afrika Kidul, 21 partéy poltik nyatujuan kana hiji konstitusi anyar, ngarubakkeun hak pamilihan sarta ngeureun kakawasaan minoritas kulit bodas.
  • 1999 – Di Universitas Texas A&M, Api Ungun Aggie rubuh, nelasan 12 murid sarta natuan 27 séjénna.
  • 2011Minecraft dipedalkeun.

Nu babar

  • 1774 – Wilhelmina ti Prusia, Ratu Walanda (td. 1837)
  • 1787 – Louis Daguerre, fisikawan Perancis nu nyiptakeun prosés photo munggaran (td. 1851)
  • 1940 – Qabus bin Said, Sultan Oman
  • 1942 – Linda Evans, artis Amérika
  • 1942 – Susan Sullivan, artis Amérika
  • 1945 – Mahinda Rajapaksa, présidén ka-6 Sri Langka
  • 1960 – Elizabeth Perkins, artis Amérika
  • 1962 – Kirk Hammett, gitaris Amérika (Metallica)
  • 1963 – Peter Schmeichel, kiper Dénmark
  • 1968 – Owen Wilson, aktor Amérika
  • 1969 – Sam Cassell, pamaén baskét NBA
  • 1976 – Matt Welsh, atlét ngojay Ustrali
  • 1981 – Nasim Pedrad, artis Amérika kalahiran Iran
  • 1982 – Damon Wayans Jr., aktor Amérika
  • 1985 – Nabila Syakieb, béntang sinétron Indonésia

Nu pupus

  • 1247 – Robin Hood, pahlawan carita rakyat Inggris (l. 1160)
  • 1886 – Chester A. Arthur, présidém AS ka-21 (b. 1829)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

18 Nopémber 

Tags:

18 Nopémber Kajadian18 Nopémber Nu babar18 Nopémber Nu pupus18 Nopémber Poé peré poé panginget-nginget18 Nopémber Tumbu luar18 NopémberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Emma PoeradiredjaBandung Lautan Api.mwRarangkén di-SisingaanRarangkén -anCut Nyak DhienKumeli jawaBumiZaitunApemSawérJackie ChanUncal SundaSiribJunichiro KoizumiTatangkalanSastra SundaDogdog PangréwongJamaikaKawihComroKomputerMawarFeni FitriyantiNASADaptar istilah sora satoKecap (basa Sunda)Bugis (kadaharan)Taufik HidayatInumanSundaNagara kahijian21 JuliAdatRidwan KamilAjagCoétBacharuddin Jusuf Habibie2020HateupBismillahSondahKusumah AtmajaMantra SundaFotoKaso beuritAseukSutradaraPeer to PeerGosaliUmar Wirahadikusumah.szAdonan (masak)PupukJeujeurDana Alokasi UmumKecap asalTélékomunikasiKancraRarangkén ting-YouTubeTatarucinganParanjéLalandakanWareguBudak TimuWiki🡆 More