Dina widang kimia jeung manufaktur, éléktrolisis nujul ka métodeu misahkeun unsur-unsur jeung sanyawaan nu kabeungkeut sacara kimia ku cara diasupan arus listrik.
Sanyawa ionik dileyurkeun dina hiji pelarut, atawa dilééhkeun ku panas,antukna ionna aya dina cairan. Arus listrik dialirkeun antara sapasang éléktroda inert nu dikeueum dina cairanana. Unggal éléktroda narik ion-ion anu muatanana sabalikna. Ion nu muatanana positip (kation) kabetot ku éléktroda négatip (katoda), sedengkeun ion nu muatanana négatip (anion) kabetot ku éléktroda positip (anoda). Énérgi nu dipikabutuh pikeun misahkeun ion-ionna antukna ngagunduk di éléktroda papasanganana asalna tina listrik. Hasil tina ieu prosés nyaéta kaserep/kabeungkeut atawa dileupaskeunana éléktron ku ion-ion ngabentuk unsur atawa sanyawa anu dipikahayang.
Oksidasi anion bisa lumangsung dina anoda, sedengkeun di katoda bisa lumangsung réduksi kation. Conto oksidasi kation di anoda:
Bisa ogé anion diréduksi di katoda:
Molekul nétral bisa ogé robah dina éta dua éléktroda. Conto:
Jumlah énérgi listrik anu kudu ditambahkeun sarua jeung parobahan énérgi bébas Gibbs réaksina ditambah kaleungitan dina sistemna.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Éléktrolisis, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.