Karéta Api Sancaka Utara

Karéta api Sancaka Utara nyaéta karéta api kelas éksekutip-bisnis anu ngalayanan ruteu Surabaya Pasarturi–Kutoarjo liwat Bojonegoro–Gambringan–Solo.

Sancaka Utara
Karéta Api Sancaka Utara
Karéta api Sancaka Utara
Informasi
Sistem Karéta api antar kota
Kelas Éksekutip jeung bisnis
Status Beroperasi
Lokal Daop 8 Surabaya
Stasion terminus Stasion Surabaya Pasarturi
Stasion Kutoarjo
Jumlah stasion 15
Ruteu Surabaya Pasarturi-Bojonegoro-Gambringan-Solo Balapan-Kutoarjo
Operasi
Dibuka 1 Désémber 2019
Dipiboga ku PT Kereta Api Indonesia
Operator Daérah Operasi VIII Surabaya
Karakter lintas datar
Lokomotip CC201, CC203, CC206
Data téhnis
Lébar sepur 1.067 mm
Gancangna operasional 70-100 km/jam

Karéta api ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VIII Surabaya. Karéta ieu mangrupa karéta api munggaran anu ngalayanan ruteu Surabaya-Kutoarjo liwat Gambringan. Ngaran "Sancaka" dicokot tina ngaran oray sanca anu bisa tahan dina sagala kaayaan

Karéta api ieu resmi dioperasikeun di tanggal 1 Désémber 2019 di Stasion Surabaya Pasarturi, ku Wakil Gubernur Jawa Wétan, Émil Dardak. Dioperasikeunna KA ieu dipiharep bisa ngakomodir panumpang anu ti Bojonegoro jeung Lamongan ka Solo jeung Yogyakarta, atawa sabalikna tanpa transit heula.

Karéta api Sancaka Utara ngagunakeun jalur karéta api Gambringan-Gundih, anu asalna tara dipaké pisan. Jalur éta ngan jadi jalur darurat sawaktu-waktu lamun jalur KA Gambringan-Brumbung jeung Gundih-Brumbung aya gangguan. Jalur ieu kungsi dipaké ku karéta barang migas ti Stasion Rewulu ka Stasion Cepu di taun 2005.

Spesifikasi karéta

Lintasan lalampahan Surabaya Pasarturi - Kutoarjo pp.
Lokomotip CC201, CC203, CC206
Rangkéan 4 karéta kelas éksekutip (K1 KTA) + 1 karéta makan pembangkit (MP2 KTA) + 4 karéta kelas bisnis (K2 KTA)


Catetan : Susunan rangkéan ogé barobah unggalna

Jumlah tempat diuk 456 tempat diuk

Jadwal karéta api

Ieu jadwal karéta api Sancaka Utara per 1 Désémber 2019 (dumasar Gapéka 2019).

Stasion Nepi Indit
KA 165/168/169 Sancaka Utara (Surabaya Pasarturi-Kutoarjo)
Surabaya Pasarturi - 07.00
Lamongan 07.37 07.40
Babat 08.04 08.07
Bojonegoro 08.31 08.40
Cepu 09.14 09.17
Randublatung 09.39 09.42
Kradenan 10.09 10.12
Gambringan 10.38 10.43
Gundih 11.04 11.07
Salém 11.31 11.33
Solo Balapan 11.54 12.00
Klatén 12.28 12.31
Yogyakarta 12.56 13.14
Watés 13.32 13.35
Kutoarjo 14.07 -
KA 170/167/166 Sancaka Utara (Kutoarjo-Surabaya Pasarturi)
Kutoarjo - 17.15
Watés 17.44 17.47
Yogyakarta 18.15 18.20
Klatén 18.47 18.49
Solo Balapan 19.15 19.27
Salém 19.50 19.59
Gundih 20.26 20.31
Gambringan 20.52 21.00
Kradenan 21.25 21.28
Randublatung 21.55 21.58
Cepu 22.21 22.25
Bojonegoro 22.47 22.57
Babat 23.27 23.30
Lamongan 23.54 23.57
Surabaya Pasarturi 00.35 -

Tingali ogé

Karéta api

Rujukan

Tumbu kaluar

(id) Loka Resmi PT Kereta Api Indonesia (Persero) Archived 2023-08-15 di Wayback Machine

Tags:

Karéta Api Sancaka Utara Spesifikasi karétaKaréta Api Sancaka Utara Jadwal karéta apiKaréta Api Sancaka Utara Tingali ogéKaréta Api Sancaka Utara RujukanKaréta Api Sancaka Utara Tumbu kaluarKaréta Api Sancaka UtaraDaérah Operasi VIII SurabayaStasion KutoarjoStasion Solo BalapanStasion Surabaya Pasarturi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Gending karesménTata ngaran biologi1530Madonna ti KyivMuhammadiyahTaunRahwana34Tahu Sumedang4RTatang SumarsonoIngon-ingonSPréféktur ShizuokaSaptu192945AplikasiBasa SpanyolEdwin HubbleKanada486SuisTéoréma Bayes2 DésémberSahadat buhunNagara di dunya2008GaréjaQRusiaÉkonomiHumaFungisidaIrakÉfék ukuranATNyi Pohaci Sanghyang AsriAsia17BiométrikBakuAcéhTogoCaturanggaKunci1931Bulu kumuutVanuatu15 April83Médan magnétikTepasAgustusParahuluPakistanWikiKaréta api Argo ParahyanganSasanggaleunKacamatanNovelWangenan BudayaMekahAprilTututCadas Pangéran26 April🡆 More