Macan Dahan Sunda

Macan Dahan Sunda
Temporal range: Pléstosin Awal - Kiwari
Macan Dahan Sunda
Macan Dahan Sunda di hilir Walungan Kinabatangan, Sabah wétan, Malaysia
Status konservasi
Macan Dahan Sunda
Vulnerable (IUCN 3.1)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Chordata
Kelas:
Mammalia
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Pantherinae
Génus:
Neofelis
Spésiés:
N. diardi
Ngaran binomial
Neofelis diardi
G. Cuvier, 1823
Macan Dahan Sunda
Sebaran Macan Dahan Sunda
Sinonim

Felis diardii
Felis macrocelis
Felis marmota
Neofelis nebulosa diardi

Macan dahan Sunda (Neofelis diardi) nyaéta hiji spésiés ucing liar ukuran sedeng nu hirup di Kalimantan jeung Sumatra. Taun 2006, ieu spésiés kakara dipisahkeun ti dulurna Macan dahan (Neofelis nebulosa) di daratan utama buana Asia.

Taun 2008 IUCN ngasupkeun ieu spésiés kana kelas rawan, ku sabab ukuran populasi éféktifna kurang ti 10.000 (sawawa) anu terus ngurangan.

Saméméhna, ieu spésiés katelah Macan dahan Bornéo (Basa Inggris: 'Bornean clouded leopard') — ngaran anu dipublikasi ku WWF dina Maret 2007, nyonto omongan Dr. Stephen O'Brien ti Lembaga Kangker Nasional AS, "Hasil panalungtikan genetik écés nuduhkeun yén macan dahan di Kalimantan kudu dianggap salaku spésiés anu misah".

Dedegan

Macan dahan Sunda téh ucing panggedéna di Bornéo, awakna seseg, beuratna 12–25 kg. Panjang sihungna nepi ka 5 cm, buntutna mapakan panjang awakna. Pola buluna teu tetep, tapi sacara umum kawas awan (ku kituna dina basa Inggris katelah "clouded leopard", "maung tutul awan"). Najan para élmuwan geus wanoh ka ieu sato ti awal abad ka-19, ieu sato kakara diaku salaku hiji spésiés taun 2006, lain subspésiés ti Neofelis nebulosa.

Sebaran jeung habitat

Macan dahan Sunda sigana ukur aya di kalimantan jeung Sumatra. Di Kalimantan kapanggih di leuweung hujan lebak (handapeun 1500 m lbl) jeung di leuweung geledegan (leuwih saeutik). Di Sumatra kapanggih leuwih loba hirup di pagunungan, tapi can kanyahoan aya/henteuna di Kapuloan Batu deukeut Sumatra anu laleutik.

Ékologi jeung paripolah

Paripolah/pola hirup macan dahan Sunda can pati dipikawanoh ku sabab tara kawénéhan, tapi sacara umum hirupna resep nyorangan.

Macan dahan ilaharna néang mangsa dina taneuh sarta ngamangpaatkeun kabisana dina tétérékél pikeun nyingkahan bahya.[rujukan?]

Ngaran lokal

Di Indonésia ieu sato katelah "macan dahan", anapon dina basa Malayu (baheula dipaké di Sumatra, kiwari masih dipaké di Malaysia) disebut "harimau dahan".[rujukan?]

Rujukan

Tutumbu kaluar

Artikel kalawarta anu bisa kénéh dibuka:

Tags:

Macan Dahan Sunda DedeganMacan Dahan Sunda Sebaran jeung habitatMacan Dahan Sunda Ékologi jeung paripolahMacan Dahan Sunda Ngaran lokalMacan Dahan Sunda RujukanMacan Dahan Sunda Tutumbu kaluarMacan Dahan Sunda

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

MatoaUni SoviétKacapiSeni PintonanSéroJamaikaTaleusDodol GarutWalungan CitarumRarangkén pa--anPanganténan SundaÉs dogérWikipédiaHahayaman (Kaulinan)MawarCereméKampung NagaOpakAgus SalimNovelBéklen2015 XJ1Umar WirahadikusumahSeblakSisidueunFabelKila-kila13 JuniDongéngKohkolIsyana SarasvatiChūya Nakahara25 NopémberPakarangSyahriniNgaruwatLisungKabupatén Kulon ProgoMohammad HattaPeso PangotOrdo (Biologi)AbdasAmalIqroBeuratSintungCareuh bulanFosilKulawargaRahmatullah Ading AffandieDiksiSatoTalenanIngon-ingonDyah Pitaloka CitraresmiWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniKabayaNgadu kaléciPeristiwa Kapunahan Kapur-TérsiérBakiAutobiografiDaptar istilah ngeunaan sasatoanAyakanBola VoliKamalirSangrayPayungSajarah lisanGéografiDramaBhinneka Tunggal IkaSahadatPengacaraFatmawatiTéater🡆 More