Kim Seon-Ho

Kim Seon-ho (lahir Méi 8, 1986) nyaéta saurang aktor ti Koréa Kidul.

Anjeunna ngamimitian karir di panggung teater sateuacan debut tahun 2017 dina sérial tipi Good Manager. Anjeunna janten kawentar pedah séri televisi Start-Up (2020). Salajengna langkung seueur pangakuan pikeun peran utami na di Hometown Cha-Cha-Cha (2021), anu disiarkeun dina tvN sareng Netflix. Taun 2021, anjeunna kapilih janten Aktor Tipi Tahun 2021 Gallup Korea.

Kim Seon-ho
Babar08 Méi 1986 (1986-05-08) (yuswa 37)
Seoul, South Korea
Pagawéan
  • Television Actor
  • Theater actor
Tawis leungeunKim Seon-Ho
RamatlokaOfficial Website

Atikan

Kim putra hiji-hijina, pituin Bongcheon-dong, di Seoul. Baheula, Kim budak isinan jeung borangan kusabab hiji kajadian nu ngajieun trauma. Imah anjeunna pernah dirampok, indung Kim ditubles ku péso. Kim teu kuma onam pedah kaburu nyumput di kolong ranjang. Basa kelas tilu Kim nuturkeun babaturanna daptar ka kursus akting. Akting ngabantu Kim jadi sonagar jeung ngubaran trauma jaman leutik.

Saatos tamat SMA, Kim kuliah akting di Seoul Institute of the Arts. Lulus meunangkeun gelar ti Departemen Panyiaran sareng Hiburan. Salila kuliah, anjeunna milu klub téater di kampusna. Dina klub téater, Kim ngamimitian akting dina sandiwara theater kayaning My Town, The Seagull, jeung Chunpung's Wife.

Kim ngaréngsékeun wajib militer na di 2007 saméméh debut salaku aktor. Anjeunna jadi asistén instruktur di Pusat Pelatihan Angkatan Darat Nonsan, lajeng teras ngalih jadi pagawé layanan umum. Pengalaman di militer ngalegaan pamikiran Kim.

Karir

Kim mimiti debut di panggung teater New Boeing Boeing (adaptasi tina sandiwara Perancis) taun 2009. Anjeunna maen sandiwara nu sarua taun 2013. Taun 2012, Kim maen jadi lakon Dr. Watson pikeun produksi Korea tina drama Sherlock Holmes selatan William Gillette. Dina ahir taun 2013, Kim jadi aktor utama dina lakon Words I Couldn't Say for 7 Years, ditulis sareng disutradarai ku Park Jung-in, di Teater Daehakro Moonlight. Dina bulan Maret 2014, Kim maen deui dina lalakon nu sami, di Figaro Art Hall di Jung-gu, Ulsan.

Dina usum gugur taun harita keneh, Kim maen dina Rooftop House Cat usum ka-10, nu diayakeun ku Aligator Teater Company. Kim kapilih jadi boga lalakon Lee Kyung-min sanggeus ngéléhkeun sabudeureun 200 aktor sejen dina audisi umum. Lajeng, Kim kapilih deui dina usum ka-11 jeung usum ka-12th.

Dina 2015 anjeunna dicalonkeun pikeun peran judul anu sanés dina lakon Aligator Theatre Company Goal of Love. Dua sandiwara eta lumayan sohor di Daehakro.

Taun 2015, Kim audisi pikeun peran Austin dina adaptasi Koréa sandiwara karangan Sam Shepard nu judulna True West, diarahkeun ku Oh Man-seok. Kim maén salaku Austin kalawan Lee Hyun-wook jeung Moon Sung-il. Aranjeunna maen sareng Jeon Seok-ho, Kim Jun-won, sarta Lee Dae-il, anu maénkeun lanceukna Austin Lee. Numutkeun Interpark, lakon éta rengking kahiji pikeun penjualan tiket téater. Sandiwara ieu dilaksanakeun di University Road A Art Hall ti tanggal 13 Agustus nepi ka 1 Nopémber. Ogé di 2015, anjeunna maénkeun Valentin dina adaptasi panggung Koréa tina lakon Manuel Puig Kiss of the Spider Woman di Art One Theatre, Seoul. Kim manggih kasuksésan jeung dilandih idola téater. Dina 2016, Kim audisi pikeun sababaraha lalakon dina produksi Teater Ganda karangan John Cariani nu judulna, Almost, Maine. Kim meunang lalakon eta ngelehkeun 200-an aktor sejen. Kim kapilih jadi tim kadua nu manggung ti mimiti April 2012.

Tahun di 2016, Kim maen sandiwara téater sareng Aligator Theatre Company. Kim maen deui lakon Austin dina pagelaran True West Return karangan dramawan Sam Shepard. Lajeng maen dina 2016 sandiwara Closer, karangan Patrick Marber, sareng aktor Bae Seong-woo, Kim So-jin, jeung Park So-dam. Anjeunna dipuji ku kritik pedah tanaga dina panggung kuat.

Dina bulan Nopémber 2016, Kim ngagabung kana sandiwara teater karangan Park Dong-wook nu judulna Voice of Millenium. Lakon ieu diproduksi ku Space to Create, perusahaan téater anu diadegkeun ku Ahn Hyuk-won sareng Jeon Seok-ho, jeung iarahkeun ku Park Seon-hee. Pagelaran theater ieu dipintonkeun ti 5 Nopémber nepi ka 31 Désémber di Teater Alit Dongsoong Art Center.

Kim mimiti debut dina tipi awal 2017 dina drama seri KBS2 Good Manager. Kim milu audisi diondang ku produser Lee Eun-jin anu nonton akting Kim dina pagelaran téater Closer. Proyék Kim salajengna nyaeta drama seri KBS2 Strongest Deliveryman. Kim tadina audisi pikeun lalakon pendukung, tapi ku sutradara dijadikeun aktor utama. Kim meunang nominasi pikeun Pangajén Aktor Anyar Pangalusna dina 2017 KBS Drama Awards.

Teras di 2017, Kim maen sareng Jo Jung-suk dina komedi aksi MBC Two Cops salaku tukang tipu. Kim tadina audisi pikeun aktor pendukung, tapi sutradara nunjuk Kim jadi aktor utama pas ningali klip audisi Kim. Kim meunang dua panghargaan dina 2017 MBC Drama Awards. Nalika drama éta disiarkeun, anjeunna balik deui ka lalakon di panggung salaku Valentin dina pagelaran Kiss of the Spider Woman.

Dina taun 2018, Kim ngalakonkeun pelukis dina drama pondok opat episode You Drive Me Crazy, nu disiarkeun dina bulan Méi. Di bulan April, Kim maen dina drama sajarah 100 Days My Prince, minangka Jung Jae-yoon, menak tapi anak ti selir. Ieu drama sajarah Kim nu kahiji.

Dina Séptémber taun éta, Kim ngagabung ka S.A.L.T. Entertaintment sa anggeus kontrak na jeung Aligator Teater Company rengse.

Dina bulan Maret 2019, Kim maén jadi panyanyi dina séri komedi JTBC Welcome to Waikiki 2. Kim, Shin Hyun-soo, Ahn So-hee, Moon Ga-young, sareng Kim Ye-won maen jeung Lee Yi-kyung nu tos maen ti usum kahiji. Dina bulan Oktober, Kim maen drama polisi Catch the Ghost kalawan aktris Moon Geun-young. Dina tanggal 5 Nopémber, Kim ngagabung dina usum kaopat acara KBS2 2 Days & Night, anjeunna nampi Penghargaan Rookie di 2020 KBS Entertainment Awards pikeun tina acara éta.

Ahir taun 2019, Kim maen dina sandiwara teater Mémory in Dream. Anjeunna ngabuktikeun kakuatan ngalarisan tikét, Mung lima menit sanggeus tikét dibuka, sadaya tikét langsung laris. Kim ngalaksanakeun total 33 pagelaran nu ditongton ku kurang leuwih 4.700 panongton téater.

Kim balik deui ka tipi bulan Oktober 2020 drama tvN Start-Up. Akting Kim minangka investor startup nu boga masa lalu nu tragis ditampi kalayan saé ku pemirsa. Anjeunna meunang nominasi pikeun Penghargaan Seni Baeksang pikeun Aktor Pendukung Pangalusna - Televisi. Salila Start-Up disiarkeun, Kim rangking hiji dina reputasi brand bulanan ku Korean Business Research Institute sarta beuki sohor di Korea jeung internasional.

Anjeunna balik deui ka téater dina Januari 2021 dina theater karangan Jang Jin, Ice, dimana anjeunna jadi detektif kasus pembunuhan. Lakon ieu dipintonkeun di S Theatre, Sejong Center for the Performing Arts. Dina waktos anu sarua jeung tanggal mimiti tikét dijual, kabeh Kim Seon-ho langsung laris.

Kim kerjasama jeung Epitone Project pikeun ngarilis lagu "Reason" dina tanggal 8 Méi 2012, anu dinyanyikeun ku anjeunna. Ieu kado ti Kim pikeun penggemarna. Dina tanggal 16 Méi 2021, Kim maen deui lakon Detektif Lee Jong-ryeol, sareng aktor veteran Jung Woong-in, dina sandiwara Ice, salaku acara kadua Tina pagelaran "2021 Play Ten Thousand Won Series", di Seongnam Arts Center. Dina bulan Agustus 2021, Kim maen dina drama tvN Hometown Cha-Cha-Cha kalawan Shin Min-a, minangka Hong Banjang, pangangguran sagala bisa pituin lembur Gongjin. Disiarkeun dina tvN jeung Netflix, séri tipi ieu meunang sukses domestik jeung internasional.

Dina Séptémber 2021, Kim rengkong hiji dina indéks réputasi merek Korea Business Research Institute. Numutkeun Good Data Corporation, Kim rangking hiji di kategori aktor tipi ti minggu ka-3 Agustus dugi ka minggu ka-4 Séptémber; ti minggu ka-1 dugi ka-2 Oktober; sareng rengking kadua dina minggu ka-5 Séptémber 2012. Bulan Désémber 2021, Kim rengking hiji dina Aktor Tipi Tahun 2021 nu dipilih ku Gallup Korea. Anjeunna ogé mimiti syuting pilem kahijina, diarahkeun ku Park Hoon-jung, The Childe. Pamacaan naskah munggaran dilaksanakeun dina 3 Désémber 2021. Mimiti syuting film ti 10 Désémber 2021.

Dina bulan Méi 2022, dibewarakeun yén Kim bakal maen téater Touching the Void karangan David Greig. Dumasar kana carita nyata dua pendaki gunung Inggris, Joe Simpson jeung Simon Yates. Kim maen kalawan Shin Sung-min jeung Lee Hwi-jong pikeun lakon Joe Simpson. Pagelaran munggaran di Korea, diarahkeun ku sutradara Kim Dong-yeon, dipintonkeun di Art One Theatre 2 di Daehangno ti 8 Juli nepi ka 18 Séptémber 2022. Interpark ngalaporkeun yén tikét pikeun pagelaran Kim dina téater 250 korsi parantos seep kasual. Kim nyumbangkeun kabel honor pagelaran téater na. Di April 2023 Kim meunang nominasi pikeun Aktor Pangalusna dina Interpark Golden Ticket Awards pikeun lalakon Joe.

Dina bulan Januari 2023, distributor pilem Acemaker Movieworks ngabewarakeun yén syuting pilem Tyrant dimimitian dina tanggal 2 Januari. Kim maen kalawan aktor senior Cha Seung-won jeung Kim Kang-woo dina pilem aksi neo-noir nu diarahkeun ku Park Hoon-jung.

Taun 2020, Kim kapilih jadi bintang iklan sababaraha merek di Koréa Kidul sareng Asia Kidul Wétan, kaasup baju, éléktronika, kosmétik, kadaharan, e-commerce jeung sajabana. Sababaraha merek anu diiklankeun ku Kim ngahontal rekor untung dagangan tahun 2021, pedah anjeunna kakoncara boh di Korea jeung mancanegara.

Dina ahir Mei, 2021, Kim aya dina pidéo promosi "2021 P4G Seoul Summit," Dina pidéo éta, Kim ngenalkeun proyék dukungan panel surya perusahaan Korea di Afrika. Pidéo dipintonkeun di Naver TV, KakaoTV sareng Saluran YouTube Korea Blue House.

Dina 27 Januari 2021, agénsi Salt ngabewarakeun yén Kim nyumbang 100 juta won ka Korea Childhood Leukemia Foundation. Dina Séptémber 2021, anjeunna kerjasama sareng Marco Rojo pikeun proyék 'Happy Bean Special Funding' ngumpulkeun artos pikeun kaayaan padumukan anu langkung saé pikeun manula. Tilu poé sanggeus dikawinkan dina 3 Séptémber, dana nu kempel 100 juta won, ngaleuwihan target 3600 persen. Dina Désémber 2021, anjeunna nyumbangkeun 50 juta won ka Yayasan Anak Leukemia Korea.

Panghargaan jeung nominasi

Taun Panghargaan Kategori Nominasi Hasil Ref.
2017 MBC Drama Awards ke-36 Penghargaan Keunggulan, Aktor dalam Drama Senin-Selasa Two Cops menang
Aktor Pendatang Baru Terbaik menang
Penghargaan Karakter Terbaik, Karakter Komik nominasi
2017 KBS Drama Awards ke-31 Aktor Pendatang Baru Terbaik Strongest Deliveryman nominasi
2020 Asia Artist Awards ke-5 Penghargaan Popularitas (Aktor) nominasi
Penghargaan Emotif Terbaik (Aktor) Menang
Asia Model Festival ke-15 Model Star Award Citakan:NA Menang
KBS Entertainment Awards ke-18 Pendatang Baru (Acara Ragam) 1 Night 2 Days Menang
2021 Brand Customer Loyalty Awards Tren Ikon (Aktor) Menang
Multitainer Pria Menang
Baeksang Arts Awards ke-57 Aktor Pendukung Terbaik (TV) Start-Up Menang
TikTok Popularity Award Menang
Korean Broadcasting Awards ke-48 Penghargaan Popularitas 1 Night 2 Days Menang
Seoul Drama Awards 2021 Character of the Year Start-Up Menang
Asia Artist Awards ke-6 RET Popularity Award – Actor Menang
U+Idol Live Popularity Award – Actor Menang
2022 Seoul International Drama Award 2022 Outstanding Korean Drama Star (Actor) Hometown Cha-Cha-Cha Menang

Listikel

Nama penerbit, tahun terbit, nama daftar, dan penempatan
Penerbit Tahun Nama Daftar Urutan Ref.
Forbes 2021 Korea Power Celebrity Citakan:Won

Catetan

Tags:

Kim Seon-Ho AtikanKim Seon-Ho KarirKim Seon-Ho Panghargaan jeung nominasiKim Seon-Ho CatetanKim Seon-HoNetflixTipi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Siksikan congcotJamaikaJajangkunganAustraliaAmorphophallus titanumBidaraKota TasikmalayaSinga depaPapua NuginiTongoNgaliwon OrokBaliBoéhDengdaKabupatén CianjurPesta lautKabudayaan SundaKanjutWiki CommonsKalimahArea1458LeungeunKancana, Cikijing, MajalengkaLotékCacarakanLoka Warisan DunyaGodi Suwarna2 DésémberRobert PattinsonIndependent components analysisGoogle ChromeArgéntinaNNyi Pohaci Sanghyang AsriTatakrama pamingpin SundaStatistikaKarajaan NgahijiKecap bilangan (basa Sunda)BabadKafirMuharom1771Uni Afrika55 SMKota DépokSylvester StalloneSapfoTémaBasisir LangitSintaksisPipitiRebabParayKapuloan RiauBabasan jeung paribasaBabad PanjaluLaut TengahAtlasBatubaraSééngSimulasiWajitKabupatén Tulungagung🡆 More