Katabolismeu

Katabolismeu nyaéta jalur métabolik nu ngarecah hiji substrat kompléks molekul organik jadi komponén-komponén panyusunna bari ngaleupaskeun énérgi, umumna dina wangun ATP.

Dina jalur katabolisme, molekul gedé saperti polisakarida, lipid, asam nukleik jeunh protéin bakal dibagi jadi sababaraha molekul anu leuwih leutik saperti monosakarida, asam lemak, nukléotida, jeung asam amino.

Katabolismeu nyaéta prosés waktu awak nyerep dahareun kana molekul leutik dina awak sangkan jai tanaga atawa rencahan karbohidrat. Molekul gedé jeung kompleks dina awak bakal dibagi jadi leuwih leutik jeung basajan. Conto prosés katabolik saruan jeung karbohidrat tina sangu anu asup kana awak. Karbohidrat tuluy dirobah jadi disakarida jeung dibagi deui jadi monosakarida (glukosa). Anu nyababkeun katabolismeu kahambat nyaéta kurang gerak atawa aktivitas, kurang kalori anu dikonsumsi ku awak, kurang saré, setrés jeung nginum obat-obatan anu tangtu.

Dina prosés katabolismeu, aya prosés tina réspirasi sélular atanapi réspirasi sél. Respirasi sélular ngalibetkeun prosés ngarecah molekul organik kompléks anu euyeub ku énergi poténsial jadi produk limbah énergi anu leuwih handap dina tingkat sélularna. Respirasi sélulér miboga opat tahapan, nyaéta glikolisis, dekarboksilasi oksidatif , siklus krebs jeung transfer éléktron.

Prinsip

Katabolisme bisa lumangsung dumasar kana prinsip réaksi réduksi-oksidasi (redoks). Dina réaksi, akséptor éléktron diperlukeun keur narima éléktron tina réaksi oksidasi bahan organik. Jenis-jenis akséptor éléktron anu bisa digunakeun nyaéta NAD (nikotinamide adénine dinucleotide), FAD (flavin adénine dinucleotide), Ubiquinone, Cytochrome, atawa Oksigén.

Rujukan

Tags:

Adénosin trifosfatAsam aminoAsam lemakAsam nukléatLipidMolekulMonosakaridaPolisakaridaProtéinSanyawa organikÉnergi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ParahuluNangka19181929HumaMarilyn MonroeAksara Sunda KunaGegetukNyi Pohaci Sanghyang AsriAlloh40AnjingISO 3166-11066Abad ka-20Purchasing power parityBabasanSitus Gunung PadangNikola Tésla.mhKoalaSuungSan MarinoKecap sulurWikiDaptar taunZirkoniumYokohamaEtnografi.pnSingapuraAmérika SarikatKampung adat Cireundeu1842Diksi14 SéptémberKarbon dioksida.frRarangkén -anMiléniumIbing1949JuliAr-Ra'dGerakan Pramuka IndonésiaNutrisiCaturanggaGatot MangkoepradjaPKota SurabayaIsraélSoun17 PébruariSajakDataBéntang PasantrénKecap barang4Pakeman basa30 AgustusCarios Ki Santri GagalWayang GolékI1953RomaniaAkarPupuhAteji1997492001Mundinglaya Dikusumah13 AgustusSistem Hijian Internasional🡆 More