Dahlia nyaéta pepelakan anu beutian sarta sipatna taunan (perenial), kembangan dina usum panas nepi ka usum gugur.
Dahlia nyaéta kembang nasional nagara Méksiko anu ogé mangrupa nagara asalna ieu kembang.
{{{ngaran}}} | ||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
200px|Dahlia Dahlia 'Dahlstar Sunset Pink' | ||||||||||||
Klasifikasi ilmiah | ||||||||||||
| ||||||||||||
Spesies | ||||||||||||
30 jenis, 20.000 varietas |
Dina taun 1872, nagri Walanda nampa sakotak beuti dahlia anu dikirim ti Méksiko. Tina sakotak beuti kembang Dahlia tétéla ngan hiji beuti anu hasil kembangan tapi ngahasilkeun kembang nu éndah sarta boga warna beureum kalawan daun kembang anu seukeut. Ahli pepelakan hasil ngabudidayakeun dahlia anu saterusna dingaranan Dahlia juarezii. Dahlia juarezii mangrupa karuhun sakabéh kembang dahlia hibrida anu aya kiwari.
Tangkal dahlia nyaéta kadaharan larva sawatara spesies Lepidoptera (wanda kukupu).
Kembang dahlia dingaranan pikeun ngahormat ahli botani bangsa Swédia ti abad ka-18 anu ngaranna Anders Dahl.
Dahlia ogé mangrupa kembang resmi dayeuh Seattle, nagara bagian Washington, Amérika Sarikat.
Kembang dahlia anu dipikawanoh ku urang ayeuna diwangun ku ratusan kultivar. lolobana variétas tangkal dahlia ngahasilkeun kembang anu warnana caang sarta matak hélok, ku kituna dahlia mangrupa komoditas penting pikeun industri kembang.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Dahlia, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.