Cumi-Cumi

†Plesioteuthididae (incertae sedis) Myopsina Oegopsina

Cumi-cumi
Cumi-Cumi
Mastigoteuthis flammea
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Animalia
Filum:
Mollusca
Kelas:
Cephalopoda
Subkelas:
Coleoidea
Superordo:
Decapodiformes
Ordo:
Teuthida

A. Naef, 1916b
Subordo

Cumi-Cumi
Cumi-Cumi nu diéntép

Cumi-cumi mangrupa salah sahiji sato laut ti kulawarga Loliginidae, kelas Cephalopoda. Dina basa latin, cumi-cumi dipikawanoh ku sebutan Loligo spp, tapi dina basa Inggris disebut squid. Di Indonesia, cumi-cumi dipikawanoh ogé dipikawanoh maké sababaraha istilah, kayaning enus, nus, sotong atawa sontong bunga. Sato laut ieu biasana diala nalika peuting maké lampu patromaks salaku alat pikeun ngirutna. Sato ieu umuna resep kana cahaya nalika peuting. Golongan cumi-cumi bisa diala maké alat bubu, jaring angkat, jaring insang, pukat cingcin, pukat udang, rawai tuna atawa séro.

Kandungan Kimia

Ditilik tina niley gizi, cumi-cumi miboga kandungan gizi anu loba pisan ku sabab kandungan proteinna kawilang gedé ku sabab protéin anu gedé nyaéta 17,9 g/100 g cumi seger. Daging cumi-cumi miboga kaonjoyan dbandingkeun jeung hasil laut séjénna nyaéta euweuh tulang belakangana, babari dicerna, miboga rasa jeung aroma nu has, ngandung sakabéh unsur asam amino ésénsial anu diperlukeun ku awak. Asam amino esensial anu loba dina cumi-cumi nyaéta leusin, lisin jeung fenilalanin. Ari kandungan asam amino nonesensial anu dominan nyaéta asam glutamat jeung asam aspartat. Dua asam amino éta méré kontribusi anu ngabalukarkeun ayana rasa ngeunah jeung gurih. Éta sebabna, sacara alami cumi-cumi miboga cita rasa anu gurih nu geus nyampak nepi ka dina masakna teu kudu ditambahan penyedap kayaning monosodium glutamat/ MSG. Dina cumi-cumi ogé aya sababaraha rupa mineral mikro jeung makro anu jumlahna loba. Kadar mineral anu aya dina cumi-cumi ogé rupa-rupa sanajan dina spésiés anu sarua.Variasi ieu gumantung kana kaayaan lingkungan tempat hirupna, ukuran, jeung umur. Mineral penting anu aya dina cumi-cumi nyaéta natrium, kalium, fosfor, kalsium, magnesium jeung selenium. Lian ti loba proteinna, cumi-cumi ogé mangrupa sumber vitamin anu alus, kayaning vitamin B1/tiamin, B2/riboflavin, B12, niasin, asam folat sarta vitamin larut lemak (A, D, E, K).

Dina cumi-cumi ogé aya TMAO (Trimetil Amin Oksida) anu kawilang loba. TMAO anu loba ieu méré rasa anu has kana daging cumi-cumi. Daging cumi-cumi ogé loba ngandung monoamino nitrogen anu ngabalukarkeun cumi-cumi miboga rasa amis. Kandungan sulfur anu loba ogé dina cumi-cumi ngabalukarkeun cumi-cumi jadi bau hanyir nalika diasakan contona didikulub.

Cairan tinta cumi-cumi sifatna alkaloid, nepi ka teu dipikaresep ku prédator, utamana lauk. Cairan anu warnana poék ngandung butir-butir melanin atawa pigmen hideung. Melanin alami nyaéta melanoprotein anu ngandung 10-15 persen protein. Melanin ieu meungkeut protéin ngaliwatan asam amino anu ngandung sulfur nyaéta sistein.

Mangpaat

  1. Anti tumor, liat ti ngeunah cumi-cumi kebek ku gizi, Aya protein, mineral jeung rupa-rupa vitamin. Tinta cair anu dipibogana miboga fungsi pikeun merangan tumor..
  2. Ngarojong pertumbuhan tulang, Fosfor jeung kalsium miboga fungsi pikeun pertumbuhan kerangka tulang, nu matak loba mangfaatna pikeun pertumbuhan barudak.
  3. Nyingkahan Osteoporosis, Fosfor jeung kalsiumna og miboga fungsi pikeun nyingkahan osteoporosis.
  4. Nurunkeun koléstérol, Kadar lemak daging cumi-cumi kaasup kana asam lemak tak jenuh ganda nyaéta omega 3 anu bisa nurunkeun kandungan koléstérol dina getih.
  5. Ngaaktifkeun sél darah putih, Dumasar kana panalungtikan Hiroki University Jepang, tinta cumi-cumi jeung sotong miboga loba fungsi, nyaéta ngaaktifkeun sél darah putih pikeun merangan panyakit tumor.
  6. Nyageurkeun kulit bernoda jeung berlubang, Biasana ka nu ngarandapan panyakit cacar, kulit jadi bernoda jeung berlubang. Hal ieu bisa diubaran ku cumi-cumi anu geus digaringkeun, ditutu jeung disaring, tuluy dipaké jadi wedak saméméh saré.

Nu Kudu Diperhatikeun Nalika Ngadahar Cumi-Cumi

Kadar lemak dina daging cumi-cumi relatif saeutik, nyaéta 7,5 g/100 g bahan, anu masing-masing 1,9 g asam lemak jenuh; 2,7 g asam lemak tak jenuh tunggal; sarta 2,1 g asam lemak tak jenuh ganda.

Sanajan kitu, konsumsi cumi-cumi anu kaleuleuwihi kudu disingkahan ku sabab kadar kolesterolna lumayan loba, nyaéta nepi ka 260 mg/100 g bahan. Di kelompok lauk laut, kadar kolesterol pada cumi, udang, lobster dan kepiting, memang tergolong tinggi. Namun, kadar kolesterol dina produk éta masih kénéh kawilang leutik dibandingkeun jeung endog kokonéngna, haté, jeroan sarta otak sato ingon..

Dina awak manusa, kolésterol bisa disintésis sorangan dina awak, nyaéta dina bagéan haté, korteks, adrénal, kulit, usus, testis, lambung, otot, jaringan adiposa jeung otak.Kurang leuwih 17 persen tina beurat garing otak disusun ku kolésterol. Lamun euweuh kolésterol, struktur otak teu bisa sampurna.

Numut panduan anu dikaluarkeun ku National Heart, Lung and Blood Institute (NHLBI), kadar kolésterol total anu alus pikeun awak manusa kurang ti angka 200 mg/dl, HDL leuwih ti 35 mg/dl, LDL kurang ti 130 mg/dl, jeung trigliserida kurang ti 250 mg/dl. Kadar kolesterol anu aya di luhureun 200 mg/dl bisa ngabalukarkeun ancaman pikeun rupa-rupa panyakit kayaning aterosklerosis/penyumbatan pembuluh darah, stroke jeung panyakit jantung koroner.

Sanajan dianggap bahaya, kolésterol tetep dibutuhkeun ku awak. Manusa rata-rata merlukeun 1.100 miligram kolésterol unggal poé pikeun miara dingding sél jeung fungsi fisiologis séjénna.. Tina jumlah éta 25-40 persen (200–300 mg) sacara normal anu asalna tina kadaharan jeung sésana disintesis ku awak.

Kaunikan

Cumi-cumi bisa nyingkahan pamangsana sacara gancang ngaliwatan pengerutan otot sacara gancang. Lamun ngan saukur sacara gancang teu pati mantuan tapi ku ayana awan tinta pekat jeung poék bisa dikaluarkeun sangkan musuhna reuwas.

Lian ti éta, cumi-cumi ogé miboga sistim perlindungan ku cara ngaganti-ganti warna kulitna sacara gancang, kadang-kadang jadi kabiru-biruan, bodas, beureum atawa coklat. Parobahan warna ieu ku sabab ayana kromatofor anu mangrupa kantong élastis anu eusina pigmén beureum atawa konéng.

Sel-sel pigmén anu élastis ieu dikurilingan ku beungkeutan sél-sél otot anu bisa kontraksi sacara gancang, nepi ka sél-sél pigmén jadi leuwih gedé jeung ngabalukarkeun warnana jadi leuwih écés. Mekanisme ieu ngabalukarkeun cumi-cumi jadi robah warnana lamun meunang rangsangan ti luar. Sistem parobahan warna ieu dipaké ogé jadi alat komunikasi.

Kamuflase

Cumi-cumi spesies Onychoteuthis banksii miboga kamampuh kamuflase unik. Bisa ngarobah warnana tina transparan jadi beureum burem atawa sabalikna pikeun nyingkahan musuhna.Hal éta dipikanyaho sabada ditalungtik ku Sarah Zylinski, panalungtik ti post doktoral di Duke University, Amerika Serikat.

Referensi


Cumi-Cumi 

Tags:

Cumi-Cumi Kandungan KimiaCumi-Cumi MangpaatCumi-Cumi Nu Kudu Diperhatikeun Nalika Ngadahar Cumi-Cumi KaunikanCumi-Cumi KamuflaseCumi-Cumi ReferensiCumi-Cumi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Lionel MessiWX19811560-anBabad CirebonAbdullah MustappaPuseur dayeuhÉkonomiIron MaidenLCDNomer Buku Standar InternasionalZayn MalikUnicode.guTitimplikAmoxicillinAddie MS19784826 MaretDaylight saving time10661956KekecapanBalai PustakaSawalaStatistikaEWayangJazzMongoliaParasitKujangAdolf HitlerNajwa ShihabMahathir MohamadCaturanggaHukumBeutiSuuk1898.erBotaniModulasiHardisk12 OktoberRakun.bwAluvialKadali prosés statistikGelungCacandran31 Méi.byVatikanLaosUcing sumputRomaIrak13LiniHong hongan.ki3326 AgustusTumbung1980AdatAr-Ra'dZMesirRotiLeuncangeunDénmark🡆 More