Stasion Kutoarjo

Stasion Kutoarjo (KTA) (Basa Jawa: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦏꦸꦛꦲꦂꦗ) nyaéta stasion karéta api kelas gedé tipeu B anu perenahna di Semawung Daleman, Kutoarjo, Purworejo.

Stasion ieu luhurna +16 m sarta mangrupa stasion aktip pangwétanna di Daérah Operasi V Purwokerto. Stasion ieu mangrupa stasion kaberangkatan pikeun KA Sawunggalih jeung Kutojaya Utara (duanana jurusan Jakarta); KA Kutojaya Selatan jurusan Bandung; KA Sancaka Utara jurusan Surabaya; sarta layanan komuter KA Prambanan Éksprés/Praméks jurusan Solo. Salaku stasion gedé, ampir kabéh karéta api anu ngaliwatan jalur kidul Pulo Jawa eureun di ieu stasion.

Stasion Kutoarjo

Stasion Kutoarjo

Stasion Kutoarjo
  • Singgetan: KTA
  • Nomor: 2040
Stasion Kutoarjo
Émplasemén Stasion Kutoarjo
LokasiJalan Stasion Kutoarjo 1
Semawung Daleman, Kutoarjo, Purworejo, Jawa Tengah, 54212
Indonésia
KoordinatCitakan:Country abbreviation 7°43′34″S 109°54′26″E / 7.7260088°S 109.9072051°E / -7.7260088; 109.9072051 109°54′26″E / 7.7260088°S 109.9072051°E / -7.7260088; 109.9072051
Luhur+16 m
OperatorDaérah Operasi V Purwokerto
Letak ti pangkal
Jumlah péron5 (hiji péron sisi anu rada jangkung di ujung-ujungna sarta rada pendék di bagian tengahna, hiji péron pulo anu jangkung, sarta tilu péron pulo anu rada jangkung)
Jumlah jalur8:
  • jalur 1: sepur lempeng jalur tunggal arah Purworejo
  • jalur 2: sepur lempeng jalur ganda arah Kroya
  • jalur 3: sepur lempeng jalur ganda arah Yogyakarta
Informasi lain
KlasifikasiBadag tipeu B
Operasi layanan
Tungtung {{{{{system}}} lines|{{{line}}}}}Tungtung
Layanan
Argo Wilis, Argo Lawu (régulér & fakultatif, kajaba fakultatif arah Jakarta), Argo Dwipangga, Bima (arah Surabaya-Malang) Gajayana (régulér & fakultatif), Turangga, Taksaka (fakultatif malam arah Jakarta dan régulér), Mutiara Selatan, Malabar, Singasari, Gaya Baru Malam Selatan, Ranggajati, Wijayakusuma, Anjasmoro, Fajar/Senja Utama Solo, Mataram, Bogowonto, Gajah Wong, Fajar Utama YK, Senja Utama YK, Sawunggalih (régulér & fakultatif), Lodaya (régulér & tambahan), Sancaka Utara, Joglosemarkerto, Logawa, Jayakarta, Jaka Tingkir, Kutojaya Utara (régulér & fakultatif), Kahuripan, Pasundan (régulér & tambahan), Bengawan, Progo, Kutojaya Selatan, Prambanan Éksprés (Praméks), KA Bandara YIA, sarta Parcel ONS
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanÉléktrik tipeu Westinghouse Rail Systems' Train Radio and Advanced Control (Westrace)
Pamesenan tikétSistem tikét online, ngalayanan pamesenan langsung/parobahan jadwal kaberangkatan/ngabolaykeun tikét di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh/menengah.
Lokasi dina peta

Sajarah

Stasion ien kira-kira geus aya di saprak pangwangunan jalur karéta api Cilacap–Kroya–Kutoarjo–Yogyakarta di tanggal 20 Juli 1887. Pangwangunan ieu ogé kasup ngawangun jalur cabang ka Kota Purworejo anu dibuka di tanggal nu sarua. Ti awal pangwagunanna, stasion ieu jadi stasion utama di wilayah Kabupatén Purworejo. Gabungna ieu kabupatén jeung Kabupatén Purworejo di taun 1934 nyababkeun stasion ieu dikokolakeun leuwih éféktif. Stasion ieu husus pikeun kaberangkatan karéta api jarak jauh anu ngaliwatan wewengkon Purworejo, sedengkeun Stasion Purworejo dihususkeun pikeun layanan feeder ka ieu stasion.

Kiwari, wangunan stasion ieu geus teu asli deui, iwal ti hateup overkapping utama anu mayungan jalur 1 nepi ka jalur 3 sarta babaraha pintu jeung témbok jero di émpéran péron jalur 1. Diduga stasion ieu baheulana miboga arsitéktur anu mirip jeung Stasion Purworejo. Ku sabab loba panumpang anu turun unggah di ieu stasion, wangunan utama stasion perelu dirénovasi.

Wangunan jeung tata letak

Stasion ieu boga dalapan jalur karéta api kalawan jalur 2 anu jadi sepur lempeng jalur ganda arah Kroya sarta jalur 3 jadi sepur lempeng jalur ganda arah Yogyakarta, tapi ngan jalur 1-5 anu sok dipaké. Jalur 4-6 maké slab track anu cukup unik tanpa maké batu balast/kricak. Jalur 4 jeung 5 biasa dipaké pikeun kaberangkatan KA Sawunggalih, Kutojaya Utara, Kutojaya Selatan, Sancaka Utara, sarta Prambanan Éksprés. Jalur 6 biasana dipaké pikeun parkir karéta luar dinas sarta langsiran.

Ka arah wétan ti jalur 1 stasion ieu aya jalur ka Purworejo anu panjangna 9 km minangka cabang ti jalur utama anu ngahubungkeun Bandung jeung Surabaya, tapi ayeuna éta jalur cabang téh statusna nonaktip sarta ngan dipaké pikeun nempatkeun babaraha gerbong barang anu geus teu kapaké.

Di jero kompléks stasion aya sub dipo lokomotip. Sub dipo lokomotip ieu boga dua lokomotip diesel hidrolik, nyaéta BB300 06 jeung BB300 16, anu ayeuna ngan dipaké pikeun kagiatan langsir. Sub dipo ieu ogé boga fasilitas anu lengkep. Lokomotipna kawilang leuwih kaurus. Salian ti éta, aya ogé dipo karéta anu husus pikeun karéta-karéta panumpang non KRD anu terminusna (pangeureunan panungtung) di stasion ieu.

Layanan karéta api

Panumpang

Kelas éksekutip

Kelas campuran

Kelas ékonomi AC prémium

Kelas ékonomi AC plus

Kelas ékonomi AC

KAI Komuter

KA Prambanan Éksprés (Praméks), jurusan Yogyakarta

Barang

Parcel ONS (over-night service), jurusan Surabaya liwat Yogyakarta-Madiun-Jombang jeung jurusan:

Persusulan

Galéri

Rujukan

Tutumbu luar

(id) Situs resmi KAI dan jadwal karéta api tahun 2021 Archived 2023-08-15 di Wayback Machine

Jalur karéta api Kroya-Kutoarjo
Stasion saméméhna:
Stasion Butuh
Stasion saenggeusna:
-
Jalur karéta api Kutoarjo-Purwosari
Stasion saméméhna:
-
Stasion saenggeusna:
Stasion Jenar
Jalur karéta api Kutoarjo-Purworejo
Stasion saméméhna:
-
Stasion saenggeusna:
Stasion Purworejo


Tags:

Stasion Kutoarjo SajarahStasion Kutoarjo Wangunan jeung tata letakStasion Kutoarjo Layanan karéta apiStasion Kutoarjo GalériStasion Kutoarjo RujukanStasion Kutoarjo Tutumbu luarStasion KutoarjoBasa JawaDaérah Operasi V PurwokertoJakartaJawaKaréta api Kutojaya SelatanKaréta api Kutojaya UtaraKaréta api Prambanan ÉksprésKaréta api Sancaka UtaraKaréta api SawunggalihKota BandungKota SurabayaKota SurakartaSemawung Daleman, Kutoarjo, PurworejoStasion karéta api

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Bhinneka Tunggal IkaCareuh bulanKompas TVAtikanRaffi AhmadBasisir LangitOlah ragaÉtiopiaMeriBeulahan MarcapadaPopong Otje DjundjunanMudikSajak SundaRarangkén pada-NgalamarGoenawan MohamadDamdamanSutradaraDurmaWawacan Panji WulungFCCKlepon1471Bawang daunNgadu kaléciKecap barangKecap (basa Sunda)JamaikaTepasMantra SundaSerena (Pokémon)Rarangkén pa--anTémpéKaréta api Gajah WongWajitMuriangKiara wunukJuru limaLeupeutBandrékSudanIndonésiaBuahMyanmarYayan RuhianCC201Mark ZuckerbergCarita biasaBasa kostaPasantrénTabél periodikPamayangSi UnyilCangkilungPasarikatan Bangsa-BangsaSondahAl KafirunPésoJagat nyongkab1913Seni PintonanArsitékturTémaAwugLeuwiSajakSari (majalah)Heulang Jawa🡆 More