Usmar Ismail

Usmar Ismail salah sahiji tokoh nu ngayakeun pilem di Indonesia sakaligus nu ngarintis sandiwara modéren.

Pilem-pilemna mindeng dilélér hadiah boh di Indonésia boh di Asia. Usmar ogé aktip dina widang nulis sarta mindeng nyieun syair. Lahir di Batu Sangkar Kabupaten Tanah Datar, Sumatera Barat tanggal 20 Maret 1921, ngantunkeun tanggal 2 Januari 1971. Tujuh sadudulur ti pasangan Tumenggung guru OSVIA Bukittinggi, jeung indungna Siti Fatimah.
Taun 1927 Usmar asup ka sakola di HIS Batu Sangkar. Sanggeus lulus indit ka Padang pikeun nuluykeun atikan di MULO sarta nyokot jurusan IPA. Taun 1938 hijrah ka Yogyakarta pikeun nuluykeun sakola ka AMS. Lulus taun 1942. Tuluy digawé di Pusat Kebudayaan (Keimin Bunka Sidosyo). Kapapancénan jadi pangarang sagigireun aktip dina widang sandiwara.
Taun 1994 bareng jeung babaturanana, Usmar Ismail nyieun hiji kelompok sandiwara nu dingaranan “Maya”. Pupuhuna nyaéta Rosihan Anwar jeung sababaraha anggotana saperti HB Jassin, Dr Abu Hanifah, jeung Usmar Ismail sorangan. salah sahiji pilem nu suksés dipintonkeun nyaéta “Taufan di Atas Asia” gubahan El-Hakim atawa Dr. Abu Hanifah.
Dina dunya kapangarangan, Usmar Ismail nulis kumpulan sajak Puntung Berasap kalawan pamedal Balai Pustaka. Salian ti éta, Usmar ogé nulis tilu buku lakon sandiwara nyaéta "Lakon-lakon Sandiwara Sedih dan Gembira" (Balai Pustaka), sarta “Mutiara dari Nusa Laut (Pusat kebudayaan) dan Citra” (Gapura).
Di Yogya, Usmar aktip dina widang kabudayaan, politik, jeung militér. Usmar jadi anggota Badan Inteligen. Pangkatna mayor di bagéan Penerangan Tentara. Salian ti éta Usmar ogé ngarangkep jadi pupuhu majalah Arena nu medal di Yogyakarta. Di ieu kota ogé dina periode 1946-1947 kapapancénan jadi Ketua Persatuan Wartawan Indonésia (PWI).
Kagiatanana dina widang politik jeung militér ngabalukarkeun Usmar kudu nyanghareupan pamaréntah Hindia Belanda. Usmar dituduh ngalakukeun gerakan subversive nepi ka dihukum tujuh bulan di pangberokan Jakarta. Kaluar ti pangbérokan, Usmar digawé di South Pacific Film Corporation, nu mangrupa pangalaman munggaranana di dunya pilem. Bareng jeung babaturanana, Usmar nyieun Perusahaan Film Nasional Indonesia (PERFINI). Pilem munggaran hasil produksi PERFINI tanggal 30 MAret 1950 nyaéta "Long March" atawa "Darah dan Doa".
Alatan préstasi-préstasina, dina taun 1962 Usmar Ismail dilélér Piagam Wijaya Kusuma ti présidén Soekarno. Salian ti éta, Usmar ogé jadi salah sahiji inohong nu miboga kalungguhan dina Akademi Téater Nasional Indonesia (ATNI).

Usmar Ismail
Usmar Ismail
Gumelar20 Maret 1921
Walanda Bukittinggi, Sumatra Barat, Hindia Belanda
Tilar dunya2 Januari 1971 (yuswa 49)
Indonésia Jakarta, Indonesia
KabangsaanIndonesia
PagawéanSutradara, produser film, penulis
Taun aktip1950 - 1970

Filmografi

  • Harta Karun (1949)
  • Tjitra (1949)
  • Darah dan Doa (1950)
  • Enam Djam di Djogja (1951)
  • Dosa Tak Berampun (1951)
  • Kafedo (1953)
  • Krisis (1953)
  • Lewat Djam Malam (1954)
  • Lagi-Lagi Krisis (1955)
  • Tamu Agung (1955)
  • Tiga Dara (1956)
  • Delapan Pendjuru Angin (1957)
  • Asrama Dara (1958)
  • Pedjuang (1960)
  • Toha, Pahlawan Bandung Selatan (1961)
  • Anak Perawan di Sarang Penjamun (1962)
  • Bajangan di Waktu Fadjar (1962)
  • Holiday in Bali (1963)
  • Anak-Anak Revolusi (1964)
  • Liburan Seniman (1965)
  • Ja, Mualim (1968)
  • Big Village (1969)
  • Ananda (1970)

Referensi

Tags:

19211927193819421946194719501962197119942 Januari20 MaretAsiaBalai PustakaIndonesiaJakartaNulisOSVIAPadangRosihan AnwarSandiwaraSoekarnoSumatera BaratYogyakarta

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PadalisanBulu kumuutSamagahaVitamin2012SuhartoPerang Israél−Hamas 2023SabudeureunPrabowo SubiantoCangkuangSintungGoréng endogOpat kalima pancerAsangKaulinan budak SundaJaiponganLeuncangeunMachjar Angga KoesoemadinataRarangkén pada-Seni PintonanSayuti MelikWirangrongSMKS Hemaz KarangwarengWawacanAreuy kidangMingguCalingcingLodaya1989Sunan Gunung JatiSandiwaraGurisaPupukRarangkén N-BandungKembang MatahariMang KokoGéografiPaguron luhurCilokPancakakiCandrasangkalaSaungTéaterKompas TVKecap bilangan (basa Sunda)Tatang SumarsonoKérod salawéKonéng (warna)Uni SoviétKaluaSénggalAustraliaTepas2018Penca SilatFaktor dayaJerukCacandranKecap barangᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥAlamAntropologiPanalungtikanTingkebanPelita Bandung RayaRaheutLionel MessiEmpét-empétanNomer Buku Standar InternasionalPorogSuhu🡆 More