Sunan Ngampél

Sunan Ngampél atawa Radén Rahmat nyaéta salah sahiji walisanga.

Ngaran asli jeung silsilahna nyaéta Radén Rahmat bin Ibrahim Asmoro bin Jamaluddin al-Husain bin Ahmad Syah Jalal nepi ka luhur deui.

Kulawarga

Sunan Ngampél nikah jeung putri Tumenggung (satata jeung bupati mangsa kiwari) Tuban Arya Téja nu ngarana Nyai Ageng Manila.[rujukan?] Ti dinya, Sunan Ngampél boga 2 garwa nu kahiji Déwi Chandrawati alias Nyai Ageng Manila binti Aryo Téjo Al-Abbasyi, kalawan budakna:

  1. Maulana Mahdum Ibrahim/Radén Mahdum Ibrahim/ Sunan Bonang/Bong Ang
  2. Syarifuddin/Radén Qasim/ Sunan Drajat
  3. Siti Syari’ah/ Nyai Ageng Maloka/ Nyai Ageng Manyuran
  4. Siti Muthmainnah
  5. Siti Hafsah

Garwa kadua nyaéta Dewi Karimah binti Ki Kembang Kuning, kalawan budakna:

  1. Déwi Murtasiyah/ Istri Sunan Giri
  2. Déwi Murtasimah/ Asyiqah/ Istri Radén Fatah
  3. Radén Husamuddin (Sunan Lamongan)
  4. Radén Zainal Abidin (Sunan Demak)
  5. Pangéran Tumapel
  6. Radén Faqih (Sunan Ngampél 2)

Ajaran Sunan Ngampél

Ajaran Sunan Ngampél dipikawanoh ku Molimo atawa Mohlimo nyaéta ungkara nu hartina moh "moal", limo "lima".[rujukan?] Lamun dihartikeun sacara harfiah nyaéta moal ngalakukeun lima hal dina kagoréngan nyaéta:

  1. Moh Main atawa moal judi
  2. Moh Ngombe atawa moal nginum arak
  3. Moh Maling atawa moal maling
  4. Moh Madat atawa moal nyesep candu, ganja jeung nu séjéna
  5. Moh Madon atawa moal jinah

Murid

Sunan Ngampél dina upayana pikeun nyumebarkeun Islam di pulo Jawa anjeuna ngadegkeun pasantrén di Ngampél, Surabaya.[rujukan?] Santri nu kasohor nyaéta: Radén Paku (Sunan Giri); Radén Fatah (Abdul Fattah) nu saterusna jadi Sultan Bintoro Demak nu gelarna Sultan Alam Akbar al-Fattah; Radén Makhdum Ibrahim (Sunan Ngampél); Syarifuddin (Sunan Drajat); mubaligh nu dikirim ka Blambangan pikeun ngaislamkeun sarta pajoang Islam séjéna. Sunan Ngampél ogé boga pangaruh nu gedé di istana Karajaan Majapahit mangsa harita. Sunan Ngampél tilar dunya jeung dikurebkeun di Ngampél, Surabaya.

Rujukan

Tags:

Sunan Ngampél KulawargaSunan Ngampél Ajaran Sunan Ngampél MuridSunan Ngampél RujukanSunan Ngampél14011481AcéhIndonésiaIslamKambojaSumateraSurabayaWikipedia:Cutat rujukan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

FungiDaun68XMoldova15 Januari1879DapurTubagus Armand MaulanaSundaSudanWijayakusumahZ1872Suriah1960-anBKomunikasiBasa Inggris96NKecap sulurAgum Gumelar9QatarTepasKota BandungKotaPancakaki14 JuniCépot8Panthera25 OktoberWalandaMadonna ti KyivAlun-alun BandungLasminingratBiométrik9 JuniKaméraLaura LinneyBadori1980M1975Wangenan BudayaKoréa Kalér2011Saptu1961GibraltarTongoKlorTaratasᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓNomer Buku Standar InternasionalChiliKaréta api Argo ParahyanganJohann Sebastian BachMédan magnétikTKapasitorSerena (Pokémon)Jaringan telepon umum2005KanyéréKlan Uchiha (Naruto)Tteokbokki🡆 More