Steven Frederic Séagal leuwih dipikawanoh Steven Séagal (gumelar di Lansing, Michigan, Amérika Sarikat, 10 April 1952; umur 72 taun) nyaéta saurang béntang aksi anu kasohor jeung dipikawanoh ku aksi seni béla diri dina adegan-adegan pilemna taun 1988 di Warner Bros.
Steven Séagal anak ti papasangan Patricia A. (Duffy), saurang téknisi médis, jeung Samuel Steven Séagal, saurang gurumatématika SMA. Aki ti bapana nyaéta imigran YahudiRusia, sarta indungna mah katurunan Irlandia. Séagal mimiti diajar seni bela diri sacara cicing-cicing ti umur kurang ti tujuh taun ku palatih kasohor instruktur karaté jeung panulis ogé Fumio Demura, ogé dina taun 1960 mimiti latihan aikido di Orange County, CA, ku instruksi ti Harry Ishisaka. Séagal narima kalulusan mimitina dina taun 1974, satuluyna pindah ka Jepang pikeun neruskeun latihan seni béla diri. Steven kungsi hirup jeung diajar budaya Jepang salila leuwih ti 15 taun jeung ageman spiritualna boga pangaruh anu gedé dina kahirupanna. Mangtaun-taun ngasah kaparigelanna, Steven meunang réngking A jeung 7 dina béla diri Aikido di Jepang sarta dititah ka klien nu beunghar di Los Angeles nalika Steven ngirut panitén broker nu ngawasa Hollywood, Michael Ovitz.
Iwal ti perhatian anu ditarima ku manéhna salaku béntang filem, Séagal ogé geus ngirut perhatian média lantaran kahirupanana anu misterius jeung ditatanyakeun. Teu ngan saukur kitu, manéhna disangka boga hubungan jeung CIA, tapi ogé manéhna nimbulkeun kacurigaan dina hal pagawéanna jeung pajoang kamerdékaan Tibét.
Filmografi
Code of Honor (2016) minangka Special Forces colonel
Absolution InfoAbsolution (2015) minangka John Alexander
Gutshot Straight InfoGutshot Straight (2014) minangka Paulie Trunks
A Good Man (2014) - VI minangka Alexander
Force of Execution InfoForce of Execution (2013) minangka Thomas Douglas
Maximum Conviction InfoMaximum Conviction (2012) minangka Cross
Under Siege (1992) aka Piege en haute mer (Basa Perancis) minangka Casey Ryback
Out for Justice (1991) minangka Detective Gino Felino Tactical Narcotics Téam NYPD
Marked for Déath (1990) aka Screwface minangka John Hatcher
Hard to Kill (1990) aka Seven Yéar Storm minangka Det. Mason Storm
Above the Law (1988) aka Nico: Above the Law minangka Nico Toscani.
Réferénsi
Artikel ngeunaan biografiinohongieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Steven Seagal, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses. ®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.