Lipen

Lipen nyaéta salah sahiji kosmétik anu kaasup paling provokatif.

Pamulas biwir ieu bisa ngabangkikeun feminitas jeung sensualitas anu makéna. Masarakat wawuh ka lipen ti taun 5.000 taun katukang. Lipen miboga sajarahna ti mimiti masa prasejarah nepi ka bentukna saperti ayeuna. Lipen lain ngan saukur paranti dandan pikeun awéwé tapi miboga simbol-simbol nu tangtu.

Lipen
Lipen warna beureum euceuy

Sajarah Lipen

Kleopatra, ratu anu ka sohor di Mesir, baheula manéhna méprék kumbang beureum pikeun jadi gincu nu dipaké dina biwirna. Abad ka-16 mimitina lipén dipikawanoh, ku sabab ratu Inggris Elizabeth I jeung awéwé-awéwé di pangadilan, anu ngawarnaan biwir ku campuran cai lilin tina nyiruan jeung sulphida merkuri beureum. Lipén nu munggaran anu bisa ngandelkeun biwir dijual di pasar taun 1915. Salila masa kajayaan Islam, tabib Arab Andalusian jeung ahli kimia Abu al-Qasim al-Zahrawi (Abulcasis) manggihan lipén anu padat, anu miboga kandungan parfum jeung bahan-bahan séjéna anu digabungkeun nalika nyieuna. Dina taun 1770, Parlemén Inggris ngabatalkeun hukum anu ngébréhkeun yén awéwé maké lipen mangrupa bagian tina élmu sihir atawa guna-guna. Max Factor, make-up artis bintang- bintang anu kasohor, manggih lip-gloss dina taun 1930. Popularitas lipen mekar salila Perang Dunia II alatan industri film jeung lobana nu maké tata rias. Dina taun 1950, ahli kimia ti American, Hazel Bishop mekarkeun lipen anu mimiti di dunya anu napelna lila dina biwir.

Cara Milih Lipen Dumasar warna kulit

  1. Kulit héjo carulang, lipen anu dipaké warnana anu coklat atawa beureum ati. Jeung jinis lipen na anu matte. Lamun hayang katingali glossy kari tambahan lipgloss saeutik ka beulah tengah biwir.
  2. Kulit anu bodas atawa konéng umyang maké lipen warna naon ogé pantes asal disaluyukeun jeung baju anu dipaké.
  3. Kulit hideung santen, lipen anu dipaké warnana konéng gedang, coklat jeung beureum bata.

catetan

Tags:

Awéwé

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PasantrénHirisWayangTénjolaya, Cicaléngka, BandungKlausa (basa Sunda)Data miningKecap Rajékan (Basa Sunda)Samudra AtlantikMencekAl KafirunAstinapuraGoogle ChromeDonald TrumpSasakNagaraRisolesBismillahAustraliaPandémi koronavirus 2019 di JepangJam témbokBasa IndonésiaRarangkén ba-McLarenGamelan.idDwayne JohnsonAbad 20HajiAnggelBangbung1458Garis datarSuku (biologi)Samudra HindiaAjaran Jati BuhunRarangkén sang-MuwaqqitSanguJubungArie WibowoUcing sumputMantraKamusKekebFolklorSpam (éléktronik)Média sosialBangkongGawirYén JepangCépotPerjangjian internasionalInternétTopéng banjétBasa ItaliaAdonan (masak)BiografiBisnisKawih kaulinanKunciRukun ImanEmma PoeradiredjaKecap barangJatna SupriatnaSeni rupaGoogleTélékomunikasiKLM Royal Dutch AirlinesCarita pondokArgéntina🡆 More