Kléopatra;(bahasa Yunani: Κλεοπᾰ́τρᾱ) nyaéta Ratu-ratu nu kasohor dina sajarah Mesir ti dinasti Ptolemia, carita-caritana dicatet henteu ngan wungkul dina hieroglif Mesir, tapi ogé dina sajarah Latin jeung Yunani.
Kléopatra mindeng dipaké pikeun ngagambarkeun hiji awéwé pinter, binangkit, tur ambisius, mibanda sumanget gedé pikeun ngarobah sarta ngaronjatkeun kaayaan nagara Mesir nu kungsi jadi nagara maju saméméhna.
Mangsa mimiti Ptolemeus maréntah, saurang ratu kudu tunduk kana sagala rupa paréntah salakina. Tapi ka dieunakeun mangsa pamaréntahan kléopatra jeung Euergetes (145-116 SM) saurang ratu mibanda kakawasaan sarta pangaruh nu sarua jeung raja, malahan dina pamaréntahan Kléoparta nu panungtung mah, saurang Ratu mibanda pangaruh nu leuwih gedé tibatan salakina.
Pangaruh ratu dina pamaréntahan mangsa dinasi Ptolemeus, geus ngarojong ayana pangaruh ka jalma séjén nepika sapangeusi nagara ayana pamikiran pamaréntahan nagara ku awewe. Pamaréntahan Mesir mangsa harita katempo jadi mibanda sipat nu teu maruk/unik jeung karajaan-karajaan Helenistik, ku lantaran di Ptolemeus II ngayakeun parobahan mangsa Arsinoe leuwih ngamulyakeun nu jadi dulur awéwéna sarta ngapopulérkeun pamaréntahan jadi gaya sipil monarki.
Sarua jeung Philip II sarta Alexander nu Agung, Ptolemeus mibanda sababaraha urang istri jeung selir : Antakama (urang Persia, taun 324), Thailand (urang Athéna, taun 323), Eurydike (urang Makedonia taun 321), sarta Berenike nu tayalian alona sorangan. Henteu saurang ogé ti maranéha jadi pamingpin nu kumawasa di Ptolemy, sarta henteu mibanda pangaruh gedé sanajan jadi ratu.
Tisababaraha Kléopatra nu paling jadi perhatian balaréa tayalian kléopatra VII, lain ngeunaan Ptolemeus nu paling suksés, atawa paling lila hirupna. Tapi ngeunaan hiji kaputusan Ptolemeus nu hasil mangaruhan hiji kaputusan jeung tindakan dua jalma hébat di Roma. Aya dina kajadian penting nalukeun Makedonia Alexander Agung (332) sarta nalukeun Oktavianus Romawi (30).
Carita ngeunaan Cléopatra leuwih kasohor tibatan sajarahna, Kaparigelana dina ngawangun sarta ngajaga hubungan jeung jalma-jalma nu mibanda kakawasaan nempatkeun Kléopatra jadi saurang awéwé nu dipikasérab. Kléopatra ogé disebut ahli dina widang ngaluis, ngurus awak, buuk sarta ngagunakeun kosmetik, geus ngajadikeun Kléopatra hiji perlambang atawa simbol kaméwahan karajaan Mesir. Ieu sipat antagonisna dijadikeun hiji sanjata pikeun ngalawan musuhna, malahan saurang penyair Romawi nyebutkeun cenah Kléopatra saurang monster sarta awéwé jahat.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kleopatra, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.