Akun pamaké dibutuhkeun pikeun ngamimitian kontribusi dina Wikipédia Basa Sunda.
Wawanohan | Cara Ngedit | Cara Ngatur Format | Tutumbu | Berkas/Gambar | Kaca Obrolan | Ingetkeuneun | Miluan Daptar |
Sangkan bisa meunangkeun akun pamaké, Anjeun kudu niténan léngkah-léngkah di handap ieu:
Sanggeus Anjeun nyieun akun pamaké dina Wikipedia Basa Sunda, Anjeun kudu ngatur heula preferensi saméméh ngamimitian kontribusi. Anapon léngkah-léngkahna nyaéta:
Nu penting, sagala éditan anjeun bakal dicirian maké ngaran anjeun.
Kahiji, pastikeun yén cookies difungsikeun na panyungsi anjeun (tempo ogé m:draft privacy policy)
Klik tumbu asup log ieu, atawa di punclut kaca ieu. Anjeun salajengna bakal disodoran formulir nu kudu dieusi ngaran pamaké jeung sandi anjeun. Mun anjeun can kungsi asup log, anjeun kudu ngasupkeun sandi anjeun dua kali.
Mun hayang, anjeun bisa ngasupkeun alamat surélék anjeun. Pamaké séjén bakal bisa ngirim surélék ka anjeun, tapi maranéhna moal nyaho alamat surélék anjeun.
Mun anjeun ngaklik kotak contang Inget kuring, nu tadina Inget sandi kuring liwat sési, anjeun teu kudu ngasupkeun sandi deui unggal asup ka Wikipédia tina komputer nu sarua.
Mun anjeun geus asup log, tapi dina kaca nu kaluar salajengna anjeun katempona teu asup log, sigana ieu ukur masalah cookie. Ogé pastikeun yén setélan tanggal jeung wanci na komputer anjeun bener.
Salaku pamaké nu geus asup log, anjeun bisa nyieun kaca pamaké jeung kaca omongan pamaké anjeun sorangan. Nalikaasup log, anjeun bakal nempo ngaran pamaké anjeun némbongan di punclut katuhu kacana. Ngaklik tumbu ieu bakal nganteur anjeun ka kaca pamaké anjeun, nu bisa diédit sakumaha kaca Wikipédia séjénna.
Pamaké biasana nuliskeun sababaraha hal pangwanoh ngeunaan dirina katut interésna dina kaca pamaké.
Anjeun ogé boga kaca omongan pamaké. Anjeun bisa asup ku cara ngaklik tumbu omongan kuring gigireun ngaran pamaké anjeun na punclut katuhu kaca. Batur bisa nulis pesen na kaca omongan pamaké anjeun ku jalan ngédit, nu salajengna bisa dijawab ku anjeun maké cara nu sarua. Tempo Wikipédia:Kaca pamaké jeung Wikipédia:Kaca obrolan pikeun leuwih jéntré.
Anjeun bisa kaluar log iraha baé ku jalan ngaklik tumbu kaluar log dina juru luhur katuhu kaca.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Wiki:Pituduh (miluan daptar), which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.