Kapal Silem

Kapal silem nyaéta kapal nu bangunna saperti sulutu, bisa jalan di jero atawa di luhur laut.

Kapal silem kaasup kapal perang, ari parabotna torpedo. Prinsip dasar anu nyieun kapal silem bisa neuleum atawa muncul di permukaan nyaéta hal nu basajan pisan. Kapal silem anu pang modérenna miboga dua lambung, atawa awak. Balas cai ditunda antara lambung bagian jero sarta lambung bagian luar, anu bisa dianggap sarua jeung "carangka".

Kapal Silem
Kapal silem Nuklir
Bagéan-bagéan kapal silem
Bagéan-bagéan kapal silem

Sabot kapal silem siap pikeun neuleuman laut, katup-katup badag anu dipikawanoh minangka "kingstons", nu perenahna di dasar tangki balas, dibuka pikeun ngantepna asup ka laut. Hawa di jero tangki kaluar ngaliwatan katup-katup dina bagian luhur, anu dipikawanoh minangka "liang-liang angin". Kapal silem éta asup kana cai. Sabot kapal silem siap pikeun muncul ka permukaan, liang-liang angin ditutup sarta tekanan hawa di dorong asup kana tangki-tangki. Hal ieu jadi niup cai ngaliwatan deui kingstons, sarta kapal silem éta naék.

Supaya kapal silem bisa neuleuman laut sarta muncul ka permukaan, aya kemudi-kemudi horisontal nu dipasang dina lambung kapal. Pikeun ngemudikeun kapal silem sabot usik ka luhur, aya hiji kemudi anu sarua kawas dina kapal-kapal biasa. Kapal silem dibagi ku dinding-dinding pemisah anu nyilang jadi kompartemen-kompartemen. Pikeun kaluar ti hiji kompartemen ka kompartemen séjén, hiji jalma kudu ngaliwatan panto-panto kedapcai, anu bisa nutupan kalayan gancang. Kabéh kapal silem miboga liang-liang palka sarta paru-paru pengaman pikeun dipaké dina kaayaan darurat.

Rujukan


Kapal Silem 

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Ayang-ayang GungKawah PutihNapoleon BonaparteSajarah lisanPeer to PeerKalimahGuguritanGiribigSurabiAwugSancangDagingSeni PintonanPupukHadi AKSPendopoBorobudur, MagelangRajahCangkaléngPrabu SiliwangiRisolesAbonRarangkén di-BakiCihcirCristiano RonaldoTutunggulanRarakitanÉmbérKaluaSuisBatagorJajangkunganAyakanNagara daulatCandrasangkalaPamayangInumanApip MustapaLodayaAntonimKumis ucingSawérKomputerSuhartoCakungDaptar istilah ngeunaan sasatoanSaungBoluParaseuneuMarcapadaEngangTradisi lisanWaasHidayat SuryalagaKamalirSulingBagus Rangin1542Aksara GedéRépublik VénésiaKawihKacindekanSituYura YunitaDokterSirib🡆 More