Kabupatén Bandung Kulon: Kabupatèn di Indonésia

Kabupatén Bandung Kulon (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮊᮥᮜᮧᮔ᮪) mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonesia hasil pamekaran ti Kabupatén Bandung.

Pusat pamaréntahan Kabupatén Bandung Kulon aya di kecamatan Ngamprah. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Purwakarta jeung Kabupatén Subang di beulah kalér, Kabupatén Bandung, Kota Bandung jeung Kota Cimahi di beulah wétan, sarta Kabupatén Cianjur di beulah kulon.

Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan

Lambang Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan

Curug Maléla
Kabupatén Bandung Kulon is located in Jawa
Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon (Jawa)
Kabupatén Bandung Kulon is located in Indonésia
Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon
Kabupatén Bandung Kulon (Indonésia)
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan

Peta lokasi Kabupatén Bandung Kulon
Motto Bandung Barat Cermat
Propinsi Jawa Kulon
Ibukota Ngamprah
Lega Wilayah 1.305,77 km²
Kordinat 6°50′21″S 107°30′43″E / 6.8393°S 107.5119°E / -6.8393; 107.5119 107°30′43″E / 6.8393°S 107.5119°E / -6.8393; 107.5119
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.814.226
1.389 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
16
165 désa
Dasar hukum UU Nomor 12 Tahun 2007
Tanggal 2 Januari 2007
Bupati Héngki Kurniawan
'
Kode aréa 022
DAU Rp 1.139.444.658.000,00 (2020)

Ramatloka: bandungbaratkab.go.id

Kabupatén Bandung Kulon ngawengku 16 kacamatan, nu kabagi deui kana 165 désa. Kabupatén Bandung Kulon katelah ku sababaraha tempat wisata alam, saperti Gunung Tangkuban Parahu jeung Gunung Burangrang.

Géografi

Wilayah

Kabupatén Bandung Kulon mangrupa salah sahiji kabupatén di Jawa Kulon. Kabupatén ieu lokasina di antara 60º 41’ - 70º 19’ Lintang Selatan jeung 107º 22’ - 108º 05’ Bujur Wétan, anu legana 1,305.77 km². Secara umum, titik ekstrem batas wilayah Kabupatén Bandung Kulon digambarkeun dina tabél di handap

Titik ekstrem Kabupatén Bandung Kulon
Kulon 7°03′29″S 107°10′55″E / 7.0580629683192°S 107.18198688549707°E / -7.0580629683192; 107.18198688549707 Cilangari, Gununghalu, Bandung Kulon
Kidul 7°07′19″S 107°23′12″E / 7.121944908216402°S 107.38676656193972°E / -7.121944908216402; 107.38676656193972 Mekarwangi, Sindangkerta, Bandung Kulon
Wétan 6°49′44″S 107°43′17″E / 6.8288561433278305°S 107.72142170081028°E / -6.8288561433278305; 107.72142170081028 Suntenjaya, Lembang, Bandung Kulon
Kalér 6°41′19″S 107°24′37″E / 6.688547905167132°S 107.41020670495384°E / -6.688547905167132; 107.41020670495384 Tenjolaut, Cikalongwetan, Bandung Kulon

Topografi jeung Iklim

Kabupatén Bandung Kulon mangrupa daérah bukit jeung dataran rendah, dengan ketinggian di antara 0 nepi ka 2000 meter di luhureun permukaan laut, kalawan tinggi rata-ratana 110 méter. Kadéngdékan wilayah Kabupatén Bandung Kulon aya di tingkat 0-8%, 8-15%, nepi ka di luhureun 45%. Morfologi Kabupatén Bandung Kulon umumna diklasifikasikeun kana pedataran, landai, perbukitan, jeung pegunungan. Kabupatén Bandung Kulon kaaup kana zona iklim panas nepi ka sejuk, jeung curah hujan rata-rata na aya di 1500-4500 mm per tahunna

Sejarah

Kabupatén Bandung Kulon dimekarkeun ti Kabupatén Bandung dina tanggal 2 Januari 2007, saluyu ku terbitna UU No. 12 Taun 2007 ngeunaan Pembentukan Kabupatén Bandung Kulon. Wacana pamekaran Kabupatén Bandung Kulon geus aya ti tahun 1990, ku ayana Surat Keputusan Gubernur Jawa Barat No. 30 taun 1990 ngeunaan Pola Induk Pengembangan Wilayah Provinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat Dalam Jangka Panjang, anu nyebutkeun yén daérah tingkat I di Jawa Kulon dimekarkeun ti 24 jadi 42 daérah tingkat II.

Kaputusan ngeunaan pamekaran Kabupatén Bandung Kulon dikuatkeun ku munculna UU No. 22 Taun 1999 ngeunaan Pamaréntah Daérah jeung Kaputusan DPRD Kabupaten Daérah Tingkat II Bandung Nomor 5 Tanggal 21 Juli 1999 ngeunaan persetujuan awal keur Pamekaran Wilayah Kabupaten Daérah Tingkat II Bandung anu ngajawab permohonan persetujuan Pamaréntah Kabupatén Bandung dina Surat Bupati Bandung No. 132/1235/tapem ngeunaan Permohonan Persetujuan Pamekaran Wilayah Kabupatén Daerah Tingkat II Bandung. Proses pamekaran Kabupatén Bandung Barat katunda ku ayana wacana naékna status Cimahi ti Kota Administratif ka Kota Cimahi di taun 2001.

Aspirasi keur ngabentuk Kabupatén Bandung Kulon dikuatkeun ku ayana pembentukan Forum Pendukung Percepatan Pemekaran Kabupaten Bandung Barat (FP3KB) anu pupuhuna Drs. H. Endang Anwar. FP3KB diadegkeun 20 Agustus 1999. Tuntutan pamekaran Kabupatén Bandung Kulon didukung ku sababaraha organisasi masyarakat, anu puncakna ngayakeun rapat akbar di Padalarang, 6 Agustus 2000, keur ngagaungkeun aspirasi pembentukan Kabupatén Bandung Kulon ka pamaréntah Jawa Kulon. Dina kaberjalananna, aya sababaraha organisasi anu ngarojong ogé ka pembentukan Kabupatén Bandung Kulon saperti Forum Peduli Bandung Barat, Forum Pemuda Bandung Barat, jeung Forum Bandung Barat Bersatu. Dina November 2002, Komite Pembentukan Kabupaten Bandung Barat (KPKBB) diadegkeun keur nyatukeun sora jeung gagasan sakabéh kelompok masarakat nu ngarojong pembentukan Kabupatén Bandung Kulon. Salah sahiji puncak nyorakeun aspirasi pembentukan Kabupatén Bandung Kulon nyaéta démonstrasi KPKKB dina tanggal 7 Januari 2004 dina komplék Pemda Kabupatén Bandung. Ku kituna, Pamaréntah Kabupatén Bandung nerbitkeun keputusan nyieun tim teknis penataan Kabupatén Bandung anu dipupuhuan Drs. H. Abubakar, jeung ngajalin kerjasama jeung genep paguron luhur saperti Unpad, ITB, STPDN, UPI, Unpas, jeung Unjani dina rangka nata wilayah Kabupatén Bandung.

Dina kaberjalanan ngadegna Kabupatén Bandung Kulon, Pamaréntah Kabupatén Bandung nepikeun surat persetujuan pembentukan Kabupatén Bandung ti DPRD Kabupatén Bandung ka Gubernur Jawa Kulon, dilanjutkeun ka Kamenterian Jero Nagri. Hasilna, dina tanggal 2 Januari 2007, Kabupatén Bandung Kulon resmi diadegkeun dina dasar Undang Undang No. 12 taun 2007 ngeunaan Pembentukan Kabupatén Bandung Kulon. Dina mangsa éta, Kabupatén Bandung Kulon ngawengku 15 kacamatan, nyaéta Kacamatan Lembang, Parongpong, Cisarua, Cikalongwetan, Cipeundeuy, Ngamprah, Cipatat, Padalarang, Batujajar, Cihampelas, Cililin, Cipongkor, Rongga, Sindangkerta, jeung Kecamatan Gununghalu. Dina tanggal 19 Juni 2007, Menteri Jero Nagri ad Interim, Widodo AS ngaresmikeun Kabupatén Bandung Kulon jeung ngalantik Drs. Tjatja Kuswara salaku Pejabat Bupati Bandung Kulon. Anggota Déwan Perwakilan Rakyat Daérah Kabupatén Bandung Kulon dilantik dina tanggal 18 Oktobér 2007. Pamilihan Bupati Kabupatén Bandung Kulon kahiji diayakeun tanggal 8 Juni 2008, anu ngahasilkeun bupati jeung wakil bupati Kabupatén Bandung Kulon kapilih Drs. H. Abubakar, M. Si., jeung Drs. H. Ernawan Natasaputra, M. Si.. Kaduana dilantik dina tanggal 17 Juli 2008.

Pamaréntahan

Daptar Bupati

No Potrét Bupati Mulai Jabatan Akhir Jabatan Prd. Ket. Wakil Bupati
Drs. H. Tjatja Kuswara SH. MH.

(Penjabat)

2 Januari 2007 17 Juli 2008
1
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Drs. H. Abubakar M. Si. 17 Juli 2008 17 Juli 2013 1 Drs. Ernawan Natasaputra M. Si.
17 Juli 2013 19 April 2018 2
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Drs. H. Yayat Turochmat Soemitra
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Drs. H. Yayat Turochmat Soemitra(Pelaksana Tugas) 19 April 2018 17 Juli 2018
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Dadang Mohamad Masoem

(Penjabat)

17 Juli 2018 20 Séptember 2018
2
Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Aa Umbara Sutisna 20 Septémber 2018 12 April 2021 3 Héngky Kurniawan
Héngky Kurniawan(Pelaksana Tugas) 13 April 2021 6 November 2022
Héngky Kurniawan 7 Novémber 2022 Pétahana

Kecamatan

Kabupatén Bandung Kulon miboga 16 kecamatan jeung 165 désa, anu pusat pamaréntahan na aya di Kecamatan Ngamprah

Kode

Kemendagri

Kecamatan jeung Kode Pos Jumlah Lembur Daptar Lembur/Kelurahan
32.17.09 Batujajar (40561) 8
32.17.10 Cihampelas (40562) 10
32.17.04 Cikalong Wetan (40556) 13
  • Cikalong
  • Cipada
  • Ciptagumati
  • Cisomang Kulon
  • Ganjarsari
  • Kanangasari
  • Mandalamukti
  • Mandalasari
  • Mekarjaya
  • Puteran
  • Rende
  • Tenjolaut
  • Wangunjaya
32.17.11 Cililin (40562) 11
  • Batulayang
  • Bongas
  • Budiharja
  • Cililin
  • Karanganyar
  • Karangtanjung
  • Karyamukti
  • Kidangpananjung
  • Mukapayung
  • Nanggerang
  • Rancapanggung
32.17.07 Cipatat (40554) 12
  • Cipatat
  • Ciptaharja
  • Cirawamekar
  • Citatah
  • Gunungmasigit
  • Kertamukti
  • Mandalasari
  • Mandalawangi
  • Nyalindung
  • Rajamandala Kulon
  • Sarimukti
  • Sumurbandung
32.17.05 Cipeundeuy (40558) 12
  • Bojongmekar
  • Ciharashas
  • Cipeundeuy
  • Ciroyom
  • Jatimekar
  • Margalaksana
  • Margaluyu
  • Nanggeleng
  • Nyenang
  • Sirnagalih
  • Sirnaraja
  • Sukahaji
32.17.12 Cipongkor (40564) 14
  • Baranangsiang
  • Cibenda
  • Cicangkang Hilir
  • Cijambu
  • Cijenuk
  • Cintaasih
  • Citalem
  • Girimukti
  • Karangsari
  • Mekarsari
  • Neglasari
  • Sarinagen
  • Sirnagalih
  • Sukamulya
32.17.03 Cisarua (40551) 8
  • Cipada
  • Jambudipa
  • Kertawangi
  • Padaasih
  • Pasirhalang
  • Pasirlangu
  • Sadangmekar
  • Tugumukti
32.17.15 Gununghalu (40565) 9
  • Bunijaya
  • Celak
  • Cilangari
  • Gununghalu
  • Sindangjaya
  • Sirnajaya
  • Sukasari
  • Tamanjaya
  • Wargasaluyu
32.17.01 Lembang (40391) 16
  • Cibodas
  • Cibogo
  • Cikahuripan
  • Cikidang
  • Cikole
  • Gudangkahuripan
  • Jayagiri
  • Kayuambon
  • Langensari
  • Lembang
  • Mekarwangi
  • Pagerwangi
  • Sukajaya
  • Suntenjaya
  • Wangunharja
  • Wangunsari
32.17.06 Ngamprah (40552) 11
  • Bojongkoneng
  • Cilame
  • Cimanggu
  • Cimareme
  • Gadobangkong
  • Margajaya
  • Mekarsari
  • Ngamprah
  • Pakuhaji
  • Sukatani
  • Tanimulya
32.17.08 Padalarang (40553) 10
32.17.02 Parongpong (40559) 7
32.17.13 Rongga (40566) 8
  • Bojong
  • Bojongsalam
  • Cibedug
  • Cibitung
  • Cicadas
  • Cinengah
  • Sukamanah
  • Sukaresmi
32.17.16 Saguling (40561) 6
32.17.14 Sindangkerta (40563) 11
TOTAL 165

Démografi

Pangeusi

Dina taun 2021, jumlah pangeusi Kabupatén Bandung Kulon nyaéta 1.814.226 jiwa anu kasebar di wilayah salega 1.305,77 km² dina kapadetan pangeusi 1.389 jiwa/km². Rata-rata laju pertumbuhan jumlah pangeusi di Kabupatén Bandung Kulon ningkat ti 0,07% jadi 1,65% di taun 2021. Rasio séks atawa perbandingan pangeusi lalaki jeung awéwé dina taun 2021 nyaéta 104, nandakeun yén pangeusi lalaki di Kabupatén Bandung Kulon leuwih loba tibatan pangeusi awéwé. Kacamatan Ngamprah, Padalarang, jeung Batujajar jadi kacamatan anu kepadatan pangeusina paling tinggi di taun 2021.

Ékonomi

Perékonomian Kabupatén Bandung Kulon ditopang kana potensi dina séktor pertanian jeung pariwisata. Dina séktor pertanian, rupa-rupa komoditas tani dihasilkeun tiap kecamatan jeung diperdagangkeun di Kabupatén Bandung Kulon saperti bawang, cabé, kentang, kol, tomat, jeung réa deui. Luas panén komoditas tani Kabupatén Bandung Kulon panggedéna aya dina jenis cabé jeung kol. Dina bidang pariwisata, Kabupatén Bandung Kulon ngabogaan rupa-rupa déstinasi wisata di sabudeureun kabupatén. Tiap taunna aya sakitar opat nepi ka genep juta wisatawan anu datang ka Kabupatén Bandung Kulon. Stratégi Kabupatén Bandung Kulon dina ngawangun jeung mekarkeun poténsi pariwisata daérah salah sahijina ku ngarojong komunitas atawa kelompok masyarakat keur ngembangkeun poténsi wisata.

Atikan

Dina taun 2022, geus aya sakitar 681 SD, 203 MI, 183 SMP, 144 MTs, 60 SMA, 99 SMK, jeung 73 MA anu aya di Kabupatén Bandung Kulon. Partisipasi pangeusi atikan Kabupatén Bandung Kulon aya dina 49,70% (tingkat SMA/SMK/MA) nepi ka 97,69% (SD/MI). Tingkat melék hurup masarakat Kabupatén Bandung Kulon aya di 99,29 nepi ka 100%, nandakeun tingkat literasi nu tinggi di kabupatén ieu.

Sababaraha sakola atawa paguron luhur anu aya di Kabupatén Bandung Kulon nyaéta:

SMP

  • SMP Negeri 3 Cikalongwétan
  • SMP Negeri 1 Cipongkor
  • SMP Negeri 1 Padalarang
  • SMP Negeri 1 Cikalongwétan

SMA

  • SMA Negeri 1 Batujajar
  • SMA Negeri 1 Padalarang
  • SMA Negeri 1 Cikalongwetan
  • SMA Negeri 1 Cililin
  • SMA Negeri 1 Cisarua
  • SMA Negeri 1 Lémbang

SMK

  • SMK Pakuan Lembang
  • SMK Al Ikhsan Batujajar
  • SMK Plus Krida Utama Padalarang
  • SMK Bina Prestasi Bangsa
  • SMK Bandung Barat
  • SMK 45 Lembang
  • SMK Pakuan Lembang
  • SMK Taruna Nusantara Jaya
  • SMK Pengetahuan Nusantara Sakti Padalarang

Paguron luhur

  • Universitas Advént Indonésia
  • Politéknik Negeri Bandung
  • STIKES Borromeus Bandung
  • Akademi Bahasa Asing Internasional
  • Sekolah Tinggi Agama Islam Darul Falah

Transportasi

Kabupatén Bandung Kulon ngagunakeun sababaraha jenis transportasi umum keur ngahubungkeun pangeusi di jero jeung luar kabupatén. Umumna, transportasi umum anu digunakeun aya angkutan kota (angkot) jeung karéta api.

Angkutan kota

Angkutan kota atawa disebut angkot mangrupa salah sahiji jenis transportasi umum anu biasa digunakeun di Kabupatén Bandung Kulon. Transportasi umum ieu ngahubungkeun daérah nu aya di jero jeung luar Kabupatén Bandung Kulon. Trayék atawa jurusan anu disadiakeun di antarana:

  • Padalarang - Cikalong Wétan
  • Padalarang - Cikalong Wétan - Cipeundeuy
  • Padalarang - Gunung Béntang
  • Padalarang - Panghéotan
  • Padalarang - Parongpong
  • Padalarang - Rajamandala
  • Cipeundeuy - Cirata - Plered
  • Cillin - Sindangkerta - Gununghalu
  • Cililn - Cijenuk - Baranangsiang
  • Lembang - Maribaya - Cibodas
  • Lembang - Cikawari
  • Lembang - Cikolé
  • Lembang - Cijéngkol
  • Lembang - Cibeusi
  • Lembang - Cisarua
  • Cikole - Tangkubanparahu

Stasion Karéta

Kabupatén Bandung Kulon: Géografi, Sejarah, Pamaréntahan 
Bagian payun Stasion Padalarang

Kabupatén Bandung Kulon ngabogaan hiji stasion karéta api tingkat I jeung 8 stasion leutik (tingkat III) anu beroperasi di sabudeureun kabupatén. Salian ti stasion karéta api, Kabupatén Bandung Kulon bakal boga stasion high speed rail (HSR) anu bakal dioperasikeun ku PT Kereta Cepat Indonésia China. stasion anu masih beroperasi nyaéta:

Di samping stasion karéta anu aktif, Kabupatén Bandung Kulon masih boga dua stasion nonaktif, nyaéta Stasion Rajamandala jeung Stasion Tagogapu. Dina kaberjalananna, dua stasion ieu direncanakeun bakal diréaktivasi keur operasi karéta api Kiansantang, ngan teu dilanjutkeun ku sabab prasarana anu kurang layak.

Sakabéh stasion ieu ngalayanan sababaraha karéta ti jero atawa luar Jawa Kulon. Karéta jeung jurusan anu ngaliwatan stasiun di Kabupatén Bandung Kulon nyaéta:

Pariwisata


Rujukan

Tags:

Kabupatén Bandung Kulon GéografiKabupatén Bandung Kulon SejarahKabupatén Bandung Kulon PamaréntahanKabupatén Bandung Kulon DémografiKabupatén Bandung Kulon ÉkonomiKabupatén Bandung Kulon AtikanKabupatén Bandung Kulon TransportasiKabupatén Bandung Kulon PariwisataKabupatén Bandung Kulon RujukanKabupatén Bandung KulonAksara SundaIndonesiaJawa KulonKabupaténKabupatén BandungKabupatén CianjurKabupatén PurwakartaKabupatén SubangKota BandungKota CimahiNgamprah, BandungPropinsi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Nagara daulatSondahBisnisCareuh bulanUpacara inisiasiKuda nilYouTubeGegeremetAntarbeungeut IEEE 1394KomengKabupatén PangandaranAl-A'rofMesirSpam (éléktronik)Panerusan Kulon, Susukan, BanjarnegaraPandawaOlimpiadeKatolikAyakanManggahMeghan TrainorLayungOto Iskandar di NataKampung NagaBasa JawaKiaraÉléktromagnétismeIrlandia KalérJupiterÉvolusiKabupatén KuninganHirisPatempatan1921Kuala LumpurBiologiCurukZayn MalikKafirSerat optikPaléstina (wewengkon)FolklorNikaraguaCalingcingKabupatén TasikmalayaCampursariUbarNarjiMarsTaucoPandaAngelina JolieAam AmiliaBabakanBandar Udara Internasional Soekarno–Hatta2 DésémberLeuweung216 SMKecap barangTémaKrisanYongki KomaladiNyi Pohaci Sanghyang AsriMalawiWayangKanjutKabuyutan CiburuyKakawihan🡆 More