Anggun C. Sasmi

Anggun Cipta Sasmi atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Anggun C.

Sasmi nyaéta salah sahiji musisi Indonesia nu kasohor ka sakuliah dunya. Lahir di Jakarta tanggal 29 April 1972. Lahir ti pasangan Darto Singo, salah saurang seniman sarta Dian Herdina, wanoja turunan Karaton Yogyakarta.
Ti leuleutik kénéh, Anggun C Sasmi geus boga bakat dina widang musik. Nalika umurna 9 taun, Anggun C Sasmi geus bisa ngaluarkeun laguna sorangan. Dina umurna nu ka-14, Anggun C Sasmi mimiti rékaman albeum rock munggaranana. Albeum nu judulna Dunia Aku yang Punya 1986 diorbitkeun ku musisi Ian Antono sarta didistribusikeun ku Blackboard Records. Tuluy, Anggun C Sasmi rékaman albeum nu kaduana Tua-tua Keladi 1990, dituluykeun kana albeum Anak Putih Abu-abu 1991, Gaya Remaja 1992, Noc Turno 1992, Anggun Cipta Sasmi…Lah 1993 sarta nu pamungkas nyaéta Yang Hilang 1994.
Anggun C Sasmi nu boga kahayang bisa ngalanglang ka sakuliah dunya ahirna hijrah ka London, Inggris. Tapi sawatara waktu, Anggun mekarkeun bakatna dina widang musik di Paris, Prancis. Di Paris, Anggun panggih jeung Erick Benzi, salah sahiji produser nu kasohor di Paris. ti dinya, Anggun C Sasmi ngagabung jeung label rékaman Sony Music Prancis. Albeum munggaranan dina taun 1997 nyaéta Au Nom De La La Lune dina basa Prancis atawa Snow on Sahara dina basa Inggris. Ieu albeum kajual di sawatara nagara Eropa kayaning Belgia, Italia, Switzerland, Prancis sarta di sawatara nagara di Asia. Salian ti éta, ieu albeum ogé dilélér Double Gold di Prancis, Double Platinum di Italia, Gold di Singapura, Gold di Switzerland, Platinum di Malaysia, jeung Triple Platinum di Indonésia. Sataun ti dinya, Anggun C Sasmi ngarilis albeum Désirs Contraires atawa Chrysalis (versi basa Inggris di pasar internasional). Albeum ieu ogé dilélér Gold di Italia, Platinum di Prancis, Double Platinum di Indonésia, sarta Multi Platinum di sawatara nagara saluareun Asia. Tuluy albeum Open Hearts 2002, Luminesence 2005, jeung Luminescene Speial Edition 2006. Ahir bulan Méi 2011, Anggun C Sasmi ngaluarkeun albeum nu judulna Echoes nu diproduseran ku Anggun sorangan. Ieu albeum dirilis dina dua basa nyaéta Indonésia jeung Inggris. Salian ti karirna di dunya hiburan, Anggun C Sasmi ogé aktip di sawatara kagiatan sosial. salah sahijina di FAO jadi Goodwill Ambassador keur PBB. Anggun C Sasmi ogé kasinugerahan Diamond Award sarta panglélér husus ti menteri kabudayaan Prancis dina The International Exhibition of the Music Industry di Miden.

Anggun C Sasmi
A black-haired woman with a grey coat getting interviewed
Anggun C Sasmi saat tampil konser di Le Trianon, Paris, Prancis, pada bulan Juni 2012
GumelarAnggun Cipta Sasmi
29 April 1974 (1974-04-29) (yuswa 50)
Jakarta, Indonesia
KabangsaanIndonesia
PagawéanPanyanyi
Taun aktip1986 - ayeuna
Jangkungna163 cm
Pasangan
  • Michel Georgea (m. 1992–99)
  • Olivier Maury (m. 2004–06)
  • Cyril Montana (m. 2010–15)
  • Christian Kretschmar (m. 2018)
AnakKirana Cipta Montana Sasmi
Karir musik
Aliran
  • Pop
  • Rock
  • Hard Rock (awal)
  • Glam Metal
  • Urban
  • World
  • Electropop
  • R&B
  • Dance
Tanda tanganAnggun C. Sasmi
Situs web
www.anggun.com
Anggun C. Sasmi
Anggun C Sasmi (2011).

Rujukan


Anggun C. Sasmi 

Tags:

AsiaBelgiaEropaIndonesiaInggrisItaliaJakartaLondonMalaysiaPBBParisPrancisSingapura

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Taratas1983CihcirTéoréma BayesGoongPMichael DoohanYKemisBᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ78619465Vanuatu28 Maret1960-anSungkemIngon-ingonTitik golakKaréta api Argo ParahyanganSurya Mandala1920Ngadu kaléciKota BogorSupa hoé1 PébruariTapak limanDaptar setasiun radio di IndonésiaKabupatén LebakChadÉfék ukuranTempuyungJackie ChanAbadHonda RC211VKota DépokBritney Spears1997Johann Sebastian BachJaringan telepon umum1879ECakungMuhammadiyah9Alexandra GrantKaléciSerena (Pokémon)68BangbaraKeuyeup486TogoTiung190425 OktoberKapuloan Juan FernándezJay-Z2012Dodol15 JanuariWijayakusumahWangenan Budaya79BlogBasa ArméniaKecap kantétan (basa Sunda)🡆 More