Goréng cau, cau goréng atawa pisang goréng nyaéta caneuteun nu loba kapanggih di Indonésia, Singapur jeung Malaysia.
Ieu kadaharan téh dijieun tina cau, sanggeus dipesékan kulitna, tuluy dipotongan. Gedéna mah kumaha kahayang tuluy dianclomkeun kana adonan kintel tina campuran tipung tarigu, uyah saeutik, jeung gula, sakapeung mah sok ditambahan endog bobodasna tuluy digoréng kana minyak goréng.
Goréng cau ilahar kapanggih dijual di unggal warung minangka batur caneut ngopi. Kiwari goréng cau mangrupa kadaharan nu pangkakoncarana di Indonésia. Sakapeung mah goréng cau téh sok dipurulukan kéju, dibalur ku susu, diguyang ku coklat, jeung sajabana.
Aya babaraha varéasi goréng cau kayaning molen cau nu wangunna leuwih leutik dibuntel ku adonan ipis tuluy digoréng kana minyak goréng. Aya deui jinis tina goréng cau nu pangtahanlilana, ieu bisa dibungkus sarta mangrupa kadaharan has urang Sunda, nyaéta salé cau. Ieu salé bisa kapanggih di sakuliah wewengkon Jawa Kulon.
Artikel ngeunaan dahareun jeung inuman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Goréng cau, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.