Arménia

Républik Arménia atawa dikenal sabagé Arménia hungkul (Հայաստան, Hayastan, Հայք, Hayq), nyaéta nagara Éropa-Asia nu wewengkon daratna kacapit ku nagara lian.

Nagara ieu tepung wates jeung Turki di kulon, Géorgia di kalér, Azerbaijan di wétan, jeung Iran sarta éksklave Nakhichevan (bogana Azerbaijan) di kidul. Arménia téh anggota ti Déwan Éropa jeung Pasarikatan Nagara-Nagara Merdéka ogé dina arabad jadi wewengkon ngaliwat jeung pameuntasan wewengkon wétan jeung kulon.

Հայաստանի Հանրապետություն
Hayastani Hanrapetut’yun
Républik Arménia
Bandéra Arménia Lambang Arménia
Bandéra Lambang
Lagu
Մեր Հայրենիք
Mer Hayrenik

Location of Arménia
Location of Arménia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Yerevan
40°11′N 44°31′E
Basa resmi Basa Arménia
Grup étnis  97,9% Arménia,
1,3% Yazidi,
0.5% Rusia,
0,3% nu lian.
Pamaréntah Républik présidénsial
 -  Présidén Vahagn Khachaturyan (Վահագն Խաչատուրյան)
 -  Perdana Mentri Nikol Pashinyan (Նիկոլ Փաշինյան)
Formasi jeung kamerdikaan
 -  Kaping tradisional 11 Agustus 2492 SM 
 -  Nairi 1200 SM 
 -  Karajaan Ararat 840-an SM 
 -  Dinasti Orontid 560 SM 
 -  Karajaan Arménia
diwangun

190 SM 
 -  Républik Démokratik Arménia ngadeg
28 Méi 1918 
 -  Kamerdikaan
ti Uni Soviét
Didéklarasikeun
Diakuan
Dibéréskeun


23 Agustus 1990
21 Séptember 1991
25 Désémber 1991 
 -  Cai (%) 4.71
Populasi
 -  Perkiraan  Q1 2021 Citakan:DecreaseNeutral 2,963,900 (137th)
 -  Sénsus 2011 Citakan:DecreaseNeutral 3,018,854 
GDP (PPP) Perkiraan 2021
 -  Total $43.550 billion 
 -  Per kapita $14,701 
GDP (nominal) Perkiraan 2021
 -  Total $13.612 billion (127th)
 -  Per kapita $4,595 (104th)
Gini? (2019) 29.9 
HDI (2019) 0.776 (81st)
Mata uang Dram (֏) (AMD)
Zona wanci AMT (UTC+4)
TLD Internét
Ramatloka
www.gov.am
Kode telepon +374

Étimologi

Dina basa Arménia, nagara éta dinamian Hayq, jeung saterasna Hayastan, nu hartina taneuh ti urang-urang Haik, panambahan istilahna jadi nami Haik bagian ti rarangkén ‘-stan’ anu dina basa Pérsia hartina taneuh (land). Dumasar kana légenda, Haik téh katurunan ti Nabi Nuh nu mangrupa moyang ti sakabéh urang Arménia (dumasar kana tradisi Arménia kuna).

Haik nyicing dina sukuna Gunung Ararat[rujukan?], jeung ninggalan Arménia pikeun nulungan diwangunna Munara Babel, wanci manéhna mulih, manéhna diéléhan ku Bel, Raja Babilonia (sababaraha panalungtik nganggap manéhna diéléhan ku Nimrod dina kaping 11 Agustus 2492 SM deukeut dano Van, di kidul Arménia kuna (ayeuna kaasup wewengkon Turki).

Hayq téh nami nu diberéan ka Arménia ku nagara-nagara lian nu ngurilingan manéhna. Nami ieu dibantun ti séké pangkuatna anu nyicingan wewengkon Arménia kuna, jeung ngawastaan manéhna ‘’Armens’’. Tradisionalna nami ieu diturunan ti Armenak atawa Aram (katurunan Haik). Dumasar kana panalungtikan nu dilaksanakeun ti sisi Yahudi jeung Kristen, nami ‘Armenia’ dicandak ti Har-Minni nu hartina Gunung Minni (atawa Mannai). Panjelasan nu dicandak ti wanci pra-Kristen nganggap Nairi, nu hartina taneuh nu dikucuran ku walungan-walungan, téh nami kuno anu dibéré pikeun wewengkon pagunungan nu aya di nagara éta jeung nami ieu digunaan ku bangsa Assyria kira-kira taun 1200 SM; tapi Naskah Behistun nu aya di Iran jeung dilansiran asalna ti taun 521 SM nulisan Arménia.

Sajarah

Arménia geus dicicingan ku manusa ti jaman prasajarah. Arménia téh wewengkon kakaisaran nu loba budayana nepi ka ahir abad 1, jeung wewengkonna ngampar ti Laut Hideung nepi ka Laut Kaspia sarta Laut Meditérania dina jaman pamaréntahan Tigranés Ageung. Tapi lokasi stratégis Arménia nu aya di antara dua banua geus jadi magnét ka loloba panjajah, kaasup bangsa Assyria, Pérsia, Yunani, Romawi, Bizantium, Mongol, Arab, Turki Ottoman, jeung Mongolia. Dina 301 M, Arménia jadi nagara kahiji di dunya nu ngakuan Agama Kristen sabagé agama resmi nagara.

Dina taun 1813 jeung 1828, Arménia modérn (diwangun ti Érivan jeung Karabakh nu masih mangrupa wewengkon kasultanan Pérsia) dijadikeun salah sahiji wewengkon Kakaisaran Rusia pikeun samentara. Ayana Révolusi Bolshévik di Pétrograd ngabisaan Arménia jadi républik merdéka dina waktos nu singket, teras jadi bagian ti Uni Soviét deui. Wewengkon Arménia anu diparéntahan ku Uni Soviét teras digabungkeun jeung wewengkon Géorgia jeung Azerbaijan jadi Républik Sosialis Soviét Transkaukasus dina taun 1922 jeung 1936. Teras dina taun 1936 nepi ka 1991, Arménia jadi wewengkon sorangan salaku Arménia SSR sanajan masih bagian ti Uni Soviét.

Arménia masih boga konflik jeung Azerbaijan ngeunaan Nagorno-Karabakh. Ceuk Armenia, Nagorno-Karabakh jadi bagian ti Azerbaijan lantaran kalakua Stalin nu ngasupkeun wewengkon éta jadi bagian ti Soviét Azerbaijan. Konflik militér antara Arménia jeung Azerbaijan dimimitian dina taun 1988, jeung perang muncak waktos kadua nagara merdéka ti Uni Soviét taun 1991. Dina bulan Méi 1994, waktos gencatan sanjata, angkatan perang Arménia bisa nyokot heunteu ngan Nagorno-Karabakh tapi wewengkon séjénna ogé nu dipapaséaan jeung Azerbaijan jeung dibéjaan sabagé hakna.

Politik

Pamaréntah Arménia netepkeun ngawangun démokrasi parleménter ala kulon salaku dasar ti rupa pamaréntahanna. Rék naon ogé, panempo internasioal geus narosan kaadilan ti pamilihan parlemén jeung présidén Arménia jeung réferéndum konstitusionalna ti 1995, ngomongkeun défisiénsi pamungutan sora, kirangna kokoperasi ku komisi pamilihan, jeung pangurusan daptar pamilihan jeung lokasi pamungutan. Sanajan lolobaanna Arménia katelah meujeuhna salah sahiji nagara anu leuwih pro-démokratik dina CIS (Commonwealth of Independent States).

Parlemén tunggal (atawa Majelis Nasional) diatur ku hiji koalisi tina tilu partéy politik: partéy konsérvatif Républik, Fédérasi Revolusionér Arménia, jeung partéy Nagara Hukum. Oposisi utamina diwangun ku sababawaha partéy alit anu gabung dina Blok Kaadilan.

Urang Arménia raloba nyoraan pikeun merdéka dina réferéndum dina Séptémber 1991. Levon Ter-Petrossian jadi présidén nepi ka Januari 1998, wanci démonstrasi umum ngalawan pamaréntahan manéhna nu teterusan otoritér jeung kawijakan doméstik jeung luarna maksa manéhna mundur. Dina taun 1999, salaku Perdana Menteri Vazgen Sargsian, Juru Omonf Parlemén Karen Demirchian, jeung 6 pajabat lian ditelasan dina panarajangan di Majelis Nasional, nagara ngalaman politik anu heunteu stabil dina hiji wanci. Présidén Robert Kocharian ngurangan karusuhan, jeung ayeuna maréntah jeung didukung ku koalisi parlemén.

Propinsi

Arménia dibagi kana 11 propinsi (marz):

Arménia 
Peta babagian propinsi Arménia
  1. Propinsi Aragatsotn (Արագածոտնի մարզ)
  2. Propinsi Ararat (Արարատի մարզ)
  3. Propinsi Armavir (Արմավիրի մարզ)
  4. Propinsi Gegharkunik (Գեղարքունիքի մարզ)
  5. Propinsi Kotayk (Կոտայքի մարզ)
  6. Propinsi Lori (Լոռու մարզ)
  7. Propinsi Shirak (Շիրակի մարզ)
  8. Propinsi Syunik (Սյունիքի մարզ)
  9. Propinsi Tavush (Տավուշի մարզ)
  10. Propinsi Vayots Dzor (Վայոց Ձորի մարզ)
  11. Yérévan (Երևան)

Basa

Lalobaannana basa Arménia (92%) basa Rusia (8%).

Géografi

Arménia téh nagara kakurung (teu boga wewengkon laut) dina Kaukasus kidul. Lokasina antara Laut Hideung jeung Laut Kaspia. Arménia tepung wates jeung Géorgia di kalér, Azerbaijan di wétan, Iran di kidul, jeung Turki di kulon. Géografisna aya di Asia Kulon, politis jeung budayana, Arménia miripan ka Éropa.[rujukan?] Arménia luasna kirang leuwih 30.000 km2.

Rujukan

Tempo ogé

Tumbu luar

Arménia    Tempo ogé Arménia di Wikivoyage

Citakan:National personifications


Arménia 

Tags:

Arménia ÉtimologiArménia SajarahArménia PolitikArménia PropinsiArménia BasaArménia GéografiArménia RujukanArménia Tempo ogéArménia Tumbu luarArméniaAzerbaijanGéorgiaIranNakhichevanTurkiÉksklave

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Ayu UtamiFotografiSajarahÉlmu bumiJudulTasawufJurudemungKaulinan budak SundaBéklenNike ArdilaKecap kantétan (basa Sunda)Sahadat buhunBasa SundaKartiniAl FatihahKota BandungMeriRépublik Rahayat TiongkokCileuh2004R.E. MartadinataJamaikaPapantingAlamat ngimpiDaptar nagara dumasar populasiNagriGuguritanKamerdékaanRaffi AhmadUrugBitotamaDéwi SartikaBelukRarangkén -eun8 AprilCarita pondokAt TahrimSi Bedog PanjangISO 4217YasinGandrumDongéngRampak SekarCicaléngka2020Kacapi indungPsikologiBandung TVDramaTipografiPaguyuban PasundanFotoPurwakantiInstitut Pertanian BogorTanzaniaProsaBabad CirebonRarangkén ka-Daptar istilah pakarang satoAksara Sunda Baku1200ParisSpéktrum éléktromagnétikMuhammad bin Musa al-Khwarizmi1960AllohBakoColénak🡆 More