Républik Turkménistan (Basa Turkmén:Türkmenistan Respublikasy), diwanoh ogé sabagé Turkménia (Basa Rusia: Туркмения) nyaéta hiji nagara anu aya di wewengkon Asia Tengah, Asia.
Nepi ka taun 1990, Turkménistan tetep kagabung dina konstitusi Uni Soviét, nu namina Républik Sosialis Soviét Turkménistan. Turkménistan tepung wates jeung Iran di kidul, Apganistan di kidul-wétan, Uzbékistan di kalér, Kazakhstan di kalér-kulon, jeung Laut Kaspia di kulon. Wewengkonna kalobaannana mangrupa sagara keusik Karakum. Nagara ieu miboga cadangan gas alam panglobana kalima di dunya.
Türkmenistan Respublikasy Républik Turkménistan | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto — | ||||||
Lagu Garaşsyz, Baky Bitarap,Türkmenistanyň döwlet gimni | ||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Ashgabat | |||||
Basa ngobrol antarsuku | TurkménRusia | |||||
Pamaréntah | Républik (de jure) | |||||
- | Présidén | G. Berdimuhammedow | ||||
Kamerdékaan | ||||||
Aréa | ||||||
- | Total | 488.100 km² (52) mil² | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2005 | 4.952.081 (112) | ||||
- | Sénsus - | - | ||||
- | Kapadetan | 10 /km² (173) /mil² | ||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | US$35,93 miliar (86) | ||||
- | Per kapita | US$7.266 (81) | ||||
Mata uang | Manat (TMM ) | |||||
Zona wanci | (UTC+5) | |||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+5) | ||||
TLD Internét | .tm | |||||
Kode telepon | +993 |
Nepi ka danget ieu, Turkménistan ngagunakeun sistem politik hiji partai. Sistem ieu katempo teu minuhan prinsip-prinsip dasar démokrasi.. Ti mimiti kamerdékaanna ti Uni Soviét, Turkménistan dipingpin ku Saparmurat Atayevich Niyazov. Dina 21 Désémber 2006, anjeunna maot, jeung digentosan ku Gurbanguly Mälikgulyýeviç Berdimuhammedow nu ditunjuk ku Déwan Kaamanan Nagara Turkménistan, liwat pamilihan umum dina 11 Fébruari 2007.
Turkménistan dibagi ka lima propinsi atawa welayatlar (tunggal welayat) jeung hiji wewengkon ibukota. Masing-masing welayat dibagi ka sababaraha etraplar (tunggal etrap).
Propinsi | ISO 3166-2 | Ibukota | Lega | Populasi (2005) | Key |
---|---|---|---|---|---|
Dayeuh Ashgabat | Ashgabat | 470 km2 (180 sq mi) | 871,500 | ||
Propinsi Ahal | TM-A | Anau | 97,160 km2 (37,510 sq mi) | 939,700 | 1 |
Propinsi Balkan | TM-B | Balkanabat | 139,270 km2 (53,770 sq mi) | 553,500 | 2 |
Propinsi Daşoguz | TM-D | Daşoguz | 73,430 km2 (28,350 sq mi) | 1,370,400 | 3 |
Propinsi Lebap | TM-L | Türkmenabat | 93,730 km2 (36,190 sq mi) | 1,334,500 | 4 |
Propinsi Mary | TM-M | Mary | 87,150 km2 (33,650 sq mi) | 1,480,400 | 5 |
Basa Turkmén mangrupa basa resmi di Turkménistan, sanajan tetep loba populasinya nu ngagunakeun basa Rusia keur komunikasi antarétnis. Kira-kira 72% populasina ngagunakeun basa Turkmén, 12% ngagunakeun basa Rusia, 9% ngagunakeun basa Uzbék, jeung 7% ngagunakeun basa nu séjén.
Turkménistan dina daptar Situs Warisan Dunya | |||||
Gambar | Nami | Lokasi | Catetan | Kaping Panambahan | Tipe |
---|---|---|---|---|---|
Merv Kuna | Mary | Dayeuh-Oase utama di Asia Tengah, dina waktos Jalur Sutra | 1995 | Budaya | |
Köneürgenç | Köneürgenç | Runtuhan ibukota Khwarezmia dina abad ka-12 | 2005 | Budaya | |
Bénténg Parthia Nisa | Bagyr, Propinsi Ahal | Salah sahiji ibukota kahiji Kakaisaran Parthia | 2007 | Budaya |
Wiki Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Category:Turkmenistan. |
Tempo ogé Turkménistan di Wikivoyage
Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Turkménistan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.