Papatong

Aeshnidae Austropetaliidae Cordulegastridae Corduliidae Gomphidae Libellulidae Macromiidae Neopetaliidae Petaluridae

Papatong
Papatong
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Artropoda
Kelas:
Ordo:
Odonata
Subordo:
Epiprocta
Infraordo:
Anisoptera

Selys, 1854
Kulawarga

Papatong téh insékta nu asup kana ordo Odonata, subordo Epiprocta, jeung, dina jihat husus, infraordo Anisoptera. Cirina nyaéta panon majemuk nu gedé, dua pasang jangjang ngalangkang, sarta tungtung awak nu panjang.

Kadaharan papatong ilaharna mah reungit, laleur, nyiruan, kukupu, sarta sarupaning insékta leutik lianna. Lingkungan hirup papatong biasana di sabudeureun situ, pasawahan, pokona mah deukeut ka cai, sabab larvana, nu katelah "kini-kini" téa, hirup na cai. Papatong mah tara ganggu, nyoco atawa nyeureud manusa; malah mah, papatong téh gedé pisan ajénna salaku pamangsa nu mantuan ngontrol populasi insékta nu bahya samodél reungit.

Daur hirup

Papatong 
Kini-kini, larva papatong nu hirup di jero cai.

Daur hirup papatong, ti endog nepi ka paéhna nalika geus kolot, rupa-rupa, ti genep bulan nepi ka genep-tujuh taun. Papatong bikang napelkeun endogna dina atawa deukeut cai, misalna dina dangdaunnan/jukut cai. Anu lila mah mangsa jadi kini-kini, dina jero cai, ngarénghap maké insang, sarta ngahakan invertebrata atawa vertebrata lian kayaning lauk leutik jeung buyur. Nalika geus sawawa dina ujud papatong, spésiés nu gedé mah bisa hirup nepi ka opat bulan.

Fakta umum

Catetan rékor

Papatong jaman baheula mah ukuranana leuwih badag batan papatong kiwari. Nu pangbadagna, kapanggih salaku fosil, nyaéta Protodonata nu ngaranna Meganeura monyi ti mangsa Permia, nu bébér jangjangna nepi ka 70–75 cm; bandingkeun jeung papatong jaman kiwari, nu pangbadagna ukur 19 cm, nyaéta papatong éndemik kapuloan Hawaii: Anax strenuus. Spésiés pangleutikna nu kungsi kacatet nyaéta papatong libellulid, Nannophya pygmaea ti Asia wétan, nu bébér jangjangna ukur 20 mm.

Papatong mangrupa insékta panggancangna, bisa nepi ka 60 mph [1]. Papatong Common Green Darner, (Anax junius), mangrupa salah sahiji papatong pangbadagna tur panggancangna, bisa hiber nepi ka 85 km/jam (53 mph).

Tetempoan

Papatong 
Panon papatong

Téténjoan papatong mah hadé pisan, ku ayana struktur panon nu ahéng: 30.000 fasét nu masing-masing mangrupa organ pangrasa cahya nu misah (ommatidia), nu ngahasilkeun panénjo ampir 360°.

Kamuflase

Anyaran ieu kapanggih yén papatong bisa metakeun ilusi optik, nu disebut "kamuflase gerak" (motion camouflage), pikeun ngadodoho insékta séjén nu asup ka jajahanana. Nalika nyerang mangsana, papatong bisa metakeun gerak nu justru kawas nu teu usik, kitu cenah ceuk para panalungtik.

Klasifikasi

Papatong 
Papatong Jarum

Papatong Purba (Anisozygoptera)

Sacara konvénsional, Anisoptera subordona aya gigireun "papatong purba" (Anisozygoptera, dua spésiés hirup kénéh, nu lianna mah geus lastari), tapi anyaran ieu aya katangtuan yén Anisozygoptera téh ngabentuk susunan parafilétik salaku dulur primitif Anisoptera. Ku kituna, Anisoptera diturunkeun kana infraordo, jadi subordo anyar Epiprocta (papatong sacara umum).

Papatong vs. papatong jarum

Papatong 
Papatong buludru Sunda jaluna

Papatong jarum (Subordo Zygoptera) di urang mah sok disaruakeun jeung papatong biasa, padahal béda: papatong jarum mah mun keur eunteup jangjangna tara mébér, béda jeung papatong nu salawasna mébér. Ogé panonna, papatong jarum mah misah, sedengkeun papatong mah ampir paadek. Duanana kaasup Odonata, nu mibanda daur hirup nu sarupa.

Sumber rujukan

  • Dragonfly, Wikipédia édisi basa Inggris per 8 Januari 2006.

Tumbu kaluar

Wiki Basa SundaPapatong 
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Tags:

Papatong Daur hirupPapatong Fakta umumPapatong KlasifikasiPapatong Sumber rujukanPapatong Tumbu kaluarPapatong

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BaluntasMitosBébénténganHalmaCalung jingjingWiki SabandaDiabétes mélitusKamerun1936OksigénBencoySMKS Farmasi YPIB CirebonX (média sosial)KaluaKampung NagaTari MerakBisnisFiksiParahu kumurebArgonAbah AndadinataPeuyeumInjukKartu kréditPrabu Geusan UlunDadapLajaMotor listrikKampung DukuhInvéstasiSatoTaufik FaturohmanAbad ka-19600FPianakanSistim OperasiJoko WidodoKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarÉnsiklopédiRakitan lantipPearson product-moment correlation coefficientAl FatihahWalunganTéhnologiNajisParaseuneuRanginangSawérCareuh bulanPertambanganSahadat buhun15 MaretBaskin-RobbinsYunaniCaiTali saidOto Iskandar di NataWQatarBabasan1215Luncat taliRépublik Rahayat TiongkokBintangKulawargaLiang HeunceutDramaDaptar éntitas subnagaraPerang Dunya II🡆 More