Optimisasi Mesin Panéang

Optimisasi mesin panéang (bahasa Inggris: Search Engine Optimization, biasa disingget SEO) nyaéta runtuyan prosés anu dilakukeun sacara sistematis anu tujuanna ningkatkeun volumeu jeung kualitas trafik kunjungan kana mesin panéang ka ramatloka nu tangtu anu ngamangpaatkeun mékanismeu gawé atawa algoritma mesin panéang.

Tujuan tina SEO nyaéta nempatkeun hiji situs web pikeun posisi pangluhurna, atawa sahenteuna halaman mimiti tina panéangan dumasar kana kecap konci tegesna anu ditargetkeun. Logisna, ramatloka anu anu nempatan posisi pangluhurna mibanda peluang leuwih gedé pikeun meunang pangunjung.

Sajalan jeung beuki mekarna pamangpaatan ramat internét nu jadi média bisnis, kabutuhan tina SEO ogé beuki ningkat. Nempatan dina posisi pangluhurna hasil panéangan bakal ningkatkeun peluang pausahaan pamasaran dumasar loka pikeun meunangkeun palanggan anyar. Ieu peluang dimangpaatkeun sajumlah pihak anu nawarkeun jasa optimisasi mesin panéang anu mibanda basis usaha dina Internet.

Sajarah

Nurutkeun Danny Sullivan, istilah search engine optimization mimiti digunakeun tanggal 26 Juli taun 1997 ku hiji pesan spam nu diposting di Usenet. MAngsa harita algoritma mesin panéang can kompléks nepi ka babari dimanipulasi.

Vérsi awal algoritma panéang dumasar kana informasi nu disadiakeun ku webmaster ngaliwatan meta tag dina kode html ramatloka. Meta tag nyayagikeun informasi ngeunaan kontén nu nyangkaruk dina hiji halaman web ku runtuyan kecap konci (keyword). Sebagéan webmaster ngalakukeun manipulasi ku cara nuliskeun kecap konci nu teu saluyu jeung kontén situs nu sabenerna, nepi ka mesin panéang salah menempatkeun jeung ngaréngking éta situs. Ieu hal ngalantarankeun hasil panéang jadi teu akurat jeung ngabalukarkeun karugian boh pikeun mesin panéang boh pikeun pamaké internét nu miharep informasi nu relevan jeung berkualitas.

Larry Page jeung Sergey Brin, dua mahasiswa doktoral ilmu komputer Universitas Stanford, ngusahakeun ngungkulan éta pasualan ku cara ngawangun Backrub, hiji mesin panéang sederhana nu ngandelkeun itungan matématika pikeun ngaréngking ramatloka. Algoritma téh dingaranan PageRank, mangrupa fungsi matématika nu kompléks nu mangrupa kombinasi antara itungan jumlah link nu ngarah kana hiji ramatloka ku analisis pikeun kualitas masing-masing éta link.

Optimisasi Mesin Panéang 

Tags:

AlgoritmaBasa InggrisRamatloka

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SisingaanWawancaraCaplakÉmansipasiPanata acaraGosaliNagriPeer to PeerRékayasaSajarahHukumBéklenKidang KawisayaCucungukBaskin-RobbinsBelukMingguWaditraMantra SundaAksara Sunda BakuJayadrataJagatAl-HijrPatempatanGunungrejo, Way Ratai, PesawaranEmbéBungbu dapurNgadu kaléciGéorgiaZoologiAreuySatéKabudayaan SundaBasa BenggalaMaskumambangCOVID-19ÉlmuBabad Banten1927Kecap barang5 NopémberBabak (téater)Malaysia AirlinesOray-OrayanTempuyung5 DésémberKampung MahmudDomba Garut5 MaretNagoya, AichiGuangxiPerang Dunya IIAlgoritmaDian SastrowardoyoTujuh BulananSamsungCileuhPurwakanti13 MaretKabuyutan CiburuyPerjangjian internasionalRépublik Rahayat TiongkokBasisir GadingNyiruan1533AprilMunggahanPaninggaranHermann StaudingerBaduyBasa ArabRépublik Arménia (1918-1920)Suffolk🡆 More