Nikola Tésla

Nikola Tesla nyaéta saurang élmuwan nu revolusioner dina widang ilmiah listrik sarta magnetisme.

Nikola Tesla
Nikola Tésla
"Jika kau ingin menemukan rahasia dibalik semesta, berpikirlah dalam terminologi energi, frekuensi dan getaran.."
– Nikola Tesla
GumelarNikola Tesla
10 Juli 1856
Smiljan, Kekaisaran Austria (kiwari Kroasia)
Tilar dunya7 Januari 1943 (yuswa 86)
New York City, New York, Amerika Serikat
AtikanUniversitas Teknologi Graz (teu dituluykeun)
PagawéanPenemu, pebisnis
Tanda tanganNikola Tésla

Pamanggih nu gedé ajena dina salila hirupnya tayalian arus A/C, nu dimangpaatkeun dina sagala widang téhnologi nepi ka kiwari. Nikola Tesla bisa disebut ogé ahli fisika, téhnisi mékanika, mindeng dianggap jalma jenius nu pamikiranna kapangurahan ku saurang tehnisi dina abad ka 19 – abad ka 20. Tesla ogé kasohor kungsi ngayakeun hiji uji coba maké listrik tegangan sarta frékwénsi gedé, maténkeun pamanggihna dina komunikasi radio, sarta sinar-X.

Ku ieu jasa pamanggih Tesla, urang kiwari bisa lalajo TV, HP, ngadéngékeun radio, maké komputer, robot, lomari És, motor listrik, jeung sajabana. Sanajan kitu aya ogé hasil tina usahana nu tacan réngsé tayalian transmisi atawa ngirimkeun listrik ka unggal benua kalawan teu maké kabel, nu katelah proyék menara Wardenclyffe.

Sajarah

Nikola Tesla (10 Juli 1856 - 7 Januari 1943) saurang inventor, insinyur listrik, insinyur mesin, fisikawan, sarta futuris asalna ti Serbia-Amerika. Tesla mimiti digawé dina widang telepon jeung listrik saméméh mumbara/beremigrasi ka Amerika Serikat dina taun 1884 digawé di tempatna Thomas Edison.

Tesla anak ka opat tina lima sadulur, lanceukna Dane sarta tilu dulurna awéwé : Mika, Angelina, jeung Marica. Dane tilar dunya alatan kacilakaan tina kuda, harina Tesla umurna masih kénéh lima taun. Sakola SD Tesla di Smiljan, di dieu manéhna diatik rupa-rupa pangaweruh : basa Jerman, aritmatika, ageman jeung sajabana. Taun 1862 Tesla pindah ka Gospic, Lika alatan nuturkeun nujadi bapa nu tayalian saurang pendéta.

Taun 1870 pindah deui ka Karlovac di dieu manéhna nuluykeun sakola SMA perenahna di Gymnasium Karlovac, disakola ieu maké basa Jerman ku alatan masih kénéh dina pangaping Militärgrenze Austria-Hungaria. Nyadi dieu Tesla ngarasa kataji ku demonstrasi ngeunaan listrik nu dilaksanakeun ku profesorna, manéhna nulis yén ieu demonstrasi mangrupa hiji kajadian misterius nu ngarojong Tesla hayang nyaho leuwih jauh.

Taun 1873, Tesla balik deui ka lemburna di Smiljan, teu kungsi lila ti harita manéhna katerap kasakit koléra, ngalempréh parna salila salapan bulan, mun dengdek kukulinciran mah geus teu ku hanteu. Bapana Tesla cacarékan sajerong kaayaan kaweur nempo kaayaan nu jadi anak, lamun seug Tesla cageur manéhna jangji baris nyakolakeun Tesla di sakola téhnik nu pang hadéna sok padahal dina jero haténa hayang Tesla jadi Pandeta kawas manéhna.

Taun 1874 Tesla kabur ka Tomingaj dekat Gračac ari maksud pikeun nyingkahan sangkan henteu dijadikeun tentara Austria-Hungaria, kukurubutan ka jero leuweung kituna téh bari maké baju paninggaran. Dina pikirna hirup deukeut jeung alam bisa méré pangaruh alus kana kakuatan awak jeung pikiranna, di Tomingaj Tesla loba maca buku sarta nyebutkeun bukuna Mark Twain geus ngabantu nyageurkeun panyakitna ku jalan teu kanyahoan. Tesla sakola di Universitas Teknologi Graz di Graz, Australia tina beasiswa Militer Frontier. Tesla nu calakan di sakolana, meunang peunteun tina ujianna pang alusna ti sasakola malahan angkana dua kali lipet tina angka nu di kudukeu ku sakolana.

Pamanggih Tesla nu paling kakoncara tayalian (tesla coil) nu bisa ngahasilkeun kembang seuneu nepi ka 40 méter panjangna, sarta ngahurungkeun lampu jalan nepika sajauh 40 km kalawa henteu maké kabel ku lantaran frékwénsi listrik nu kacida gedéna. Aya ogé telegraf nu henteu maké kabel, kungsi dicobaan di punclut Pike ka Paris.

Dicutat tina

Tutumbu kaluar

Wiki Basa SundaNikola Tésla 
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]
Wiki Basa SundaNikola Tésla 
Wiki Commons logo
Wiki Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Nikola Tésla 

Tags:

ListrikÉlmuwan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BayernKarajaan Ngahiji22 AprilAli AgremKoporasi MicrosoftRambutanTapak limanCileuhTipografiTaratasGegetukPadalisanPurwakantiGuadelupPiala IntercontinentalUzbékistanSisindiranTolombongParibasaHihileudeunSeniKemisBabad CirebonSurabiAgum GumelarRarangkén si-1997AkiBajigurPulo PaskahRampak SekarRamatlokaKecap (basa Sunda)Nagorno-KarabakhLeuweungGandrumRarangkén -anEmasDéwi SartikaDangdingSuriahRarangkén -naNorwégiaJawa KulonOasisApotekKasingsatBiografi5 AprilOrdo (Biologi)FotografiRaffi AhmadMantra SundaMuaraAwugLiniBayahNomer Buku Standar InternasionalBabasanSungkemKampung adat CireundeuBandrékSatelit KomunikasiGoongTahu SumedangMonologBacang (kadaharan)Iwan FalsOpakBangbara🡆 More