Kong Hu Cu atawa Kung Fu Tze atawa Konfusius, sakapeung mindeng ogé disebut Kongcu (Hanzi: 孔夫子、孔子, hanyu pinyin: Kongfuzi、Kongzi) (551 SM – 479 SM) nyaéta saurang guru atawa jalma wijaksana anu kaceluk sarta ogé filsuf sosial Tiongkok.
Falsafahna mentingkeun moralitas pribadi sarta pamaréntahan, sarta jadi populér alatan dasarna anu kuat dina sipat-sipat tradisonal Tionghoa. Ku para pangagem ageman Kong Hu Cu, manéhna diaku minangka nabi.
Pangaruh Kong Hu Cu kana peradaban Tiongkok henteubisa dianggap énténg; ajaranana geus ngalegaan ka Jepang, Koréa sarta Viétnam, hususna ngaliwatan Konfusianisme, doktrin anu dimekarkeun murid-muridna sarta para koméntator.
Kong Hu Cu nyaéta anak bungsu Shu Liang He. Manéhna miboga 9 lanceuk awéwé sarta saurang lanceuk lalaki anu cacad suku nu ngaranna Meng-pi. Indungna ngaranna Yan Zheng Zai. Manéhna lahir tanggal 27 Ba Yue (bulan 8) 551 Saméméh Maséhi di nagri Lu, Dayeuh Zou Yi, Désa Chang Ping di léngkob Kong Song (kiwari jazirah Shandong dayeuh Qu Fu). Ngaran leutikna nyaéta Qiu anu hartina pasir kalayan landihan Zong Ni nu hartina anak kadua ti pasir Ni, manéhna kawin ka puteri Nagri Song anu boga marga Jian Guan. Tina hasil kawin ieu, Kong Hu Cu boga anak anu dingaranan Li anu hartina lauk guramé kalayan landihan Bo Yu. Dibéré ngaran kitu alatan dina kalahiran anakna ieu manéhna geus dibekelan lauk guramé ku Raja Ngora Nagri Lu anu ngarannaa Lu Zhao Gong. Sajaba Li, Kong Hu Cu masih miboga dua urang anak awéwé nu mana anu saurang jadi pamajikan Gong Ye Chang, murid manéhna.
Karya-karya Kung Fu Tze bisa dibédakeun jadi dua golongan, kahiji mangrupa hasil ringkesan anu sawatara karya-karya anu dianggap penting dina ngahontal kaharmonisan. Kadua mangrupa hasil karya para muridna anu eusina ngeunaan ucapan-ucapan Kung Fu Tze ka murid-muridna.
Di handap ieu guaran ti golongan kahiji, nyaéta:
a.Shih Ching (Buku ngeunaan Puisi) Mangrupa kumpulan tulisan anu diwangun ku 305 pupujian dina sagala rupa bahasan, sarta di jerona aya 6 anu ngagunakeun musik sarta judul tanpa teks. Kumpulan tulisan ieu umumna asalna ti mangsa mimiti dinasti Chou, saméméh Kung Fu Tze.
b.Shu Ching (Buku ngeunaan Sajarah) Mangrupa kumpulan dokumén sajarah anu dimimitian ti proklamasi raja Yao (2757 – 2258 SM) nepi ka Bangsawan Mu ti Chi (659 – 621 SM)
c.I Li (Buku ngeunaan Upacara) Mangrupa buku anu eusina kumpulan upacara-upacara sarta aturan-aturan anu kudu diturut ku masarakat dina kahirupan sapopoé dimangsa féodal.
d.I Ching (Buku ngeunaan Parobahan) Mangrupa kumpulan tulisan anu ngajelaskeun ngeunaan prinsip-prinsip kosmis sarta évolusi sosial anu didasarkeun kana torahan kalayan ngagunakeun oktogram.
e.Yueh Ching (Buku ngeunaan Musik) Mangrupa kumpulan tulisan anu dikumpulkan dina mangsa saméméh Dinasti Han, tapi dina mangsa kamekaranana aya sawatara bab anu leungit, sarta leuwih dipikawanoh minangka Li Chi.
f.Ch’un Ch’iu (Usum Semi jeung Usum Gugur) Mangrupa kritik sajarah ngeunaan pulitik salila pamaréntahan 12 Bangsawan ti nagara Lu.
Sarta karya-karya anu kaasup golongan kadua nyaéta kieu:
a.Lun Yu (Analects) Mangrupa kumpulan catetan obrolan antara Kung Fu Tze jeung murid-muridna.
b.Chung Yung (Doktrin ngeunaan Ajaran Jalan Tengah) Mangrupa kumpulan ujaran Kung Fu Tze ngeunaan jalan tengah (Tao). Tao mangrupa inti poko ti kabéh pamikiran Cina. Kitab ieu disusun ku Tzu Ssu (492 – 431 SM) anu mangrupa incu ti Kung Fu Tze
c.Ta Hsueh (Ajaran Agung) Eusina ngeunaan ajaran-ajaran Kung Fu Tze. Kitab ieu disusun ku Tseng Tzu (505-436 SM), ti Tseng Tzu ieu pisan terus laju ka murid séjénna, kaasup Tzu Ssu (492-431 SM) milu andil dina nuliskeun omongan Kung Fu Tze anu ogé mangrupa guru ti Meng Tzu.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kong Hu Cu, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.