prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua ciri utama nyaéta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sematis)
Adegan kecap Kantétan
Kecap kantétan umuna miboga adegan, di antarana :
- Diwangun ku dua unsur nu disebut leksem : pakan kundang
- Patali unsur-unsurna mibanda sifat :
- Katanseselan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian. Conto : ngégél curug → ngégél (kana curuk)
- Katanmulangan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun sabab sok robah jadi frasa. Conto : gedé hulu → hulu gedé
- Katanjembaran, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dijembaran sewang-sewangan tapi kudu duanana. Conto : huleng jentul → panghuleng jentulna, panghulengna jentul, huleng pangjentulna.
Rupa Kecap Kantétan
Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri nyaéta harti anu béda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Conto : Amis budi, hartina lain budina anu amis tapi ‘marahmay/someéh’
Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nyaéta rakitan dalit (kompositum) jeung rakitan anggang (areksi)
- Rakitan dalit nyaéta kecap kantétan anu sifatna eksosentris, patali unsur-unsurnageus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu béda harti ti unsur-unsurna. Ku kituna distribusina teu sarua jeung salah sahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : panonpoe, kacapiring, parahulu,jsb
- Rakitan anggang nyaéta kecap kantétananu sifatna endosentris, patali unsur-unsurna can awor pisa, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salah sahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : seuri koneng, taleus ateul, indung bapa, jeung panon hideung.
Dumasar kana cara pangwangunna
Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna :
- Kantétan kecap jeung kecap, contona: julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.
- Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.
- Kantétan cakal jeung cakal, contona: adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.
- Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.
- Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.
Referensi
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kecap kantétan (basa Sunda), which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.