Géorgia

Géorgia (საქართველო Sakartvelo dina basa Géorgia; dikenal ti 1990 nepi ka 1995 sabagé Républik Géorgia) mangrupa hiji nagara transbanua di wétan Laut Hideung di kidul Kaukasus antara banua Éropa jeung banua Asia.

    Géorgia ogé mangrupa ngaran nagara bagian di Amérika Sarikat, tempo Géorgia, Amérika Sarikat.

Bekas républik di Uni Soviét ieu tepung wates jeung Rusia di kalér, Turki di kidul-kulon, Arménia di kidul sarta Azerbaijan di wétan. Lega wewengkon Géorgia 69.700 km², populasina 4,4 yuta (teu kaasup Abkhazia jeung Ossétia Kidul), 84% ti populasina étnisna Géorgia.

საქართველო
Sakartvelo
Bandéra Géorgia Lambang Géorgia
Motto
ძალა ერთობაშია; Dzala ertobashia
(Basa Géorgia: "Kakuatan liwat Kahijian")
Lagu
Tavisupleba
Location of Géorgia
Location of Géorgia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Tbilisi
Basa resmi Basa Géorgia
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Salome Zurabishvili (სალომე ზურაბიშვილი)
 -  Perdana Menteri Irakli Kobachidze (ირაკლი კობახიძე)
Kamerdékaan
 -  Ti Uni Soviét 9 April 1991 
Aréa
 -  Total 69.700 km² (119)
 mil² 
Populasi
 -  Perkiraan  2006 4.661.000 (113)
 -  Sénsus -
 -  Kapadetan 67 /km² (101)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$14,26 miliar (124)
 -  Per kapita US$2.774 (127)
Mata uang Lari (GEL)
Zona wanci (UTC+4)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+4)
TLD Internét .ge
Kode telepon +995

Sajarah

Dina sajarah, Géorgia ditalukan ku karajaan-karajaan Muslim sababaraha kali. Tbilisi (ibu kota) ditalukan ku urang-urang Arab dina abad ka-8 jeung masarakat Muslim nyicing di ditu. Dina abad ka-8, Turki Ottoman jeung Iran Safavi (urang-urang Pérsia) maréntahan Géorgia.

Dina éra Soviét, Undang-undang Islam (Syariah) jeung Pamaréntahan dihupus dina taun 1926. Tapi ngedéukeutan taun 1930, hiji kompromi nu diboga méréan urang-urang Muslim kamerdékaan nu pasti. Dina Perang Dunya II, Pamaréntah Soviét ngawangun Déwan Agama Muslim pkeun ngadalikeun umat Muslim di sapanjuru wewengkon éta. Sababaraha urang Muslim didéportasi (dumasar kana étnisna) jeung déportasi éta sabenerna lumangsung nepi ka ahir abad ka-20.[rujukan?]

Démografi

Aya 3 kalompok populasi Muslim utama: étnis Azeri (di wewengkon-wewengkon pijeroan jeung Tbilisi), étnis Muslim Géorgia di Ajara (di bagian Kidul-Kulon), jeung étnis Chécén Kists di kalér-wétan. Saban séké utama ieu miboga hiji kasang tukang sajarah nu béda.

Islam masih mibanda pangaruh gedé di wewengkon éta. Aya tujuh Madrasah (sakola agama Islam) di Géorgia.[rujukan?] Sababraha mangrupa Shi'ite, dibiayaan ku kalompok-kalompok agama Islam, teras anu séjénna mangrupa Suni jeung dibiayaan ku kalompok-kalompok Turki.

Pambagian administratif

Géorgia dibagi kana 53 propinsi, 11 kota, jeung 2 républik otonomi:

  • Républik Otonomi: Abkhazia, Ajaria
  • Kota: Batumi, Chiatura, Gagra, Gori, Kutaisi, Poti, Rustavi, Sokhumi, Tbilisi, Tq'ibuli, Tsq'altubo, Tskhinvali
  • Distrik: Abasha, Adigeni, Akhalgora, Akhaltsikhe, Akhmeta, Ambrolauri, Aspindza, Baghdati, Bolnisi, Borjomi, Chkhorotsq'u, Chokhatauri, Dedoplistsq'aro, Dmanisi, Dusheti, Gardabani, Gurjaani, Java, Kareli, Kaspi, Kharagauli, Khashuri, Khobi, Khoni, Lagodekhi, Lanchkhuti, Lentekhi, Marneuli, Martvili, Mestia, Mtskheta, Ninotsminda, Oni, Ozurgeti, Q'azbegi, Q'vareli, Sachkhere, Sagarejo, Samtredia, Senaki, Sighnaghi,Telavi, Terjola, Tetritsq'aro, Tianeti, Tsageri, Tsalenjikha, Tsalka, Vani, Zestaponi, Zugdidi

Géografi

Géorgia 
Peta Géorgia

Kota-kota gedé di Géorgia di antarana:

  • Tbilisi - 1.066.100 jiwa (wewengkon kotaan 1.270.800)
  • Kutaisi - 183.300
  • Batumi - 116.900

Simbul-simbul heubeul

Géorgia 
Bandéra lami Géorgia
Géorgia 
Lambang lami Géorgia

Bandéra lami Géorgia digunakeun ti 1991 nepi ka 25 Januari 2004. Éta ogé pernah digunakeun ti 1918 nepi ka 1921. Lambang lami digunakeun ti 1918 nepi ka 1921 jeung ti 1991 nepi ka 2004.

Basa

Géorgia Sirilik 93%; Rusia 7%.

Tumbu luar

Géorgia    Tempo ogé Géorgia di Wikivoyage



t·s·é
Nagara nu tepung wates jeung Laut Hideung


Géorgia 

Tags:

Géorgia SajarahGéorgia DémografiGéorgia Pambagian administratifGéorgia GéografiGéorgia Simbul-simbul heubeulGéorgia BasaGéorgia Tumbu luarGéorgia19901995AbkhaziaArméniaAsiaAzerbaijanKalérKaukasusKidulOssétia KidulRusiaTurkiUni SoviétWétanÉropa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

23 AprilKaranganPertambanganBeusiGula kawungHantapKaréta api MalabarAjianPrancisCumbok Niwa, Sakti, PidieLayungAgus SalimMaén balÉkahPiagam JakartaKecap (basa Sunda)Gumiwang, Purwanegara, BanjarnegaraDialogBapaPiteket KebantenanHayam WurukÉrie SuzanDéménsiaUTC362 SMPaparikan1 DésémberAn-NahlNomer Buku Standar InternasionalBismillahAbah AndadinataLaukKecap sulur20 AprilCaliforniaHonjé leuweungᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥPacilinganThailandAksara Sunda KunaAt TakatsurWalotBukit Gemuruh, Way Tuba, Way KananPapaisWorld Trade OrganizationSan MarinoTalenanAbad ka-131820SawahLentongSistim koordinat géografiSuku (biologi)1803806 SMSalésmaMamaliaGeutahPulitikBawang beureumParasitAyakanPurchasing power parity.guKecap rundayan (basa Sunda)Abad ka-6 SMKaluaKihkir🡆 More