Duplex

Duplex nyaéta hiji istilah dina widang telekomunikasi anu ngarujuk kana komunikasi dua arah.

Duplex
Cara gawé transmisi Simplex, full duplex, sarta Half duplex

Aya dua padika duplexing, nyaéta

  • Full-duplex
  • Half-duplex

Full-duplex

Dina komunikasi full-duplex, dua pihak anu silih komunikasi baris ngirimkeun informasi sarta nampa informasi dina waktu anu sarua, sarta umumna merlukeun dua jalur (kanal) komunikasi.

Komunikasi full-duplex ogé bisa dihontal ku ngagunakeun téknik multiplexing, di mana sinyal anu ngarambat dina arah anu béda baris disimpen dina slot waktu (time slot) anu béda. Kakurang téknik ieu téh nyaéta téknik ieu ngurangan laju transmisi anu bisa nepi ka satengahna.

Half-duplex

Half-duplex mangrupa hiji mode komunikasi di mana data bisa dipancarkeun atawa ditarima sacara dua arah tapi henteu bisa sacara babarengan. Conto pangbasajanna nyaéta walkie-talkie, di mana dua pamakéna kudu mencét hiji tombol pikeun ngomong sarta ngaleupaskeun pencétan pikeun ngadéngékeun sora batur ngomongna. Sabot dua urang ngagunakeun walkie-talkie pikeun komunikasi dina hiji waktu nu tangtu, ngan salah sahiji di antara maranéhanana anu bisa ngomong samentara pihak séjénna ngadéngé. Lamun duanana nyoba pikeun ngomong sacara babarengan, kaayaan "collision" (tabrakan) bakal lumangsung sarta kadua pamaké walkie-talkie kasebut henteu bisa silih regepkeun naon anu dikirimkeun ku batur ngomongna.

Tempo ogé Simplex.

Tags:

KomunikasiTelekomunikasi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

NarkobaLisénsi Dokumén Bébas GNUÉlmuᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ16 NopémberDaptar istilah pakarang satoAnies BaswédanFluoksetin1966Karajaan NgahijiDaptar istilah ngeunaan sasatoanDewa NiskalaFormaldehidaKalibrasiCiréngCalingcing1200WawacanKecap kantétan (basa Sunda)UrugWawancaraBintinuBakoLiftPanamaArsitekFotoKaréta api Kutojaya SelatanLambangMencekDéwi SartikaDésa1030-anSerena (Pokémon)Popong Otje DjundjunanKaréta api BengawanDongéngTom and JerryEduard Douwes DekkerAnak pausahaanGrace KellyKaréta api JoglosemarkertoDodolStasion PurwokertoCai tawarSahadat buhun15 JuliLentongAyu Ting TingSulawesiKi hiang20 JuniAndi Sultan Daeng RadjaBadak sunda1 NopémberMalaékatOto Iskandar di Nata1065Kabupatén Pangandaran1362001 FC90Perang Dunya IITaucoWolPulo Paskah🡆 More